x

SINOPSIS DONGENG SUNDA PANINEUNGAN

waktu baca 2 menit
Minggu, 9 Agu 2026 14:21 11 yudi andriyani

SINOPSIS DONGENG SUNDA PANINEUNGAN
Panineungan = Rindu, Kangen yang tidak pernah mati.

Ngisahkeun lalampahan haté dua urang rumaja, Yulia jeung Juanda.

Duaanana patepung di bangku SMA. Masih ngora, masih polos, masih gampang seuri. Tina silih godaan di kelas, ahirna jadi silih pikanyaah. Pacaran anu basajan, pinuh ku janji-janji budak sakola: “sing babarengan nepi ka kolot”.

Tapi kahirupan teu salawasna lempeng.
Hiji mangsa, rahasia Yulia kabuka. Salila ieu Yulia gaduh masalah kesehatan, nu bakal ngakibatkeun Yulia repot. Sanajan kitu, manéhna tetep kuat, tetep panceg jeung teu hayang dibéda-bedakeun. Tapi Juanda, anu masih kénéh budak, kaget jeung teu siap. Sieun kalengitan Yulia disaat cintana muncak. Nepika Hatena ka guncang. Ahirna maranéhna pisah. Bukan ku teu mikanyaah, tapi ku teu siap nanggung beuratna kahirupan ku Leungitna papacangan.

Juanda leungit. Nyesel. Kangenna teu bisa diubaran.
Sababaraha taun ti harita, takdir muter deui.
Dina hiji poé, maranéhna patepung deui di hiji kantor. Geus pada déwasa, pada gawé.

Juanda tuluy ngomong kalayan haté beurat:
“Kuring can bisa mopohokeun anjeun Yul. Tapi… jalan urang geus béda.”

Yulia ngan bisa seuri sedih. Rasa anu sarua masih aya, tapi waktu jeung kaayaan geus ngarobah segalana. Tur pamohalan bisa nga hiji.

Panineungan nyaéta carita ngeunaan cinta munggaran, ngeunaan narima kaayaan, jeung ngeunaan rindu anu teu kungsi paeh sanajan jalanna geus béda.

Dongeng ieu ngajarkeun yén mikanyaah téh teu cukup ku kecap. Kadang, cinta nu pangjujurna nyaéta nalika urang milih ngalepaskeun, demi alusna nu dipikanyaah. *

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x