x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-14 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Sabtu, 18 Jul 2026 08:01 6 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 14

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Poe Iaukna Isuk-isuk keneh, di imah panggung Hamdan tos riweuh.  Mang Kardi geus siap siap niapkeun karung eusina cau galek jeung rantang nu dieusi daging Hayam kampung.

“Dan! Gancang mandi! Urang ka Jakarta ayeuna,” ceuk Mang Kardi bari nyusut kesang anu mgagarajag dina tarangna jiga balas cape pisan.

Hamdan kaget. “Ka Jakarta, Pak? Bade naon?”

“Bade setor hasil panen cabe jeung pare ka Juragan Hadi. Jalma anu boga kebon anu ku urang garap. matak bisi hidep terus ngalamun di imah. Mending milu, ngarasakeun hirup di kota. Ngubaran hate,” jawab Mang Kardi bari seuri semu ngupahan.

Hamdan diuk deui. Kaciri rada kerung bangun Mikir. Sok komo  Hate masih nyeri ku omongan Maya ngeunaan Syarifah anu bade dijodokeun. Tapi manehna oge tos janji ka diri sorangan di makam indungna: kudu usaha, kudu buktikeun diri.

“Tos Pak abdi milu,” ceuk Hamdan ahirna bari nangtung.

Perjalanan 6 jam ti Cianjur ka Jakarta ku waktu harita karasa jauh.

Dina angkot, di bus, Hamdan ngan ukur diem. Ningali sawah anu lila-lila geus loba anu robah jadi pabrik jeung ruko.

Barang nepi di Jakarta, manehna kaget. Gedong-gedong luhur, motor jeung mobil  kacida pabaliut, apanan Hamdan mah kakara harita milu ka Ka jakarta na.

“Eta nya Jakarta, Dan. Kota anu matak jalma poho ka imah… tapi bisa oge matak jalma inget ka cita-cita,” ceuk Mang Kardi.

Tujuanana ka gudang badag di pinggir Jakarta. Di dinya tos ngantosan saurang lalaki baju batik, awakna ageung,  pakulitan bodas bersih tapi estu someah. Ngahayap bari seuri na manis.

“Assalamualaikum, Pak Hadi,”  pokna Mang Kardi hormat.

“Waalaikumsalam, Kardi. Oh ieu budak teh ? Hamdan nya?” ceuk Pak Hadi bari nyodorkeun leungeun. Kaciri Romana ngadadak semu sedih campur bungah.

Hamdan salim. “Muhun, Pak. Abdi Hamdan.”

Pak Hadi nyaah. “Bagus. Budak ngora kedah wani kaluar. Ulah di lembur wae. Kebon urang di Cianjur eta titipan. Mun hasilna sae,  apan Mang Kardi meunang bagian leuwih.”

Saterasna mang kardi setor duit cenah hasil panen.  Sedengkeun tutas rengse babalitungn, Pak Hadi ngajak maranehna dahar di hiji roangan anu toa di sadiakeun. Sambil ngobrol, Pak Hadi nyarita:

“Bapa ti heula oge budak kebon, Dan.” Pokna ka Hamdan.

Terus nyarita deui ” Tapi Diusir ku batur, dihina ku batur. Tapi  Bapak milih kabur ka kota, gawe, ngaji, ngadoa. Ayeuna Alhamdulillah. Jadi inget Dan… mun bener-bener bogoh, ulah ku omongan. Buktikeun ku hasil.”

Kecap eta ngena pisan ka hate Hamdan.

Wengi na maranehna nginep di musola deukeut gudang. Sanajan diajak ka imahna Pak Hadi, mang Kardi mugen embung. Atuh Hamdan oge ka paksa ngilu di mushola.

Samemeh sare, Hamdan sujud lila.

“Ya Allah… mugi anjeun mapaparin abdi jalan. Upami Jakarta ieu jalan abdi pikeun jadi jalma anu dipikahormat… tunjukkeun, Ya Allah.”

Di luar, lampu kota caang pisan. Beda pisan jeung caang lampu minyak di lembur.

Dina hate Hamdan, aya hiji tekad anyar anu tumuwuh.

Teu deui jadi budak anu ngan ukur bisa ngadoa di Tajug.

Tapi jadi lalaki anu bade balik ka lembur mawa hasil, mawa harga diri.

