x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 25 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 7 menit
Senin, 3 Agu 2026 00:43 6 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 25:

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Sanggeus ka-guar ku Maya poe harita, hate Hamdan jadi  kuciwa deui.  Harapan anu rek muncul ngadadak ilang. Malah anu tadina liburan kuliah hayang ngarasa bagja bet robah jadi tunggara.

 

Kenangan jeung Syarifah nu geus dipendem sataun, ngadadak nembongan jiga hayang ngalelewa,  hayang asup kana rasa hate paling jero.

Nalika di Tajug, nalika ngapalkeun babarengan, nalika Syarifah nyieunkeun kopi hideung nu amis pait… kabeh kabayang bari suka seuri.

 

Hamdan nyoba ngabela rasa, mepende hate sangkan teu leleb anteb dina ka sedih. .  “Geus… manéhna moal. Moal mungkin kapimilik. Mungkin ieu takdir.”

Tapi hate mah teu bisa di paréntah ku létah.

 

Tilu poé ti harita, aya  SMS asup kana HP Hamdan. Nu kabeneran sabulan ka tukang  Hamdan dikirim hp ti Jakarta nu di titipkeun ka Mang Kardi. Sok sanajan heran, teuing ti saha manehna apal nomor Hamdan.

 

“Dan, lila teuing teu patepang. Urang ngopi yuk di kafe kota Cianjur,  Aya nu penting.”

 

Kitu SMS ti Siti Alita nu nelah Alita, sobat SMA  Hamdan. Budak na bener, polos, jeung ti baheula resep mere solusi lamun Hamdan aya masalah.

 

Hamdan langsung satuju. Meureun ieu jalan. Meureun Alita bisa ngabenerkeun hate na nu keur gelisah.

 

Sore na di kafe “Saung Kopi” Cianjur, aranjeunna patepang.

Alita datang make kerudung pink, muka na serius. Teuteup na masih jiga jaman SMA.

 

Alita langsung to the point

“Dan… abdi teu bisa diem. Abdi kudu nyarita.” Pok na bari nginum teh manis panas.

 

Hamdan heraneun

“Nyarita naon  Alita?”

 

Alita nyeruput teh na, tuluy nyarita anca

“Soal Syarifah. Manéhna babaturan abdi ti Bandung. Sakamar. Sakelas.”

 

Dada Hamdan ngadadak deg-degan. Hate Ratih tut unggulan. Dina hatena boa Alita rek nepi keun ondangan atawa nepi keun waktuna pernikahan.

 

Alita neruskeun  caritana.

“Abdi terang sakabeh na Dan. Syarifah mah… manéhna cinta. Cinta na ukur ka anjeun.”

Napas Hamdan saolah olah eureun sakedap.

Sora musik di kafe jadi teu kadenge. Nu aya mah ngan degup jantung na sorangan.

 

Hamdan sora na ngageter

“Tapi… Maya nyarita manéhna arek nikah jeung Raka. Bulan hareup.”

 

Alita ngahuleng, panon na neuteup ka jauhna, kana dingding di poles  warna warni.

 

“Eta nu ngajadikeun Syarifah nyiksa diri na. Kolot na maksa Dan. Raka anak juragan, boga usaha, cocok  ceuk kolot. Syarifah mah teu bisa nolak. Tapi unggal peuting manéhna ceurik, nyebut ngaran anjeun dina doa. Na. ”

 

Hamdan nyekel gelas kopi nepi ka buku-buku ramo na bodas katingali ngegeter.

Jadi… nu ngusir manéhna lain hate Syarifah. Tapi kaayaan.

 

Alita nyekel leungeun Hamdan , tingkah lakuna tetep seperti baheula. Sok ngucapin. Sok nyekel leungeun. Jiga poho kiwari geus pada pada dewasa.

 

“Abdi nyarita kieu lain rek ngabalukarkeun ribut. Tapi abdi teu tega ningali sobat abdi dua-duana nyiksa. Lamun anjeun lalaki… buktikeun. Datang. Tanya. Ulah di antep kitu wae.”

 

Najan asa teu percaya, ahirna duanana ngobrol uplek ti mimiti masalah syarifah nepika masalah masalah pribadina.

 

Sabada tepung di kafe jeung Alita, karasa alam harita asa caang narawangan,  Hamdan mulang ka imah. lengkahna asa bingbang, aya rasa bagja pinuh harepan aya oge rasa rempan cinta nambah sulaya.

 

Sok komo Di hiji sisi aya beja  Syarifah masih cinta ka manéhna. Di sisi séjén aya kanyataan: Syarifah arek boga batur. Geus linci tina janji pas ini.

 

Hamdan nangtung di payuneun Tajug deui.

Harita mah manéhna teu sedih ati, Manéhna ngadoa bari nangtung pinuh ku pang harepan.

 

“Ya Allah… upami Syarifah hak abdi, deukeutkeun. Upami sanes, kuatkan abdi pikeun ngaleupaskeun… tapi ulah ku cara nyerah kieu. Sareng parin jalan Abdi, cinta Abdi tong janten awona kahirupan Abdi. ”

 

Suasana di Tajug asa adem,  panasna hate teu ieuh ngancurkeun rasa. Nu aya luluh tunduk kana kaagungan anu maha kawasa,  Perjuangan Hamdan can tamat…

 

Tamat Bagian Ka 25 nyambung ka bagian 26.

