x

Dongeng Sunda Panineungan – Bagian ka 3 Rekaan – Wawan Kusmiran

waktu baca 7 menit
Selasa, 25 Agu 2026 05:41 4 yudi andriyani

Dongeng Sunda

Judul: Panineungan

Bagian ka 3

Rekaan: Wawan Kusmiran

 

Hujan mah tara milih tempat murag… kawas rasa, tara nanya heula ka nu bogana,  tapi mun hujan sok karasa asa tenang, tiis hate teu ieuh bayeungyang.

 

Isukna, lingkungan sakola baseuh. Angin tiis ngahaliwir. Nebak kana daun daun di taman nu tembong cenghar. Malah dina tungtung daun ibun ibun sing gurilap katojo sinar panon poe isuk.

 

Harita Yulia tembong datang paling heula. Dina méjana aya deui amplop. Masih bodas. Masih teu aya ngaran.

 

Eusina ayeuna mah gambar:

gambar payung dua, jeung tulisan leutik di handapna:

 

“Hujan kamari ngajarkeun kuring.

Mun tiis, urang kudu silih haneutan.

Mun basah, urang kudu silih iuhan.

Mugia payung marin ketenangan dina batin urang, ”

 

Yulia seuri sorangan. Teu nyangka ka Juanda anu disangka bakal wani oge wanter balaka ngeunaan isi hatena. Dina prak prak kan na mah ngan saukur wani nyieun surat.

 

“Payung Panineungan meureun” Pokna dina jero hate bari buru buru ngasupkeun surat kana tasna.

 

Sedengkeun di kelas Juanda. Waktu tengah poé, pelajaran olahraga batal. Kelas jadi rame ku sabab barudak atoh kacida olah raga teu jadi, cenah mah panas.

Rama nu biasa osok pang mijahna, Lian ti ngagandengkeun teh oge sok muka beja beja anu paling anyar diantara babaturan ana. Pon kitu deui kaayaan Juanda anu keur bungah ku alatan panggih jeung Yulia langsung jadi bahasan Rama.

 

“Heee barudak! Aya nu terang teu saha nu sok nitipkeun surat cinta ka Yulia?” ceuk Rama bari nangtung di luhur korsi.

 

“Ramaaa  tong cekcok!” ceuk Juanda ti tukang, beungeutna beureum semu era.

 

“Naon atuh Jua, kudu jujur. Lalaki mah kudu tanggung jawab!” ceuk Rama ngaheureuyan sobat na.

 

Sakelas jade rame. Aya anu sueri Aya oge nu nyebut oh kaget sabab kakara apal Juanda murid pang kasepna jeung pang pinter na geus naksir Yulia.

 

Dadak dimasak suasana kelas jadi robah, ampir kabeh jadi gandeng nu jadi bahan obrolan iwal soal awewe atawa lalaki. Malah Aya anu terus ngagonjak ka Juanda.

Ngagarosipna parat nepika ka waktu, mulang dumeh waktu harita ngadadak guru ge araya halangan teu asup.

“Kabuuur!” aya nu ngagorowok manasan bari ngasupkeun buku kana tasna. Langsung di Soren  jiga bener rek mulang.

Seperti biasa waktu mulang, di gerbang ngaburudul barudak bubar. Dina sebagian baringan aya anu leumpang rusuh baru nuju ka hareup. Sanggeus  aya di gigireun Yulia. Manehna nyarita galon.

 

“Punten neng… Manawi payung dicandak” Pok na.

Ditanya kitu Yulia ngareret,  terus unggeuk lalaunan bari imut.

 

Lenyap jantung Juana nga lenyap ninggal imut Yulia anu tembong estu geulis. Terus Leungeun Juanda nyodorkeun sapotong roti jeung cai mineral.

 

“Nuhun ?” ceuk Yulia laun.

 

“Abdi… Kumawantun, ” walon Juanda gugup.

“Tadi ningali neng can jajan. Punten nya upami ngaganggu.”

 

Ahirna duanana ngobrol najan teu laluasa. Tapi masih sempet patarema panangan bari saling kenalan nyebatkeun ngaran.

