x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 20 Rekaan Wan Kusmiran Diparaja

waktu baca 6 menit
Senin, 27 Jul 2026 01:31 12 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 20

Rekaan Wan Kusmiran Diparaja

Isukna, panonpoé anyar ngintip ti tukangeun gunung. Cahayana beureum nu kalan kalan rada ka tutup ku mega hideung. Tapi di sisi lembur, dina pucuk pucuk awi ibun ting gurilap kasorot beureum nama cahaya panon poe.

Maya ngahuleng ti wengi keneh, Haténa teu tenang sanggeus, sok komo bada nyebarkeun fitnah ka Syarifah. Ongkoh da masih kumaha oge ari hate leutik mah moal bisa di bohongan. Salah tangtu ngaku salah.

Lila lila sajorelat dina pikir bet bayangan hayang nepungan Hamdan. Sok pedah ka Syarifah mah dianggapna tos beres  naon rupa hal geus diobrolkeun kalawan tuntas.

Ahirna  saatos dipikir dibulak balik, meungpeung  aya waktu Maya nangtung tina diukna, terus manéhna mutuskeun  rek ulin  ka imah Hamdan. Alasanna basajan: “rek naroskeun tugas soal materi anu keur dibahas dipangajian. Sok sanajan Padahal mah… aya maksud séjén.

Sedemgkeun Di imah Hamdan, tembong Hamdan. Keur calik di teras, ngabersihan alat-alat marawis , bari ngupingkeun murottal tina  radio paranti mang Kardi ngadengekeun dongeng bari tunggu manuk di sawah anu peuntaaeun lembur.

Selang sababaraha jam, dina jalan koral nu muru ka imah Hamdan, jelas katingali Maya leumpang laun. Kahandap di samping jangkung ka luhurna make kabaya abu abu nu nyuruh kana warna tiungna.

Maya ti jauhna keneh geus nanya bari seuri. Mungguh ngahudang kaget Hamdan. Dumeh beda ti samarinda.

“Assalamualaikum…nuju naon Dan. Teu ganggu kan Maya kadieu, ” Pokona maya rada gugup campur era.

“Waalaikumsalam. Mangga calik.  Duh asa reuwas beda ti sasari maya kadieu. Manawi aya naon ka dieu?”

Can oge maya sempet nembalan Hamdan geus nyarita deui.

” Na bade ka mana May, ” Pok na.

“Ah, bosen wae di imah. Terus aya peryogi ka Hamdan teh, bade aya piobroleun saeutik.”

Ahirna Obrolan mimitina ngalir seperti biasanya biasa. Ngeunaan sawah, ngeunaan lembur jeung Imah  Hamdan nu pajar cenah enakeun. Terus obrolan maju kana kegiatan  sewaktu di Tajug. Tapi lalaunan Maya mimiti muka maksud anu sabenerna.

“Dan… Mun maya nyarios anjeun ambek moal ka Maya?

Hamdan ngareret bari semu kerung, heran campur teu ngarti kamana arah na Maya nyarita.

“abdi terang mungkin Hamdan moal narima, tapi Abdi lila tos neundeun rasa ka Hamdan, Ti jaman di Tajug. Tapi abdi sieun ngomong, sabab Hamdan caket jeung Syarifah.”  Ceuk. Maya nyarita bari tungkul semu era.

Sok komo apan teu ilahar awewe nyarita pok sang saayana nembrakeun eusi hatena.

Hamdan cicing, hatena asa teu percaya kana naon rupa anu diucap keun ku Maya.

Maya neruskeun, suarana rada tarik

“Tapi Dan, kudu terang Hamdan. Syarifah mah… geus tunangan jeung Raka. Barudak juragan palawija nu sohor kaya saurna mah. Geus tunangan ti 3 bulan ka tukang. Ngan can diumumkeun we.”

Gebeg Hamdan ngagebeg. Sora Maya asa Sora guludug anu tarik kacida. Hamdan ngahuleng. Panona ningali ka jauhna.

“Saha nu nyarita kitu?”

Ditanya model kitu, Maya imut bari nga geser diukna.

“Seueur nu terang Dan. Abdi mah ngan ukur ngrasa hawatos ka Hamdan. Tong nepi ka disakiti batur.”

Hawa jadi karasa robah, asa ngadadak panas. Malah kana dada asa karasa aya anu nyesek. Alunan Murottal  saolah olah ngabeberah Hamdan, tapi haténa Hamdan tambah tagiwur teu puguh.

Dina pikiran Hamdan: _Syarifah? Tunangan? Kok teu aya bebeja ka ti anggalna.

Maya seuri di jero haté. Misi fitnahna tahap ka dua geus hasil.

Sanggeus terus nyehcer Hamdan kucaritaan anu jero bari matak raheut kana hate.

harita, Maya pamit rek balik ka imahna kalayan bangga. Sedengkeun Hamdan masih calik di teras, ngahuleng nyanghareupan ruang kosong nu pihun ku kuciwaan.

