x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka 18 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Jumat, 24 Jul 2026 00:25 8 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 18

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Sajungna Hamdan indit,  hujan ahirna eureun. Tapi dina dada Pak Hadi mah masih karasa hujan.  Anu tutas ka lakonan masih ngalangkang. Masih asa lumangsung.

Kabayang keneh, Di teras imah Pak Hadi, dua lalaki calik pahareup hareup. Teu aya jarak jiga bapa jeung anak. Anu aya mah dua jalmi anu sami-sami nyeri.

Kabayang deui waktu Pak Hadi narik napas panjang. “Dan… calik heula. Kuping keun bapa.”

Hamdan diuk. Panonna masih beureum.

“Bapa nyaho bapa salah. Lila ninggalkeun. Teu neang, teu ngirim, teu nanya kabar. Bapa jalma pangdorakana di dunya ieu,” ceuk Pak Hadi bari sora na serak.

Hamdan cicing balem.

“Tapi ayeuna bapa geus kapanggih deui jeung hidep. Sanajan telat, sanajan ku cara kieu. Bapa teu maksa maneh nyebut ‘bapa’. Bapa ngan ukur hayang jadi jalma anu tanggung jawab,” Pokna Pak Hadi.

Anjeunna nyodorkeun sapotong kertas. Eusina rekening jeung surat jaminan kuliah.

“Yeuh Dan. Bapa janji. Biaya kuliah maneh, nepi ka rengse, bapa anu nanggung. Sakola nu bener. Masantren nu rajin. Ulah dipikirkeun duit. Pikirkan masa depan maneh.”

Hamdan ngahuleng ningali kertas eta.

“Aya hiji sarat, Dan,” ceuk Pak Hadi bari nyekel leungeun Hamdan. “Saratna hiji: hidep ulah eureun ngaji. Pagi kuliah, sore ngaji, malam sujud. Mun ilmu dunya jeung ilmu agama saimbang, hirup urang bakal salamet. Dunya meunang, akhirat meunang.”

Kecap “ngaji” eta ngena pisan. Ngingetkeun kana Tajug di lembur. Ngaji jeung indungna diuk di saung.

“Pak… abdi…” sora Hamdan halon tapi cukup ngageter.

“Bapa nyaho hidep kuciwa. Bapa nyaho  hidep nyeri. Tapi ulah ku amarah urang ngancurkeun masa depan  sorangan. Buktikeun ka dunya, yen anak anu bapana ninggalkeun… bisa jadi jalma anu leuwih hade tibatan bapana,” ceuk Pak Hadi bari mesem campur kasedih.

Hamdan nutup panon. Dina hate aya perang. Antara gengsi jeung kahayang pikeun maju. Antara nyeri ka bapa jeung doa indungna anu salawasna nyarita:

“Dan, sing hade ka saha wae, kaasup ka bapa maneh.”

Lila pisan. Tuluy Hamdan ngagodeg silahkan lalaunan.

“Abdi… abdi bade cobian, Pak. Abdi tetep bade kuliah di Cianjur, Abdi bade ngaji. Tapi sanes kusabab duit Bapa. Tapi kusabab abdi hayang ngabuktikeun, yen abdi anak anu kuat.”

Pak Hadi seuri bari neteskeun cai panon. “Alhamdulillah… eta anyar ngaranna lalaki.”

Malam eta, pikeun Hamdan sare di imah bapana estu kakara pisan, Sanajan dina hate masih aya ganjel, tapi léngkahna tos pasti.

Kuliah. Ngaji. Kerja. Buktikeun.

Tapi teu kungsi lila, Pak Hadi sadar gening dirinya geus diuk sorangan bari taya sasaha anu maturan….. Anu bieu ngan saukur bayangan. Hamdan jeung mang Kardi memang geus teu aya mulang deui ka Cianjur….

Hanca deui gening, kumaha atuh bagian 19 na..

