x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 28 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 7 menit
Kamis, 6 Agu 2026 14:39 4 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 28

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Isuk-isuk poe Ahad. Panonpoe caang.  Langit cangra taya aling aling. Di tungtung lembur, dina tangkal turi nu ngaroyom ka sawah manuk ting araclok bari recet di Sarada.

 

Di imah Cep Barna, bapa  na Syarifah, keur rame.   najan isuk keneh geus aya  Tilu mobil mewah eureun di payuneun imah.   Turun rombongan. Make batik, mawa bungkusan,  bari roman roman nu guligah.

Nu di hareupna… Raka  Make kemeja bodas tulang,  gagah. Bari dibarengan ku kolot na. Saliwat mah jiga rek enya mastikeun.

 

Tapi maksud  kadatangan  rombongan ti kulawarga Raka najan taya anu   acan apal kalawan jelas.

Raka jeung kolot na resmi datang ka Cep Barna, bari pinuh ku rasa kukulawargaan.

 

Di jero imah, dina waktu Raka jeung kulawargana  datang,  Syarifah  keur di kamar. Hate na asa ancur dikalangkangan ku rupa rupa bayangan. Paur Raka langsung mastikeun, sok sanajan  waktu dina motor kungsi balak hate jeung rasa teu bisa mangkir ti Hamdan.

 

Malah teu karasa  hate Syarifah tagiwur. Di hiji sisi aya Raka nu , sopan, tur kolot na anu ngadukung.  Tapi Di sisi séjén aya janji na jeung Hamdan di Tajug minggu kamari.

 

Tapi teu bisa barontak,  teu bisa hojah, kana rupa maksud kadatangan Raka sakulawarga ka imahna. Anu aya kaayaan kaciri akrab bari pinuh ku kukulawargaan.

 

Keur waktu  rame-ramena, aya sora motor eureun. Teu kungsi lila…

 

Tok…tok…tok…

 

Syarifah langsung muka panto

Barang bray…muka panto  kacida Kaget  Nu datang  Hamdan.

 

Make baju koko biru, mawa map coklat. Panon na anteb, tapi langsung redup waktu ningali mobil-mobil di luar. Sok komo barang ningali ka jero imah aya Raka jeung kolotna.

 

Hamdan  sora na halon

 

“Assalamu’alaikum… Punten ngawagel anjeun Syari…” Ceuk Hamdan.

 

Tapi Syarifah teu mampuh cumarita, ka baca maksud Hamdan sae. Manéhna ngan rek silaturahmi, rek ningalikeun deui poto-poto kegiatan di Tajug baheula. Bukti yen aranjeunna bener-bener ngaji babarengan.

 

Tapi harita Cep Barna keur sibuk. Oge indungna Syarifah  keur ngaladénan tamu Raka.

Hawa imah jadi beda.

 

Salah sahiji bibi Raka  nyelengkeung mairan,  nu ditujukeun ka Syarifah.

“Oh… itu saha?  Sina kelebet atuh, ”

 

Kecap éta karasa nyentug kana  hate Hamdan.

Ahirna kuciwa. Ngarasa  dihianati . Ngarasa dibobodo apan samemehna geus pasini.

 

Hamdan langsung tungkul.

“Punten Bapak, Ibu… abdi ngaganggu. Abdi pamit.”

Tuluy Hamdan balik. Motor na dihurungkeun gancang ninggal keun eta patempatan.

 

Syarifah ningali tina  jandela. Hate na asa remuk,

Manéhna nyaho Hamdan salah paham. Nyaho Hamdan kecewa.

 

Teu mikir panjang.  Syarifah ngagero

“Dan  Tunggu!”

Syarifah ngagupaykeun leungeuna tina sela sela jendela.

 

Syarifah   bari napas renghap ranjug.

“Dan… ulah salah paham!  aranjeuna  datang kusabab kolot abdi nu ngundang. Lain ku hayang abdi!”

 

Ti ka anggangan  Hamdan  eureun, tapi teu neuteup  jiga anu bener bener kuciwa.

 

“Tapi kanyataan na kieu, Syar. Anjeun di lamar. Abdi saha? Nu ngan ukur mawa poto baheula?”

Syarifah  nyekel poto Hamdan, panon na beureum  tapi hate terus cumarita.

 

“Anjeun jalma nu abdi pilih dina doa. Dan, pami anjeun cinta ka abdi… buktikeun  nu leres . Ku cara anu sae. Ka bapak abdi. Ulah ku cara  kitu.”

 

Tapi  ti jero imah, sora Raka kadenge ngobrol jeung Cep Barna.

 

Dua laki-laki. Dua jalan.   Hiji datang ku harta jeung restu kolot.   Hiji datang ku cinta jeung nekad.

 

Hamdan  terus mulang, dina motor maju bari mawa luka,  malah dada karasa panas.

 

” Maafkeun Hamdan,  antara urang jauh beda, Hamdan jalmi teu gaduh. Pantes anjeun hianat ka cinta jeung janji urang, ” Ceuk Hamdan.

 

Motor Hamdan indit.

Syarifah balik deui ka imah, nyanghareupan rombongan Raka bari hate na geus boga pamilihan.

 

Di langit, Allah nyaksian.

Perjuangan anyar geus dimimitian.