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah
Bagian Ke-25:
Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Setelah diungkap oleh Maya hari itu, hati Hamdan kembali kecewa. Harapan yang hendak muncul seketika hilang. Bahkan liburan kuliah yang tadinya ingin dirasakan bahagia berubah menjadi duka.

Kenangan dengan Syarifah yang sudah dipendam setahun, mendadak muncul seolah ingin mengejek, ingin masuk ke dalam rasa hati terdalam.
Saat di Tajug, saat belajar bersama, saat Syarifah membuatkan kopi hitam yang manis pahit… semua terbayang sambil tertawa.

Hamdan mencoba membela diri, menenangkan hati agar tidak tenggelam dalam kesedihan. “Sudah… dia tidak akan. Tidak mungkin dimiliki. Mungkin ini takdir.”
Tapi hati tidak bisa diperintah oleh lidah.

Tiga hari setelah itu, ada SMS masuk ke HP Hamdan. Kebetulan sebulan lalu Hamdan dikirimi HP dari Jakarta yang dititipkan ke Mang Kardi. Meskipun heran, entah dari siapa dia tahu nomor Hamdan.

“Dan, lama sekali tidak bertemu. Kita ngopi yuk di kafe kota Cianjur, ada yang penting.”

Begitu SMS dari Siti Alita yang akrab disapa Alita, sahabat SMA Hamdan. Gadis itu baik, polos, dan sejak dulu suka memberi solusi jika Hamdan ada masalah.

Hamdan langsung setuju. Mungkin ini jalannya. Mungkin Alita bisa memperbaiki hatinya yang sedang gelisah.

Sore itu di kafe “Saung Kopi” Cianjur, mereka bertemu.
Alita datang memakai kerudung pink, wajahnya serius. Tatapannya masih seperti zaman SMA.

Alita langsung to the point.
“Dan… aku tidak bisa diam. Aku harus bicara.” Ucapnya sambil minum teh manis panas.

Hamdan heran.
“Bicara apa, Alita?”

Alita menyeruput tehnya, lalu bicara perlahan.
“Soal Syarifah. Dia temanku dari Bandung. Sekamar. Sekelas.”

Dada Hamdan mendadak berdebar. Hatinya berdebar kencang. Dalam hatinya, mungkin Alita akan menyampaikan undangan atau waktu pernikahan.

Alita melanjutkan ceritanya.
“Aku tahu semuanya, Dan. Syarifah… dia cinta. Cintanya hanya padamu.”

Napas Hamdan seolah berhenti sejenak.
Suara musik di kafe jadi tidak terdengar. Yang ada hanyalah detak jantungnya sendiri.

Suara Hamdan bergetar.
“Tapi… Maya bilang dia akan menikah dengan Raka. Bulan depan.”

Alita terdiam, matanya menatap ke kejauhan, ke dinding yang dipoles warna-warni.

“Itu yang membuat Syarifah menyiksa dirinya. Orang tuanya memaksa, Dan. Raka anak juragan, punya usaha, cocok kata orang tua. Syarifah tidak bisa menolak. Tapi setiap malam dia menangis, menyebut namamu dalam doa. Ya.”

Hamdan memegang gelas kopi sampai buku-buku jarinya memutih terlihat bergetar.
Jadi… yang mengusirnya bukan hati Syarifah. Tapi keadaan.

Alita memegang tangan Hamdan, tingkah lakunya tetap seperti dulu. Suka bercanda. Suka memegang tangan. Seolah lupa sekarang sudah sama-sama dewasa.

“Aku bicara begini bukan mau menimbulkan keributan. Tapi aku tidak tega melihat kalian berdua menyiksa diri. Kalau kamu laki-laki… buktikan. Datang. Tanya. Jangan dibiarkan begitu saja.”

Meskipun merasa tidak percaya, akhirnya keduanya mengobrol panjang lebar dari masalah Syarifah sampai masalah-masalah pribadinya.

Setelah bertemu di kafe dengan Alita, terasa alam saat itu seolah terang benderang, Hamdan pulang ke rumah. Langkahnya terasa ringan, ada rasa bahagia penuh harapan, ada juga rasa cemas cinta menambah sulaya.

Apalagi di satu sisi ada kabar Syarifah masih cinta padanya. Di sisi lain ada kenyataan: Syarifah akan punya pendamping. Sudah terlepas dari janji masa lalu.

Hamdan berdiri di depan Tajug lagi.
Saat itu dia tidak sedih hati. Dia berdoa sambil berdiri penuh harapan.

“Ya Allah… jika Syarifah jodohku, dekatkan. Jika bukan, kuatkan aku untuk melepaskan… tapi jangan dengan cara menyerah begini. Dan berikan jalan padaku, cintaku jangan menjadi musibah dalam hidupku.”

Suasana di Tajug terasa sejuk, panasnya hati tidak lagi menghancurkan rasa. Yang ada luluh tunduk pada keagungan Yang Maha Kuasa. Perjuangan Hamdan belum selesai…

Tamat Bagian Ke-25 menyambung ke bagian 26.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x