Deuh  nyambung ka bagian 15

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-14

Karya: Wan Kusmiran Dipraja

 

Pagi-pagi sekali, di rumah panggung Hamdan sudah ramai. Mang Kardi sudah bersiap menyiapkan karung berisi pisang tanduk dan rantang berisi daging ayam kampung.

“Dan! Cepat mandi! Kita ke Jakarta sekarang,” kata Mang Kardi sambil menyeka keringat yang membasahi dahinya seperti orang yang sangat lelah.

Hamdan terkejut. “Ke Jakarta, Pak? Mau apa?”

“Mau menyetorkan hasil panen cabe dan padi ke Juragan Hadi. Orang yang punya kebun yang kita garap. Makanya kalau kamu terus melamun di rumah. Mending ikut, merasakan hidup di kota. Mengobati hati,” jawab Mang Kardi sambil tersenyum menenangkan.

Hamdan duduk kembali. Terlihat agak murung seperti sedang berpikir. Apalagi hatinya masih sakit oleh ucapan Maya tentang Syarifah yang akan dijodohkan. Tapi ia juga sudah berjanji pada dirinya sendiri di makam ibunya: harus berusaha, harus membuktikan diri.

“Sudah, Pak, saya ikut,” kata Hamdan akhirnya sambil berdiri.

Perjalanan 6 jam dari Cianjur ke Jakarta pada waktu itu terasa jauh.

Di angkot, di bus, Hamdan hanya diam. Melihat sawah yang lama-lama sudah banyak yang berubah menjadi pabrik dan ruko.

Sesampainya di Jakarta, ia terkejut. Gedung-gedung tinggi, motor dan mobil sangat semrawut, padahal Hamdan baru kali itu ikut ke Jakarta.

“Itulah Jakarta, Dan. Kota yang membuat orang lupa rumah… tapi bisa juga membuat orang ingat cita-cita,” kata Mang Kardi.

Tujuan mereka ke gudang besar di pinggir Jakarta. Di sana sudah menunggu seorang pria berbaju batik, badannya besar, kulitnya putih bersih tapi sangat ramah. Melambai sambil tersenyum manis.

“Assalamualaikum, Pak Hadi,” sapa Mang Kardi hormat.

“Waalaikumsalam, Kardi. Oh ini anaknya? Hamdan ya?” kata Pak Hadi sambil menyodorkan tangan. Terlihat raut wajahnya mendadak sedih bercampur gembira.

Hamdan bersalaman. “Iya, Pak. Saya Hamdan.”

Pak Hadi sayang. “Bagus. Anak muda harus berani keluar. Jangan di kampung saja. Kebun kita di Cianjur itu titipan. Kalau hasilnya bagus, kan Mang Kardi dapat bagian lebih.”

Selanjutnya Mang Kardi menyetorkan uang hasil panen. Sementara setelah selesai berhitung, Pak Hadi mengajak mereka makan di sebuah ruangan yang sudah disediakan. Sambil mengobrol, Pak Hadi bercerita:

“Bapak dulu juga anak kebun, Dan.” Ucapnya pada Hamdan.

Lalu bercerita lagi “Tapi diusir orang, dihina orang. Tapi Bapak memilih kabur ke kota, bekerja, mengaji, berdoa. Sekarang Alhamdulillah. Ingat ya Dan… kalau benar-benar cinta, jangan karena ucapan. Buktikan dengan hasil.”

Kata-kata itu sangat menusuk hati Hamdan.

Malamnya mereka menginap di musala dekat gudang. Meskipun diajak ke rumah Pak Hadi, Mang Kardi tetap menolak. Akhirnya Hamdan pun terpaksa ikut di musala.

Sebelum tidur, Hamdan sujud lama.

“Ya Allah… semoga Engkau memberiku jalan. Jika Jakarta ini jalanku untuk menjadi orang yang dihormati… tunjukkan, Ya Allah.”

Di luar, lampu kota sangat terang. Sangat berbeda dengan terang lampu minyak di kampung.

Dalam hati Hamdan, ada tekad baru yang tumbuh.

Tidak lagi menjadi anak yang hanya bisa berdoa di Tajug.

Tapi menjadi pria yang akan kembali ke kampung membawa hasil, membawa harga diri.

Bersambung ke bagian 15

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x