x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 21 Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 6 menit
Kamis, 30 Jul 2026 02:10 8 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 21

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

Isuk-isuk hawa di Tajug  masih karasa tiis. Di lembur kadenge rame, di tungtung lembur kaciri ngaleut. Anu rek kasawah boh nu rek ka kebon. Bari suka seuri gogonjakan.

Malah  hawar hawar di lisung ma Icih kadenge nuju ngagedug nutu. Nyingraykeun rasa simpe dipilemburan.

 

Sedangkeun Syarifah dina isuk harita, keur ngabereskeun berkas di meja anu aya dikamar na. Lamunan ngacacang mapay mapay anu geus kajadian sababaraha poe ka tukang. Sok komo masih nongtoreng omongan na Maya anu sakitu jelasna.

 

“Hamdan rek ka jakarta, Hamdan rek neangan wanoja kota, cenah mah bagja malah geus aya di kota. ”

 

Syarifah narik napas. Terus lalaunan ngusap beungeutna. Saolah olah hayang leupas tina bangbaluh.

Geus kitu gancang kaluar ti kamarna, nyampeurkeun nu jadi Bapak, nu tembong badana orot pedah geus lila ngarandapan ka sakit.

 

“Pak…. abdi tos lami teuing di lembur, Abdi bade Widi bade ka Bandung deui, ” Ceuk Syarifah bari calik teu tebih ti ramana.

 

Cep Barna ngahuleng bari neuteup ka Syarifah bangun nyaah.

” Na iraha bade ka Bandung na? ”

Syarifah ditaros model kitu pok balaka yen cenah kudu sagancang gancang na asup deui kuliah, sok apanan loba tugas anu kudu di rengsekeun  sagancang na. Panan nyakitu kuliah di kedokteran mah teu bisa dianggap enteng.

 

Cep Barna narik napas panjang. “Tiasa… asal aya nu jajap. Suruh Raka we nu nganterkeun. Nu ka Beneran Raka sakeudeung deui datang. Ongkoh tos janji ka Bapak bade kadieu, ” Kitu ceuk Cep Barna.

 

Syarifah ngan ukur ngabalieur. Dina haténa aya rasa beurat kudu bareng jeung Raka. Tapi kanu jadi Bapak estu teu bisa baha.

 

Beurangna, Raka datang make motor. Gagah, rapi, tur sopan. Beda memang jeung biasana. Ayeuna mah Raka make motor. Cenah sieun macet.

Bada di obrolan ku Cep Barna yen Raka kudu jajap Syarifah. Puguh we Raka mah atoh pisan. Malah langsung nyanggupan.

 

“Hayu Syarifah, abdi anu nganter.”

 

Najan teu loba carita, ahirna Syarifah nurut daek di jajapkeun ku Raka. Tapi sapanjang jalan ti kampung nuju ka jalan arah ka kota sajongjonan simpe taya anu nyoara. Kur angin ngusap rambut Syarifah.

Lila lia Raka nyobaan ngobrol.

 

“Syarifah… kumaha upami urang téh…”

Caritaan Raka teu dipairan.  Tapi Raka teu eureun. Manehna tetep mastikeun cintana ka syarifah.

 

Lalaunan ahirna Syarifah  motong

“Raka… punten. Abdi kedah jujur.”

 

Motor rada ngalaunan.

“Abdi terang Raka saé. Sopan, tanggung jawab, tur dipikaresep ku kulawarga. Tapi… di hate abdi tos aya nu boga tempat. Eta tos lami, ” Ceuk Syarifah galon tapi cukup jelas.

 

“Saha?”

Syarifah  kalayan sora pelan tapi pasti

“Hamdan. Abdi cinta ka Hamdan. Sareng abdi moal tiasa narima batur salian ti manéhna. Hapunten pisan Raka.”

 

Najan asa teu percaya kitu, Raka ukur ngahuleng. Nu kadenge ukur sora knalpot jeung angin.

 

Raka ngan ngahuleng teu nyangka Syarifah bakal nolak. Tapi Teu ambek, teu nyalahkeun.

 

“Abdi ngartos Syarifah. Cinta mah teu tiasa dipaksa. Mugia Allah ngagampilkeun jalan anjeun jeung Hamdan.” Ceuk Raka bari tetep mawa motor.

 

Sampai di kampus, Raka tetep nganterkeun Syarifah nepi ka gerbang. Sateuacan balik, manéhna nyarios hiji kalimat

 

“Jaga hate anjeun, Syarifah. Cinta nu leres pasti diuji.”

 

Syarifah nunduk, panona beueus. Manéhna asup ka kampus kalayan hate nu lega… tapi ogé beurat ku mikiran Hamdan jeung asa dosa geus nguciwakeun Raka.

