x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-12 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 6 menit
Kamis, 16 Jul 2026 08:06 6 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 12

Rekaan: Wan Kusmiran Di Praja

Hariring angin ngaliwat dina sela-sela dinding Tajug anu  ku papan kai. Teu kungsi lila Sora ngaji Hamdan  saolah olah meulah simpe najan dua nonoman pateupung sanajan teu dihaja.

Sajongjonan Syarifah teu nyarita, tapi dina hate na terus cumarita sorangan.

“ya Allah…” ceukna dina hate.

Lain naon-naon. Hamdan. Jalma anu tadi isuk diusir ku bapana, ayeuna keur diuk tembong teu galideur , tapi panona fokus kana mushaf.

“Kuring bagja. Bagja pisan.” Ceuk Syarifah.

Di jaman kiwari loba nu lamun kuciwa, lumpatna ka tempat anu teu puguh. Ka warung kopi, ka tongkrongan, ka hal-hal anu ngaruksak diri.

Tapi ieu jalma… kuciwana dibawa ka Tajug. Nyeri hatena diubaran ku ayat.

Hamdan ngarasa aya nu ningali. Manehna oge kalan kalan ngaretet ku juru panon. Memang rasa asa hese dibohonganana.

“Duh Gusti…”  gerentes Hamdan dina hate.

Syarifah.  Manehna gancang nutup mushaf, tuluy nangtung bari rada gugup.

“Syari…damang?”

Pok deui nanya. Bakat ku teu puguh rasa. Sok sanajan boa tadi ge geus nanya model kitu. Tapi teuing kumaha galura dina hate tambah motah.

Syarifah ngan ukur ngagelenyu imut anu matak deungdeuleueun. “Alhamdulillah… sae, Hamdan kumaha?”

“Alhamdulillah… ngaos ngan saukur ngaleungitkeun pikiran,” jawab Hamdan bari diuk deui.

Sawatara waktu jadi jempling deui, Ustadz Imron ngarti. Anjeunna tuluy miwarang santri anu sanés ngaji di saung leutik di tukang. Ningalkeun dua jalma eta di bale bale Tajug.

“Ulah lami-lami nya. Ieu tempat ibadah,” ceuk Ustadz ti jauh.

Hamdan jeung Syarifah tuluy silih hareupan. Tapi teu wani nyarita cinta. Teu wani janji anu muluk-muluk.

“Hamdan hapunten nya Syarifah,” ceuk Syarifah lirih,

“upami bapak kuring… bapak kuring teu resep ka Hamdan.”

Hamdan mesem. Mesem anu nyeri tapi ikhlas.

“Abdi ngarti,  Abdi teu bade maksa. Abdi ngan hoyong janten jalma anu hade heula. Hade di payuneun Allah. Upami Allah marentahkeun patepang deui dina kaayaan anu halal… nya eta rejeki urang.”

Sakitu jentre omong omonganana Hamdan mertelakeun carita cinta santri.

Syarifah nahan cai panon. “Abdi oge sami, Abdi moal ngalawan bapak. Tapi abdi moal eureun ngadoa.”

Syarifah balem, tembong ngagegel biwirna tanda nahan piceurikeun. Tikoro nyelek awahing terus nahan ceurik.

Tapi ahirna rasa asih teu kabendung, maranehna duaan ngadamel hiji “pahauet janji” dina bale bale Tajug paranti ngadaraweung santri samemeh ngaji. Teu nganggo saksi. Teu nganggo surat. Janji anu basajan:

“Urang papisah ayeuna. Urang patepang deui di jalan anu diridhoan. Urang babarengan ngajaga diri, ngajaga ngaji, nepi ka waktuna Allah anu mutuskeun.” ceuk Syarifah.

Hamdan ngahuleng. “Mangga teras ngaji. Ulah pedah aya abdi terus eureun.”

Syarifah imut bari nyokot mushaf. “Muhun, . Urang ngaos babarengan. Tapi hate masing-masing terus cumarita.

Dua sora ngaji tuluy silih tembalan, halon atra pinuh ku rasa di Tajug sore waktu harita. Ngagalindeng dina alunan rindu.

Sanajan hate keur beurat, tapi léngkahna tetep ka arah anu sami: ka Allah.

Barang bade mulang, Hamdan nyarita panungtung:

“Tajug ieu saksi urang. Upami hiji poe urang papanggih deui di dieu… mugi dina acara anu sae.”

Syarifah ngan ukur bisa ngangguk. Manehna kaluar ti Tajug mawa hate anu rada hampang ku bangbaluh.

Di luar, panonpoé ampir tilem Tapi di jero Tajug, aya hiji cahaya anu teu pareum: cahaya janji dua nonoman anu milih cinta ku cara anu bener.

