x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 24 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 6 menit
Minggu, 2 Agu 2026 01:07 8 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 24:

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Lalangse dina kahirupan estu moal bisa aya anu nangtukeun. Sagala rupa geus aya dina takdir gusti anu maha suci. Bagja cilaka, jeung suka boh dukana tos tangtos anu ngatur.

 

Pon kitu deui, rundayan carita Tajug sisi lembur asa manjang. Komo pikeun ku Hamdan jeung Syarifah mah jadi kenngan anu moal bisa dipopohokeun.

 

Nya seperti harita, najan Syarifah di Bandung, ngalalana nuntut elmu, kuliah di kedokteran luyu jeung harapan anu jadi bapa sangkan bisa ngangkat harkat darajat kulawarga, jadi jalma terpandang bari sohor jegudna.

 

Sedengkeun Hamdan di Cianjur, ngasah otak jeung ngajaga hate.  Kuliah bari masantren luyu jeung harapan anu ditepi keun ku mang Kardi yen kulawarga teu miharep leuwih. Saukur Hayang Hamdan jadi saurang anak anu bisa ngabdi bari hade budi jeung akhlak hade. Jadi Hamdan nu luhung ku elmu benghar ku pangabisa bari nyaah ka sasama.

 

Dina emprona antara Hamdan jeung Syarifah najan jauh, tapi saling doakeun. Kitu diantara aranjeuna nepi ka kiwari.

 

Dina hiji waktu Pas libur semester, Hamdan mulang. Hate na lega.  Meh aya waktu ka Tajug, ngaji deui di dinya, kitu cenah ceuk dina hatena.

 

Poé éta Hamdan santai di teras imah. Nginum kopi, maca Qur’an. Bari ngarasakeun Angin sore nu ngahiliwir nyapu daun daun jambu. Katempo ting garupay siga jauh panineungan.

 

Tapi katenangan éta bubar… waktu Maya datang.

 

Maya, babaturan Syarifah ti sewaktu ngaji di Tajug, jeung babaturan Sa SMP. Muka na jiga bungah, tapi panon na teu bisa nyumputkeun kasedih.

 

Maya diuk bari narik napas, bangun aya bangbaluh anu acan kedal.

“Dan… abdi ulah salahkeun nya. Abdi datang ka dieu kusabab di titah ku Syarifah.” Pok na.

Dada Hamdan ngadadak sesek. Hiji ngaran anu geus teu hayang kadenge deui, bet ka sebut deui sanajan memang aya kasono anu dicoba ditahan.

 

Hamdan nyoba seuri nyumput keun semu.

“Titah naon May? Naha teu langsung waé?”

 

Maya panon na katingali tungkul, sanajan sempet ngareret ku juru panon ka arah Hamdan.

“Syarifah nitah nyarios… yen tong diinget-inget deui cenah. Manéhna… arek nikah jeung Raka. Bulan hareup.”

 

Dunia Hamdan ngagadak asa runtuh. Ngajelebet kaget. Sok komo ngadenge rek nikah. Asa teu hayang apal kitu.

“Nikah… , ” Pok na laun.

Kopi di leungeun na diecagkeun. Qur’an di pangkonan luhur ping ping ngagolosor ge asa teu karasa.

 

Sataun manéhna maksa poho. Sataun manéhna ngadoa “mugi manéhna bahagia”.

Tapi beja ieu… malah ngarempug deui sagala memori nu ku manéhna pendem.

 

Hamdan sora na leuleuy bangun anu lesu.

 

“Oh… kitu. Alhamdulillah… mun manéhna bahagia.”

Tapi létah ngucap Alhamdulillah, ngan hate mah ngajerit.

 

Maya  ceurik  jiga enya ngilu sedih kana jalana lalakon Hamdan.

“Dan, maaf nya. Syarifah oge cenah berat nyarita na. Tapi manéhna milih jalan éta. Demi kolot na.” Kitu ceuk Maya.

 

Saatos nyarita keun naon rupa pamaksudan, Maya balik, bari wanti wanti menta hampura ka Hamdan.

 

Samulangna Maya, imah jadi sepi.  Atuh peuting na Hamdan indit deui ka Tajug. Sorangan.

Dina poek mongkleng bulan, bener jiga embung nembongan. Hate asa ancur Hamdan manéhna sujud. Teu ngadoa. Teu ngaji.

Nu aya mah… ngajerit dina batin.

 

“Ya Allah… abdi geus ikhlas. Tapi naha bejana kedah ngagores deui luka ieu? Upami manéhna jodoh batur… kuatkan abdi pikeun teu ngabenci.”_

 

Angin Tajug ngajawab ku tiis. Bulan tetep embung nembongan, langit poek jadi saksi hiji lalaki nu keur diajar ikhlas… kadua kali na.

