x

Endan Rahmat Safari – Ti Budel Tambang Emas Ka Juru Dongeng Nu Ngutamakeun Rasa

waktu baca 5 menit
Minggu, 23 Agu 2026 20:56 12 yudi andriyani

 

Biografi : Endan Rahmat Safari

Ti Budel Tambang Emas Ka Juru Dongeng Nu Ngutamakeun Rasa

NGARAN – Endan Rahmat Safari meureun can sakitu kawentar. Tapi sora jeung caritana geus mimitian ngahudangkeun deui rasa Sunda nu loba pendéngé. Lalaki nu lahir di Bandung, 7 Juni 1974 eu, putra ka-6 ti 12 dulur pasangan Bapa Uneb Dahlan jeung Ibu Tati Sugianti binti Muhtar, tur ayeuna dikenal minangka juru dongeng otodidak.

Kaayaan ékonomi kulawarga waktu leutik cukup. Teu mewah, tapi cukup pikeun ngasupkeun Endan sakola. Ti leutik can boga cita-cita anu pasti. Anjeunna ngan hayang hirup hadé.

Pendidikan dasar ditempuh di SD Cipetir 1 Haurwangi, neruskeun ka SMP Nurul Islam Sukaluyu,, jeung SMA Karya Pembangunan Cipatat. Waktu sakola, pangalaman nu pang diingetna nyaéta bobogohan- mangsa-mangsa ngora nu pinuh ku carita jeung seuri.

Lulus SMA, Endan neruskeun kuliah ngambil Jurusan Teknik Industri. “Hayang ngalanglang kota jeung wilayah anu rame, ” cenah ngeunaan alesan milih jurusan éta. Sanggeus lulus, pagawéan munggaran anjeunna nyaéta di Tambang Emas Freeport taun 1996. Ti dunya tambang nu panas jeung teuas, hirup bet ngalengkah kana dunya seni.

Boro-boro ngimpi jadi juru dongeng. Tapi taun 2026 jadi titik balik. Endan mimiti ngadongeng sacara otodidak. Dongeng kahijina nyaéta karya Kang Wawan Kusmiran.

Ayeuna anjeunna keur ngagarap dongeng Sunda judul “Paninengan”*, ogé karya Kang Wawan Kusmiran. Ti sakabéh dongeng nu geus dibawakeun, nu paling méré kesan di haténa nyaéta “Tajug Cinta Sarifah”.

“Halangan pangbadagna mah di alat-alat jeung naskah dongeng,” ceukna. Tapi halangan éta teu ngaluluhkeun niatna. Sabab nurutkeun anjeunna, pelajaran pang berharga ti dunya ngadongeng nyaéta “bisa mawa kana arah anu alus”.

Lamun ditaros prinsip hirup, jawaban Endan singket tapi ngena: “Biar Miskin Asal Sombong”. Sombong di dieu lain sombong harta, tapi sombong dina harga diri jeung dina ngajaga budaya.

Ngeunaan dongeng, prinsipna kieu: “Tepikeun sanajan jelema embung ngadéngékeun ogé”. Anjeunna percaya, carita kudu diteruskeun. Tokoh nu paling ngainspirasi nyaéta Kang Wawan Kusmiran Dipraja – guruna dina seni carita.

Bagi waktu antara kulawarga jeung ngadongeng? “Biasa wae,” ceukna sederhana. Tapi dina haténa aya tujuan gedé. Definisi “ngadongeng” nurutkeun anjeunna nyaéta “nepikeun naon anu bakal, ekeur, nu rek datang”, nyambungkeun baheula, ayeuna, jeung hareup.

Lamun aya kasempetan, anjeunna hayang “ngasupkeun papatah pikeun nu sok Manco kana dongeng- Harapanna ogé sederhana: “Bisa mawa gereget penggemar dongeng ka arah anu alus”.