 

Duh seep waktos. Naha enya kitu Raka bade nmhtoskeun waktos. Mangga dina bagian anu salajengna…..

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah
Bagian Ke-28
Karya Wan Kusmiran Dipraja

Pagi hari Minggu. Matahari bersinar terang. Langit cerah tanpa awan. Di ujung kampung, di pohon turi yang rindang ke sawah, burung-burung hinggap sambil berkicau riuh di Sarada.

Di rumah Cep Barna, ayah Syarifah, sedang ramai. Meskipun masih pagi, sudah ada tiga mobil mewah berhenti di depan rumah. Rombongan turun. Memakai batik, membawa bingkisan, dengan wajah yang tampak gelisah.

Yang di depan… Raka. Mengenakan kemeja putih tulang, gagah. Ditemani orang tuanya. Sekilas, seolah-olah akan memastikan sesuatu.

Namun, maksud kedatangan rombongan dari keluarga Raka, meskipun belum ada yang tahu dengan jelas.
Raka dan orang tuanya datang resmi ke Cep Barna, dengan penuh rasa kekeluargaan.

Di dalam rumah, saat Raka dan keluarganya datang, Syarifah sedang di kamar. Hatinya hancur dibayangi berbagai macam pikiran. Takut Raka langsung memastikan, meskipun di atas motor sempat beradu pandang dan rasa tak bisa menolak dari Hamdan.

Bahkan tanpa terasa hati Syarifah bergejolak. Di satu sisi ada Raka yang sopan, dan orang tuanya yang mendukung. Tapi di sisi lain ada janjinya dengan Hamdan di Tajug minggu lalu.

Namun tak bisa memberontak, tak bisa berdalih, terhadap maksud kedatangan Raka sekeluarga ke rumahnya. Yang ada, suasana tampak akrab dan penuh kekeluargaan.

Saat sedang ramai-ramainya, terdengar suara motor berhenti. Tak lama kemudian…

Tok…tok…tok…

Syarifah langsung membuka pintu.
Begitu pintu terbuka… sangat terkejut. Yang datang Hamdan.

Mengenakan baju koko biru, membawa map coklat. Matanya tajam, tapi langsung meredup saat melihat mobil-mobil di luar. Apalagi saat melihat ke dalam rumah ada Raka dan orang tuanya.

Hamdan bersuara lirih.

“Assalamu’alaikum… Mohon maaf mengganggu Anda Syari…” kata Hamdan.

Tapi Syarifah tak mampu berkata-kata. Terbaca maksud Hamdan baik. Dia hanya ingin bersilaturahmi, ingin melihat kembali foto-foto kegiatan di Tajug dulu. Bukti bahwa mereka benar-benar mengaji bersama.

Tapi saat itu Cep Barna sedang sibuk. Juga ibu Syarifah sedang melayani tamu Raka.
Suasana rumah menjadi berbeda.

Salah satu bibi Raka menyela, ditujukan kepada Syarifah.
“Oh… itu siapa? Silakan masuk,”

Ucapan itu terasa menusuk hati Hamdan.
Akhirnya kecewa. Merasa dikhianati. Merasa dibohongi, padahal sebelumnya sudah berjanji.

Hamdan langsung menunduk.
“Mohon maaf Bapak, Ibu… saya mengganggu. Saya pamit.”
Lalu Hamdan pulang. Motornya dinyalakan, cepat meninggalkan tempat itu.

Syarifah melihat dari jendela. Hatinya terasa remuk.
Dia tahu Hamdan salah paham. Tahu Hamdan kecewa.

Tanpa berpikir panjang, Syarifah memanggil.
“Dan Tunggu!”
Syarifah melambaikan tangannya dari sela-sela jendela.

Syarifah sambil terengah-engah.
“Dan… jangan salah paham! Mereka datang karena orang tua saya yang mengundang. Bukan karena keinginan saya!”

Dari kejauhan Hamdan berhenti, tapi tidak menatap, seolah benar-benar kecewa.

“Tapi kenyataannya begini, Syar. Kamu dilamar. Aku siapa? Yang hanya membawa foto lama?”

Syarifah memegang foto Hamdan, matanya merah tapi hati terus berbicara.

“Kamu orang yang aku pilih dalam doa. Dan, kalau kamu cinta padaku… buktikan dengan benar. Dengan cara yang baik. Kepada bapak saya. Jangan dengan cara seperti itu.”

Tapi dari dalam rumah, suara Raka terdengar mengobrol dengan Cep Barna.

Dua laki-laki. Dua jalan. Satu datang dengan harta dan restu orang tua. Satu datang dengan cinta dan tekad.

Hamdan terus pulang, di atas motor melaju membawa luka, bahkan dada terasa panas.

“Maafkan aku Hamdan, antara kita jauh berbeda, Hamdan orang tak punya. Pantas kamu khianati cinta dan janji kita,” kata Hamdan.

Motor Hamdan pergi.
Syarifah kembali lagi ke rumah, menghadapi rombongan Raka dengan hati yang sudah punya pilihan.

Di langit, Allah menyaksikan.
Perjuangan baru telah dimulai.

Duh, habis waktu. Apakah benar Raka akan melamar. Silakan di bagian selanjutnya…..

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x