 

Duh waktosna seep teu nyekapan.

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia 

Tajug Cinta Syarifah
Bagian Ke-24:
Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Jalan hidup di dunia ini sungguh tidak ada yang bisa menentukan. Segala sesuatu sudah ada dalam takdir Tuhan Yang Maha Suci. Bahagia atau celaka, suka maupun duka, sudah pasti diatur oleh-Nya.

Demikian pula, rangkaian cerita Tajug di tepi kampung terasa memanjang. Terlebih bagi Hamdan dan Syarifah, menjadi kenangan yang takkan terlupakan.

Ya, seperti saat itu, meskipun Syarifah berada di Bandung, merantau menuntut ilmu, kuliah di kedokteran sesuai harapan ayahnya agar bisa mengangkat harkat martabat keluarga, menjadi orang terpandang lagi kaya raya.

Sedangkan Hamdan di Cianjur, mengasah otak dan menjaga hati. Kuliah sambil mondok sesuai harapan yang disampaikan Mang Kardi bahwa keluarga tidak mengharapkan lebih. Cukup ingin Hamdan menjadi anak yang bisa mengabdi dengan budi pekerti dan akhlak yang baik. Menjadi Hamdan yang luhur ilmunya, kaya akan kemampuan, serta menyayangi sesama.

Dalam kerinduan antara Hamdan dan Syarifah, meskipun berjauhan, namun saling mendoakan. Begitulah di antara mereka hingga kini.

Suatu waktu, saat libur semester, Hamdan pulang. Hatinya lega. Ingin sekali ke Tajug, mengaji lagi di sana, begitu pikirnya.

Hari itu Hamdan bersantai di teras rumah. Minum kopi, membaca Al-Qur’an. Sambil merasakan angin sore yang berhembus menyapu daun-daun jambu. Terlihat bergoyang seperti jauhnya kenangan.

Namun ketenangan itu buyar… saat Maya datang.

Maya, teman Syarifah sejak mengaji di Tajug, dan teman SMP. Wajahnya tampak gembira, namun matanya tak bisa menyembunyikan kesedihan.

Maya duduk sambil menarik napas, seolah ada beban yang belum terucap.
“Dan… jangan salahkan aku ya. Aku datang ke sini karena disuruh Syarifah,” katanya.

Dada Hamdan tiba-tiba sesak. Satu nama yang sudah tak ingin didengar lagi, kini disebut kembali, meskipun memang ada kerinduan yang coba ditahan.

Hamdan mencoba tersenyum menyembunyikan raut wajahnya.
“Disuruh apa, May? Kenapa tidak langsung saja?”

Mata Maya terlihat menunduk, meskipun sempat melirik dari sudut mata ke arah Hamdan.
“Syarifah menyuruhku bicara… bahwa jangan diingat-ingat lagi katanya. Dia… akan menikah dengan Raka. Bulan depan.”

Dunia Hamdan seketika terasa runtuh. Terkejut bukan kepalang. Apalagi mendengar akan menikah. Rasanya tak ingin tahu.
“Menikah…,” ucapnya pelan.
Kopi di tangannya diletakkan. Al-Qur’an di pangkuannya perlahan tergelincir pun tak terasa.

Setahun ia memaksa lupa. Setahun ia berdoa, “semoga dia bahagia.”
Namun kabar ini… malah menyerbu kembali semua memori yang telah ia pendam.

Suara Hamdan lirih, seolah lesu.

“Oh… begitu. Alhamdulillah… kalau dia bahagia.”
Namun lidah mengucapkan Alhamdulillah, hati menjerit.

Maya menangis, seolah ikut sedih atas jalan hidup Hamdan.
“Dan, maaf ya. Syarifah juga katanya berat mengatakannya. Tapi dia memilih jalan itu. Demi orang tuanya,” kata Maya.

Setelah menyampaikan maksudnya, Maya pulang, sambil berulang kali meminta maaf kepada Hamdan.

Sepulangnya Maya, rumah menjadi sepi. Malamnya Hamdan kembali pergi ke Tajug. Sendirian.
Dalam kegelapan malam yang pekat, bulan seolah enggan menampakkan diri. Hati Hamdan hancur, ia bersujud. Tidak berdoa. Tidak mengaji.
Yang ada hanyalah… jeritan dalam batin.

“Ya Allah… aku sudah ikhlas. Tapi kenapa beritanya harus menggores luka ini lagi? Jika dia jodoh orang lain… kuatkan aku untuk tidak membenci.”

Angin Tajug menjawab dengan dingin. Bulan tetap enggan menampakkan diri, langit gelap menjadi saksi seorang lelaki yang sedang belajar ikhlas… untuk kedua kalinya.

Duh, waktunya habis tidak mencukupi.

 

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x