 

Di sisi séjén, di Tajug, Hamdan masih ngahuleng ngadenge fitnah Maya…

 

Deuh waktos na. Rupina nyambung ka bagian 22.

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 21

Rekaan Wan Kusmiran Dipraja

 

Pagi-pagi udara di Tajug masih terasa dingin. Di kampung terdengar ramai, di ujung kampung terlihat keramaian. Yang akan ke sawah maupun yang akan ke kebun. Sambil tertawa riang bercanda.

Bahkan suara di dapur Ma Icih terdengar sedang menumbuk. Menghilangkan rasa sepi di perkampungan.

 

Sementara Syarifah pada pagi itu, sedang membereskan berkas di meja yang ada di kamarnya. Lamunan melayang mengingat apa yang telah terjadi beberapa hari lalu. Apalagi masih terngiang ucapan Maya yang begitu jelas.

 

“Hamdan akan ke Jakarta, Hamdan akan mencari wanita kota, katanya sih bahagia malah sudah ada di kota.”

 

Syarifah menarik napas. Lalu perlahan mengusap wajahnya. Seolah ingin lepas dari masalah.

Setelah itu cepat keluar dari kamarnya, menemui sang Ayah, yang terlihat badannya kurus karena sudah lama menderita sakit.

 

“Pak…. aku sudah terlalu lama di kampung, aku pamit untuk ke Bandung lagi,” Ucap Syarifah sambil duduk tidak jauh dari ayahnya.

 

Cep Barna termenung sambil menatap Syarifah tampak sayang.

“Kapan akan ke Bandung?”

Syarifah ditanya seperti itu lalu terus terang mengatakan bahwa dia harus segera masuk kuliah lagi, karena banyak tugas yang harus diselesaikan segera. Bukankah kuliah di kedokteran tidak bisa dianggap enteng.

 

Cep Barna menarik napas panjang. “Bisa… asalkan ada yang mengantar. Suruh Raka saja yang mengantarkan. Kebetulan Raka sebentar lagi datang. Lagipula sudah janji ke Ayah akan ke sini,” Begitu kata Cep Barna.

 

Syarifah hanya memalingkan muka. Dalam hatinya ada rasa berat harus bersama Raka. Tapi kepada sang Ayah sungguh tidak bisa membantah.

 

Siang harinya, Raka datang memakai motor. Gagah, rapi, dan sopan. Berbeda memang dari biasanya. Sekarang Raka memakai motor. Katanya takut macet.

Setelah di obrolan oleh Cep Barna bahwa Raka harus mengantar Syarifah. Tentu saja Raka sangat senang. Malah langsung menyanggupinya.

 

“Ayo Syarifah, saya yang mengantar.”

 

Meskipun tidak banyak bicara, akhirnya Syarifah menurut mau diantar oleh Raka. Tapi sepanjang jalan dari kampung menuju jalan arah ke kota hening tidak ada yang bersuara. Hanya angin mengusap rambut Syarifah.

Lama Raka mencoba mengobrol.

 

“Syarifah… bagaimana kalau kita…”

Ucapan Raka tidak dijawab. Tapi Raka tidak berhenti. Dia tetap memastikan cintanya pada Syarifah.

 

Perlahan akhirnya Syarifah memotong

“Raka… maaf. Aku harus jujur.”

 

Motor sedikit melambat.

“Aku tahu Raka baik. Sopan, bertanggung jawab, dan disukai keluarga. Tapi… di hatiku sudah ada yang punya tempat. Itu sudah lama,” Ucap Syarifah tegas tapi cukup jelas.

 

“Siapa?”

Syarifah dengan suara pelan tapi pasti

“Hamdan. Aku cinta pada Hamdan. Dan aku tidak akan bisa menerima orang lain selain dia. Maaf sekali Raka.”

 

Meskipun merasa tidak percaya begitu, Raka hanya termenung. Yang terdengar hanya suara knalpot dan angin.

 

Raka hanya termenung tidak menyangka Syarifah akan menolak. Tapi tidak marah, tidak menyalahkan.

 

“Aku mengerti Syarifah. Cinta tidak bisa dipaksakan. Semoga Allah memudahkan jalan Anda dan Hamdan.” Ucap Raka sambil tetap mengendarai motor.

 

Sampai di kampus, Raka tetap mengantar Syarifah sampai ke gerbang. Sebelum pulang, dia mengucapkan satu kalimat

 

“Jaga hatimu, Syarifah. Cinta yang benar pasti diuji.”

 

Syarifah menunduk, matanya basah. Dia masuk ke kampus dengan hati yang lega… tapi juga berat memikirkan Hamdan dan merasa dosa sudah mengecewakan Raka.

 

Di sisi lain, di Tajug, Hamdan masih termenung mendengar fitnah Maya…

 

Wah, waktunya. Sepertinya tersambung ke bagian 22.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x