Cag ah hanca majeng kana bagian salajengna.

 

Terjemahaan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-12

Rekaan: Wan Kusmiran Di Praja

 

Desir angin berembus di sela-sela dinding Tajug yang terbuat dari papan kayu. Tak lama kemudian, suara mengaji Hamdan seolah membelah kesunyian, meskipun kedua anak muda itu bertemu tanpa sengaja.

Sejenak Syarifah terdiam, namun dalam hatinya ia terus berbicara pada diri sendiri.

“Ya Allah…” ucapnya dalam hati.

Bukan apa-apa. Hamdan. Orang yang tadi pagi diusir oleh ayahnya, kini duduk dengan tenang, matanya tertuju pada mushaf.

“Aku bahagia. Sangat bahagia.” Ucap Syarifah.

Di zaman sekarang, banyak orang yang jika kecewa, larinya ke tempat yang tidak jelas. Ke kedai kopi, ke tempat nongkrong, ke hal-hal yang merusak diri.

Tapi orang ini… kekecewaannya dibawa ke Tajug. Sakit hatinya diobati dengan ayat-ayat suci.

Hamdan merasa ada yang memperhatikannya. Ia pun sesekali melirik dari sudut mata. Memang rasa itu sulit dibohongi.

“Duh Gusti…” gumam Hamdan dalam hati.

Syarifah. Ia segera menutup mushaf, lalu berdiri dengan sedikit gugup.

“Syari… sehat?”

Ia bertanya lagi. Saking gelisahnya. Meskipun mungkin tadi sudah bertanya seperti itu. Tapi entah bagaimana gejolak di hati semakin membuncah.

Syarifah hanya tersenyum manis yang membuat hati terpikat. “Alhamdulillah… baik, Hamdan bagaimana?”

“Alhamdulillah… mengaji hanya sekadar menghilangkan pikiran,” jawab Hamdan sambil kembali duduk.

Beberapa saat kembali hening, Ustadz Imron mengerti. Beliau kemudian menyuruh santri lain mengaji di saung kecil di belakang. Meninggalkan kedua orang itu di balai-balai Tajug.

“Jangan lama-lama ya. Ini tempat ibadah,” ucap Ustadz dari jauh.

Hamdan dan Syarifah pun saling berhadapan. Namun tak berani mengucapkan cinta. Tak berani berjanji yang muluk-muluk.

“Hamdan, maaf ya Syarifah,” ucap Syarifah lirih,

“kalau ayahku… ayahku tidak suka pada Hamdan.”

Hamdan tersenyum. Senyum yang menyakitkan namun tulus.

“Aku mengerti, aku tidak akan memaksa. Aku hanya ingin menjadi orang yang baik dulu. Baik di hadapan Allah. Jika Allah memerintahkan bertemu lagi dalam keadaan yang halal… ya itu rezeki kita.”

Begitu jelas ucapan Hamdan menceritakan kisah cinta santri.

Syarifah menahan air mata. “Aku juga sama, aku tidak akan melawan ayah. Tapi aku tidak akan berhenti berdoa.”

Syarifah terdiam, terlihat menggigit bibirnya tanda menahan tangis. Tenggorokannya tercekat karena terus menahan air mata.

Namun akhirnya rasa kasih tak terbendung, mereka berdua membuat sebuah “perjanjian” di balai-balai Tajug tempat biasa santri berkumpul sebelum mengaji. Tanpa saksi. Tanpa surat. Janji yang sederhana:

“Kita berpisah sekarang. Kita bertemu lagi di jalan yang diridhai. Kita bersama-sama menjaga diri, menjaga ngaji, sampai waktu yang Allah putuskan.” ucap Syarifah.

Hamdan terdiam. “Silakan terus mengaji. Jangan karena ada aku lalu berhenti.”

Syarifah tersenyum sambil mengambil mushaf. “Ya, kita mengaji bersama. Tapi hati masing-masing terus berbicara.”

Dua suara mengaji pun saling bersahutan, pelan jelas penuh rasa di Tajug sore waktu itu. Bergema dalam alunan rindu.

Meskipun hati sedang berat, namun langkah mereka tetap ke arah yang sama: ke Allah.

Saat hendak pulang, Hamdan berkata terakhir:

“Tajug ini saksi kita. Jika suatu hari kita bertemu lagi di sini… semoga dalam acara yang baik.”

Syarifah hanya bisa mengangguk. Ia keluar dari Tajug membawa hati yang sedikit ringan dari beban.

Di luar, matahari hampir terbenam. Tapi di dalam Tajug, ada satu cahaya yang tak padam: cahaya janji dua anak muda yang memilih cinta dengan cara yang benar.

Cag ah, mari kita lanjutkan ke bagian selanjutnya.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x