 

Terjemahan ke bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH
Bagian ke-18
Karya: Wan Kusmiran Dipraja

 

Setelah Hamdan pergi, hujan akhirnya berhenti. Namun di dada Pak Hadi, hujan masih terasa. Apa yang baru saja terjadi masih membayang. Masih terasa seperti sedang berlangsung.

Terbayang lagi, di teras rumah Pak Hadi, dua pria duduk berhadapan. Tidak ada jarak seperti ayah dan anak. Yang ada hanyalah dua insan yang sama-sama terluka.

Terbayang lagi saat Pak Hadi menarik napas panjang. “Dan… duduk dulu. Dengarkan Bapak.”

Hamdan duduk. Matanya masih merah.

“Bapak tahu Bapak salah. Lama meninggalkan. Tidak mencari, tidak mengirim kabar, tidak menanyakan kabar. Bapak orang paling durhaka di dunia ini,” kata Pak Hadi dengan suara serak.

Hamdan diam membisu.

“Tapi sekarang Bapak sudah bertemu lagi denganmu. Meskipun terlambat, meskipun dengan cara seperti ini. Bapak tidak memaksa kamu menyebut ‘Bapak’. Bapak hanya ingin menjadi orang yang bertanggung jawab,” ucap Pak Hadi.

Beliau menyodorkan selembar kertas. Isinya rekening dan surat jaminan kuliah.

“Ini, Dan. Bapak janji. Biaya kuliahmu, sampai selesai, Bapak yang menanggung. Sekolah yang benar. Pesantren yang rajin. Jangan dipikirkan uangnya. Pikirkan masa depanmu.”

Hamdan terdiam melihat kertas itu.

“Ada satu syarat, Dan,” kata Pak Hadi sambil memegang tangan Hamdan. “Syaratnya satu: kamu jangan berhenti mengaji. Pagi kuliah, sore mengaji, malam sujud. Jika ilmu dunia dan ilmu agama seimbang, hidup kita akan selamat. Dunia dapat, akhirat dapat.”

Kata “mengaji” itu sangat menyentuh. Mengingatkan pada Tajug di kampung. Mengaji bersama ibunya duduk di saung.

“Pak… aku…” suara Hamdan lirih namun cukup bergetar.

“Bapak tahu kamu kecewa. Bapak tahu kamu terluka. Tapi jangan dengan amarah kita menghancurkan masa depan sendiri. Buktikan pada dunia, bahwa anak yang ayahnya tinggalkan… bisa menjadi orang yang lebih baik dari ayahnya,” kata Pak Hadi sambil tersenyum campur sedih.

Hamdan menutup mata. Di hati ada perang. Antara gengsi dan keinginan untuk maju. Antara sakit hati pada ayah dan doa ibunya yang selalu berkata:

“Dan, berbuat baiklah pada siapa saja, termasuk pada ayahmu.”
Lama sekali. Lalu Hamdan mengangguk perlahan.

“Aku… aku akan mencoba, Pak. Aku tetap akan kuliah di Cianjur, Aku akan mengaji. Tapi bukan karena uang Bapak. Tapi karena aku ingin membuktikan, bahwa aku anak yang kuat.”

Pak Hadi tertawa sambil meneteskan air mata. “Alhamdulillah… itu baru namanya laki-laki.”

Malam itu, bagi Hamdan tidur di rumah ayahnya benar-benar baru pertama kali. Meskipun di hati masih ada ganjalan, namun langkahnya sudah pasti.

Kuliah. Mengaji. Bekerja. Membuktikan.

Tapi tak lama kemudian, Pak Hadi sadar ternyata dirinya sudah duduk sendirian tanpa ada yang menemani….. Yang barusan hanyalah bayangan. Hamdan dan Mang Kardi memang sudah tidak ada lagi kembali ke Cianjur….

Dilanjutkan lagi, bagaimana kelanjutan bagian 19..

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x