x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 22 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 4 menit
Kamis, 30 Jul 2026 23:24 5 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 22

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Poe harita, bada duha jeung ngadoa di Tajug, Hamdan nangtung gigireun motorna, panon neutuep Tajug anu karasa pinuh kenangan. Lain wae kenangan dina waktu nyuprih elmu agama. Tapi kenangan timbulna cinta katresna nu estu teu disangka ti anggalna.

“Syarifah naha anjeun ngeusi ieu hate, ” Pokna lirih.

 

Saterusna Hamdan indit nu maksudna rek ka bengkel,  rek ngariksakeun motorna. Kusabab rek dibawa ka kota keur nuntut elmu hayang jadi sarjana bari jeung ngaji.

 

Kocapkeun ka bengkel geus beres, Hamdan keur di jalan maju ka lawan tenang, dina motor asa ngarasa pinuh ku panineungan.  Motor bututna ngagerung laun, tapi Dina pikiran Dina masih ka inget ku omongan Maya kamari.

“Syarifah geus tunangan jeung Raka.”

 

Nepi di lampu merah, Hamdan eureun. Hareupeun motorna , aya motor gede nu geus leuwih ti heula eureun. Najan rada anggang. Tapi cukup jelas.

 

Sababaraha kali Hamdan ngusap beungeut, tapi teu salah. Memang teu salah.

 

Di na motor gede hareupeunana. aya Syarifah.

“Naha Enya Syarifah?

 

Diteges  teges estu Enya Syarifah. Calik di bonceng ku  Raka. Raka bari seuri, nyodorkeun  cai mineral ka Syarifah. Syarifah nampanan, sok sanajan teu katingali ngobrol. Hate  Hamdan asa nyeredet.

 

Dada Hamdan kawas ditusuk. Sok sanajan Syarifah mah waktu harita teu apaleun di satukangeunana aya Hamdan keur ningalikeun.

“Leres kitu… Syarifah jeung Raka?”

Leungeun Hamdan ngageter dina setang motor. Hayang turun, hayang nanya, hayang ngajerit. Tapi sukuna kawas dipaku.

Tapi dada karasa panas jeung sesek.

 

Lampu héjo. Motor Raka jalan pelan. Syarifah masih muntang pageuh saatos lampu hejo, teu nyaho yen di tukangna aya Hamdan anu haténa remuk.

 

Hamdan ngan bisa nuturkeun ti jauh. Teu wani nyusul. Teu wani negor.

 

Dina haténa manéhna ngagumam:

“Upami kieu takdirna… abdi ikhlas. Tapi nya Allah… nyeri pisan.”

 

Motor Hamdan belok ka arah séjén. Teu ka Tajug. Teu ka imah. Manéhna milih ka masjid leutik tapi campernik. Didinya Hamdan calik di teras, ngaregepkeun adzan Ashar.

 

Cipanon di tahan najan karasa beurat nahana, tapi teu netes. Sabab Hamdan sadar lalaki mah kudu kuat… sanajan haténa ancur.

 

Teu karaos seep waktos. Cag ah nyambung ka bagian 23.

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 22

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

 

Poe harita, bada duha jeung ngadoa di Tajug, Hamdan nangtung gigireun motorna, panon neutuep Tajug anu karasa pinuh kenangan. Lain wae kenangan dina waktu nyuprih elmu agama. Tapi kenangan timbulna cinta katresna nu estu teu disangka ti anggalna.

“Syarifah naha anjeun ngeusi ieu hate, ” Pokna lirih.

 

Selanjutnya Hamdan pergi yang maksudnya akan ke bengkel, akan memeriksa motornya. Karena akan dibawa ke kota untuk menuntut ilmu ingin jadi sarjana sambil mengaji.

 

Diceritakan ke bengkel sudah beres, Hamdan sedang di jalan maju ke lawan tenang, di motor terasa merasa penuh dengan kenangan. Motor bututnya menggeram pelan, tapi dalam pikiran masih teringat oleh ucapan Maya kemarin.

“Syarifah sudah bertunangan dengan Raka.”

 

Sampai di lampu merah, Hamdan berhenti. Di depan motornya, ada motor besar yang sudah lebih dulu berhenti. Meskipun agak jauh. Tapi cukup jelas.

Beberapa kali Hamdan mengusap wajah, tapi tidak salah. Memang tidak salah.

Di motor besar di depannya. ada Syarifah.

“Kenapa Benar Syarifah?

 

Ditegaskan benar-benar Syarifah. Duduk dibonceng oleh Raka. Raka sambil tersenyum, menyodorkan air mineral ke Syarifah. Syarifah menerima, meskipun tidak terlihat mengobrol. Hati Hamdan terasa ngilu.

 

Dada Hamdan seperti ditusuk. Meskipun Syarifah waktu itu tidak tahu di belakangnya ada Hamdan yang sedang melihat.

“Benarkah itu… Syarifah dan Raka?”

 

Tangan Hamdan gemetar di setang motor. Ingin turun, ingin bertanya, ingin menjerit. Tapi kakinya seperti terpaku.

Tapi dada terasa panas dan sesak.

 

Lampu hijau. Motor Raka jalan pelan. Syarifah masih berpegangan erat setelah lampu hijau, tidak tahu bahwa di belakangnya ada Hamdan yang hatinya remuk.

Hamdan hanya bisa mengikuti dari jauh. Tidak berani menyusul. Tidak berani memanggil.

 

Dalam hatinya ia bergumam:

“Jika begini takdirnya… aku ikhlas. Tapi ya Allah… sakit sekali.”

 

Motor Hamdan berbelok ke arah lain. Tidak ke Tajug. Tidak ke rumah. Ia memilih ke masjid kecil tapi nyaman. Di sana Hamdan duduk di teras, mendengarkan adzan Ashar.

 

Air mata ditahan meskipun terasa berat menahannya, tapi tidak menetes. Karena Hamdan sadar lelaki harus kuat… meskipun hatinya hancur.

 

Tidak terasa habis waktu. Sampai jumpa disambung ke bagian 23.

 

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x