“Leres kitu Syarifah?”  gerentes Hamdan bari narik. Napas jero ibarat hayang ngaluarkeun. Sumpek na. Hate…

Nyambung ka. Bagian 21

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ke-20

Karya Wan Kusmiran Diparaja

 

Pagi itu, matahari baru mengintip dari balik gunung. Sinarnya merah yang sesekali tertutup awan hitam. Namun di sisi desa, di ujung-ujung bambu embun berkilauan tersorot merah cahaya matahari.

Maya termenung sejak semalam. Hatinya tidak tenang setelah menyebarkan fitnah kepada Syarifah. Bagaimanapun, hati kecil tidak bisa dibohongi. Salah tentu mengaku salah.

Lama-kelamaan terlintas dalam pikirannya bayangan ingin menemui Hamdan. Ia menganggap urusannya dengan Syarifah sudah selesai, segala sesuatunya sudah dibicarakan dengan tuntas.

Akhirnya setelah dipikir berulang kali, selagi ada waktu Maya bangkit dari duduknya, lalu ia memutuskan akan berkunjung ke rumah Hamdan. Alasannya sederhana: “akan menanyakan tugas soal materi yang sedang dibahas di pengajian.” Meskipun sebenarnya… ada maksud lain.

Sementara itu di rumah Hamdan, terlihat Hamdan. Sedang duduk di teras, membersihkan alat-alat marawis, sambil mendengarkan murottal dari radio yang biasa digunakan Mang Kardi mendengarkan dongeng sambil menunggu burung di sawah yang terbentang di depan desa.

Selang beberapa jam, di jalan kerikil yang menuju ke rumah Hamdan, jelas terlihat Maya berjalan perlahan. Turun dari samping tinggi mengenakan kebaya abu-abu yang senada dengan warna kerudungnya.

Maya dari kejauhan sudah bertanya sambil tersenyum. Sungguh mengejutkan Hamdan. Karena berbeda dari biasanya.

“Assalamualaikum… lagi apa, Dan. Tidak mengganggu Maya ke sini,” kata Maya sedikit gugup bercampur malu.

“Waalaikumsalam. Silakan duduk. Duh, kaget sekali berbeda dari biasanya Maya ke sini. Ada apa ke sini?”

Belum juga Maya sempat menjawab, Hamdan sudah berbicara lagi.

“Mau ke mana, May?” katanya.

“Ah, bosan saja di rumah. Terus ada perlu ke Hamdan, mau ada obrolan sedikit.”

Akhirnya obrolan awalnya mengalir seperti biasa. Tentang sawah, tentang desa dan rumah Hamdan yang katanya enak. Lalu obrolan berlanjut ke kegiatan waktu di Tajug. Tapi perlahan Maya mulai membuka maksud sebenarnya.

“Dan… Kalau Maya bicara, kamu marah tidak sama Maya?”

Hamdan menoleh sambil mengerutkan kening, heran bercampur tidak mengerti arah pembicaraan Maya.

“Aku tahu mungkin Hamdan tidak akan menerima, tapi aku sudah lama menyimpan rasa ke Hamdan. Sejak di Tajug. Tapi aku takut bicara, karena Hamdan dekat dengan Syarifah,” kata Maya sambil menunduk malu.

Apalagi memang tidak lazim perempuan bicara terus terang mengungkapkan isi hatinya.

Hamdan diam, hatinya seolah tidak percaya dengan apa yang diucapkan Maya.

Maya melanjutkan, suaranya sedikit keras.

“Tapi Dan, harus tahu Hamdan. Syarifah… sudah tunangan dengan Raka. Anak juragan palawija yang terkenal katanya. Sudah tunangan dari 3 bulan lalu. Hanya belum diumumkan saja.”

Deg Hamdan terkejut. Suara Maya seperti guntur yang sangat keras. Hamdan termenung. Matanya memandang jauh.

“Siapa yang bilang begitu?”

Ditanya seperti itu, Maya tersenyum sambil menggeser duduknya.

“Banyak yang tahu, Dan. Aku hanya merasa kasihan pada Hamdan. Jangan sampai disakiti orang lain.”

Udara terasa berubah, seolah mendadak panas. Bahkan di dada terasa ada yang sesak. Alunan Murottal seolah menenangkan Hamdan, tapi hati Hamdan semakin bergejolak tak karuan.

Dalam pikiran Hamdan: _Syarifah? Tunangan? Kok tidak ada kabar dari dulu._

Maya tertawa dalam hati. Misi fitnahnya tahap kedua sudah berhasil.

Setelah terus menerus diceritai dengan dalam dan menyakitkan hati.

Saat itu, Maya pamit pulang ke rumahnya dengan bangga. Sementara Hamdan masih duduk di teras, termenung menghadapi ruang kosong yang dipenuhi kekecewaan.

“Benarkah begitu Syarifah?” gumam Hamdan sambil menarik napas dalam seolah ingin mengeluarkan sumpeknya. Hati…

Bersambung ke Bagian 21.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x