Ti budak tambang nepi ka ayeuna jadi juru dongeng, perjalanan Endan Rahmat Safari ngajarkeun hiji hal: seni téh lain soal meunang duit, tapi soal nepikeun ajén. Jeung salami carita Sunda masih diucapkeun, maka akar budaya urang moal pupus. *

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

 

Biografi: Endan Rahmat Safari

Dari Rekan Kerja di Tambang Emas Menjadi Seorang Pencerita yang Mengutamakan Perasaan

NGARAN – Endan Rahmat Safari mungkin belum begitu terkenal. Namun suara dan ceritanya mulai membangkitkan kembali rasa Sunda di kalangan banyak pendengar. Pria kelahiran Bandung, 7 Juni 1974, anak ke-6 dari 12 bersaudara pasangan Bapak Uneb Dahlan dan Ibu Tati Sugianti binti Muhtar, kini dikenal sebagai pendongeng otodidak.

Kondisi ekonomi keluarga saat kecil cukup. Tidak mewah, tetapi cukup untuk menyekolahkan Endan. Sejak kecil belum memiliki cita-cita yang pasti. Ia hanya ingin hidup baik.

Pendidikan dasar ditempuh di SD Cipetir 1 Haurwangi, melanjutkan ke SMP Nurul Islam Sukaluyu, dan SMA Karya Pembangunan Cipatat. Saat sekolah, pengalaman yang paling diingat adalah masa pacaran di usia muda yang penuh cerita dan tawa.

Lulus SMA, Endan melanjutkan kuliah mengambil Jurusan Teknik Industri. “Ingin menjelajahi kota dan wilayah yang ramai,” katanya mengenai alasan memilih jurusan tersebut. Setelah lulus, pekerjaan pertamanya adalah di Tambang Emas Freeport tahun 1996. Dari dunia tambang yang panas dan keras, hidup beranjak ke dunia seni.

Boro-boro bermimpi menjadi pendongeng. Namun tahun 2006 menjadi titik balik. Endan mulai mendongeng secara otodidak. Dongeng pertamanya adalah karya Kang Wawan Kusmiran.

Kini ia sedang menggarap dongeng Sunda berjudul “Paninengan”*, juga karya Kang Wawan Kusmiran. Dari semua dongeng yang sudah dibawakan, yang paling memberi kesan di hatinya adalah “Tajug Cinta Sarifah”.

“Hambatan terbesar adalah di alat-alat dan naskah dongeng,” katanya. Namun hambatan itu tidak menggoyahkan niatnya. Karena menurutnya, pelajaran paling berharga dari dunia mendongeng adalah “bisa membawa ke arah yang baik”.

Jika ditanya prinsip hidup, jawaban Endan singkat tapi mengena: “Biar Miskin Asal Sombong”. Sombong di sini bukan sombong harta, tetapi sombong dalam harga diri dan dalam menjaga budaya.

Mengenai dongeng, prinsipnya begini: “Sampaikan meskipun orang tidak mau mendengarkan juga”. Ia percaya, cerita harus dilanjutkan. Tokoh yang paling menginspirasi adalah Kang Wawan Kusmiran Dipraja – gurunya dalam seni cerita.

Membagi waktu antara keluarga dan mendongeng? “Biasa saja,” katanya sederhana. Namun di hatinya ada tujuan besar. Definisi “mendongeng” menurutnya adalah “menyampaikan apa yang akan, sedang, yang akan datang”, menghubungkan masa lalu, sekarang, dan masa depan.

Jika ada kesempatan, ia ingin “memasukkan petuah untuk yang suka Manco ke dalam dongeng – Harapannya juga sederhana: “Bisa membawa semangat penggemar dongeng ke arah yang baik”.

Dari anak tambang hingga kini menjadi pendongeng, perjalanan Endan Rahmat Safari mengajarkan satu hal: seni bukanlah soal mencari uang, tetapi soal menyampaikan nilai. Dan selama cerita Sunda masih diucapkan, maka akar budaya kita tidak akan punah. *

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x