x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 29 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 7 menit
Jumat, 7 Agu 2026 13:40 3 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 29

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Harita Hamdan di imah. Kaciri teu berag, roman na alum bangun nu keur ngemu hiji masalah nu beurat. Eta meureun alatan waktu datang ka imah Syarifah najan api api mikeun photo, tapi sabenerna hayang leuwih deukeut jeung Syarifah.  Tapi hanjakal hasilna bet marak kuciwa, rombongan Raka ibarat mupus sagala harapan cintana.

 

Hate na galau.  Sagala rasa aya, ka asup hanjakal geus janji ka Syarifah. Eta we Janji ka Syarifah masih terus ngalangkang dina pikirna.

 

“Abdi bakal nyuhungkeun Widi cara nu bener”

 

Sok sanajan manéhna can wani nyarita ka kolot. Sieun di tolak. Najan datang mah dilakukeun Ku Hamdan bari ahirnya karasa nyeri hate oge.

 

Sawaktu ngahuleng jentul kitu, Mang Kardi mah teu ieuh mirosea ka Hamdan. Manéhna bangun sibuk jiga jiga rek aya acara. Mang Kardi naheur cai. Nyeupan cau galek nu galede. Malah nyangu jeung nga gorengan daging Hayam kampung.

 

Nyaan we teu kungsi lila datang Pak Hadi, juragan sawah jeung kebon dunungan Mang Kardi. Kadinya dijajapkeun ku ojeg, da cenah meh jongjon. Matak teu mawa mobil. Ongkoh deuih najan jalma jegud beunghar, pak Hadi mah  estu hirupna basajan, sederhana.

 

 

Pak Hadi calik, sora na beurat  bangun cape campur bungah.

“Dan… Bapa nyuhunkeun dihampura. Bapa datang ka dieu  ngaganggu. ” Ceuk Pa Hadi bari nunda tas na.

 

Hamdan kaget. Teu nyangka jalma beuhar kawas Pak Hadi tapi adab adaban nana kacida hadena.

 

“Henteu Pak..  Teu ngawagel, “.. Tembal Hamdan bari langsung nyampeurkeun. Gek diuk teu jauh ti Pak Hadi bari langsung nyium dampal leungeun Pak Hadi.

 

Pak Hadi  narik napas

“Cep Barna geus lila gering, Dan. Biaya berobat na mahal, Terus biaya kuliah Syarifah di Bandung oge can beres. Manéhna teu hayang ngabejaan saha-saha. Matak manéhna mutuskeun ngajual sawah hiji-hijina.”_

Dada Hamdan ngadak ngadak sesek.  Barang nguping cep Barna kitu, pikirna langsung goreng. Pasti Syarifah di jodokeun.

 

“Jadi… kabeh ieu? Rombongan Raka datang, Cep Barna gering, Syarifah dipaksa?

Syarifah selama ieu nyalira nanggung akibat anu jadi Bapa, ” Gerentes Hate Hamdan bangun kesel.

 

Di sisi séjén, di imah Cep Barna.

 

Rombongan Raka tos rengse ngobrol. Teu aya bungkusan lamaran. Teu aya cincin.

Nu aya mah buah tangan, jeung tanya jawab soal kaséhatan Cep Barna bae. Nu ujung ujungna sili doakeun sakumaha mistina jeung dulur.

 

Bapak na Raka  nyekel leungeun Cep Barna.

 

“Pak Barna, abdi sareng kulawarga ngan saukur silaturahmi sareng seja kepangan,  Nguping wartos Bapa teu damang, Abdi sakulawargi ngadoa mugia enggal damang, ” Pok na.

 

Raka  neuteup ka Syarifah, tuluy ka Cep Barna  disusul ku nyarita galon.

 

“Punten Pak… abdi pamit. Abdi moal tiasa neraskeun. Abdi moal tiasa mileuleuheungkeun Syarifah.”

 

Syarifah jeung Cep Barna kaget.

 

Cep Barna

“Naha  A Raka?”

 

Raka tungkul

“Abdi terang, Syarifah jeung Bapak nuju teu damang, kalih abdi teu tega pami cinta ieu dikawitan ku ngorbankeun nu sanes. Abdi terang aya pameget séjén nu leuwih berjuang pikeun Syarifah. Abdi mundur. Mudah-mudahan Bapak enggal damang.” Pok na Raka polos, sok sanajan jiga lebay ceuk syarifah mah.

 

Saterusna obrolan rada debat, tapi keukeuh Raka mundur. Sanggeus kedua pihak silih kayidkeun tong jadi kagorengan malah kudu jadi dulur, nu ahirna keluarga Raka nangtung, salim, tuluy pamit.

Cenah Saur nu sae. Mundur nu jujur.

 

Sanggeus rombongan indit, imah jadi sepi.

Syarifah nangis di pelukan bapak na.

 

Syarifah nyarita bari nyegruk ceurik.

“Bapa hapunten Abdi….. , ”

 

Cep Barna : bari batuk  ngusapan Syarifah

“Bapa nu hampura mah. ”

Syarifah meluk bapa na. Dina simpena waktu duanana sadar gening cinta teu bisa dihayang hayang ngajodo. Teu bisa dituduh tuduh anging ku takdirna.

 

Duh seep waktos, rupina nyambung ka bagian salajengna. ..

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia 

Tajuk Cinta Syarifah

Bagian Ke-29

Karya Wan Kusmiran Dipraja

 

Saat itu Hamdan berada di rumah. Terlihat ia murung, wajahnya lesu seolah sedang memikul masalah yang berat. Mungkin itu karena saat datang ke rumah Syarifah, meskipun berpura-pura memberikan foto, sebenarnya ia ingin lebih dekat dengan Syarifah. Namun sayang, hasilnya justru sangat mengecewakan, rombongan Raka seolah memupus segala harapan cintanya.

 

Hatinya galau. Segala rasa ada, termasuk penyesalan karena sudah berjanji pada Syarifah. Janji pada Syarifah itu masih terus terbayang dalam pikirannya.

 

“Saya akan meminta izin dengan cara yang benar.”

 

Meskipun ia belum berani bicara pada orang tua. Takut ditolak. Walaupun datangnya dilakukan oleh Hamdan, akhirnya terasa menyakitkan hati juga.

 

Saat termenung begitu, Mang Kardi tidak memperhatikan Hamdan. Ia tampak sibuk seolah akan ada acara. Mang Kardi merebus air. Mengukus pisang kepok yang besar. Bahkan memasak nasi dan menggoreng daging ayam kampung.

 

Benar saja, tidak lama kemudian datang Pak Hadi, juragan sawah dan kebun majikan Mang Kardi. Pak Hadi diantar dengan ojek, katanya agar lebih leluasa. Makanya tidak membawa mobil. Lagipula, meskipun orang berada dan kaya, Pak Hadi hidupnya sangat bersahaja, sederhana.

 

Pak Hadi duduk, suaranya berat seolah lelah bercampur senang.

“Dan… Bapak minta maaf. Bapak datang ke sini mengganggu.” Ucap Pak Hadi sambil meletakkan tasnya.

 

Hamdan kaget. Tidak menyangka orang sekaya Pak Hadi tapi sopan santunnya sangat baik.

 

“Tidak Pak.. Tidak mengganggu,” Jawab Hamdan sambil langsung menghampiri. Ia duduk tidak jauh dari Pak Hadi sambil langsung mencium punggung tangan Pak Hadi.

 

Pak Hadi menarik napas.

“Cep Barna sudah lama sakit, Dan. Biaya berobatnya mahal, terus biaya kuliah Syarifah di Bandung juga belum beres. Dia tidak mau memberitahu siapa-siapa. Makanya dia memutuskan menjual satu-satunya sawah.”

 

Dada Hamdan mendadak sesak. Mendengar kabar tentang Cep Barna, pikirannya langsung buruk. Pasti Syarifah akan dijodohkan.

 

“Jadi… semua ini? Rombongan Raka datang, Cep Barna sakit, Syarifah dipaksa? Syarifah selama ini sendirian menanggung akibat yang menimpa Bapak,” Batin Hamdan merasa kesal.

 

Di sisi lain, di rumah Cep Barna.

 

Rombongan Raka sudah selesai mengobrol. Tidak ada bungkusan lamaran. Tidak ada cincin. Yang ada hanyalah buah tangan, dan tanya jawab soal kesehatan Cep Barna saja. Yang ujung-ujungnya saling mendoakan sebagaimana mestinya dengan saudara.

 

Ayah Raka memegang tangan Cep Barna.

 

“Pak Barna, saya dan keluarga hanya sekadar silaturahmi dan ingin bersilaturahmi. Mendengar kabar Bapak tidak sehat, saya sekeluarga mendoakan semoga lekas sembuh,” Ucapnya.

 

Raka menatap Syarifah, lalu ke Cep Barna, kemudian berbicara dengan nada serius.

 

“Mohon maaf Pak… saya pamit. Saya tidak bisa melanjutkan. Saya tidak bisa menikahi Syarifah.”

 

Syarifah dan Cep Barna kaget.

 

Cep Barna

“Kenapa, Kak Raka?”

 

Raka menunduk.

“Saya tahu, Syarifah dan Bapak sedang tidak sehat, dan saya tidak tega jika cinta ini dimulai dengan mengorbankan orang lain. Saya tahu ada pria lain yang lebih berjuang untuk Syarifah. Saya mundur. Semoga Bapak lekas sembuh.” Ucap Raka polos, meskipun menurut Syarifah terdengar agak berlebihan.

 

Selanjutnya obrolan agak berdebat, namun Raka tetap teguh mundur. Setelah kedua pihak saling meyakinkan agar tidak menjadi permusuhan, malah harus menjadi saudara, akhirnya keluarga Raka berdiri, bersalaman, lalu pamit. Konon, katanya yang baik. Mundur yang jujur.

 

Setelah rombongan pergi, rumah menjadi sepi. Syarifah menangis dalam pelukan ayahnya.

 

Syarifah berkata sambil terisak menangis.

“Ayah, maafkan aku…”

 

Cep Barna: sambil batuk mengusap Syarifah.

“Ayah yang minta maaf.” Syarifah memeluk ayahnya. Dalam diamnya saat keduanya sadar ternyata cinta tidak bisa dipaksakan untuk berjodoh. Tidak bisa disalahkan, kecuali oleh takdirnya.

 

Duh, habis waktu, sepertinya akan disambung ke bagian selanjutnya.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x