 

Tos beres Juanda langsung lumpat miheulaan. Ceulina beureum kawas nu embung kanyahoan sok komo barang loba babaturan ana Surak jeung keprok ngajangjaruhkeun.

 

Sanggeus mulang

 

Di pangkalan, Yulia katempo nangtung sorangan.  Jeung ngadadak najan angkeub ukur sakeudeung ahirna turun Hujan deui.

 

Waktu Yulia bingung ku hujan, Tiba-tiba aya payung biru ngiuhan ti tukang.

 

“Hapunten Abdi mayungan deui, ” ceuk sora Juanda. “Tapi mun hujan, kuring bisa ngiuhan. Mun tiis, kuring bisa ngadeukeutan, ” Ceuk Juanda Heureuy.

 

Yulia ngareret  ka tukang. “Kunaon teu make ngaran di suratna?”

 

“Kunaon neng teu waler suratna?” waler Juanda bari seuri kaku.

 

Duanana jempling. Nu kadéngé ngan sora hujan jeung motor liwat.

 

“Kuring mah… sieun” ceuk Juanda ahirna. “Sieun ditolak. Sieun ngarepkeun tapi ahirna kuciwa hate, ”

 

Yulia nyokot payungna. “Teras ayeuna?”

 

Juanda narik napas. “Ayeuna mah… kuring wani baseuh. Asal bisa nangtung di gigireun neng.”

 

Yulia teu ngajawab. Tapi manehna nyokot sapotong roti nu dibéré kamari ti jero tas. “Ieu… kanggo anjeun. Bisi lapar deui.”

 

Saterusna  Maranehna leumpang babarengan nembus hujan. Hiji payung ku duaan.

 

Tina jauh, katempo Rama moto make HP. “Tuh kan… ieu mah geus resmi  Panineungan,” ceukna bari ngirim ka grup kelas.

 

Juanda ngarasa angin dina  peuting éta hiliwirna béda. Teu tiis deui. Aya haneutna, ka dorong mekarna cinta dina mangsa SMA…

 

BERSAMBUNG KA BAGIAN 4

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Dongeng Sunda
Judul: Panineungan
Bagian ke-3
Karya: Wawan Kusmiran

Hujan tidak pernah memilih tempat untuk jatuh… seperti perasaan, tidak pernah bertanya dulu kepada pemiliknya, tapi kalau hujan selalu terasa menenangkan, sejuk di hati tidak gelisah.

Keesokan paginya, lingkungan sekolah basah. Angin sejuk berhembus. Menerpa daun-daun di taman yang tampak segar. Bahkan di ujung daun embun berkilauan tertimpa sinar matahari pagi.

Saat itu Yulia terlihat datang paling awal. Di mejanya ada lagi amplop. Masih putih. Masih tanpa nama.

Isinya kali ini adalah gambar:
gambar payung dua, dan tulisan kecil di bawahnya:

“Hujan kemarin mengajarkanku.
Jika dingin, kita harus saling menghangatkan.
Jika basah, kita harus saling berteduh.
Semoga payung ini membawa ketenangan dalam batin kita,”

Yulia tertawa sendiri. Tidak menyangka Juanda yang dikira akan berani ternyata berani terus terang tentang isi hatinya. Dalam pelaksanaannya ternyata hanya berani membuat surat.

“Payung Panineungan mungkin,” katanya dalam hati sambil buru-buru memasukkan surat ke dalam tasnya.

Sementara itu di kelas Juanda. Waktu tengah hari, pelajaran olahraga batal. Kelas menjadi ramai karena anak-anak sangat senang olahraga batal, katanya panas.
Rama yang biasanya paling cerewet, selain membuat gaduh juga sering membuka berita-berita terbaru di antara teman-temannya. Begitu juga keadaan Juanda yang sedang senang karena bertemu Yulia langsung menjadi bahasan Rama.

“Hee teman-teman! Ada yang tahu siapa yang suka menitipkan surat cinta ke Yulia?” kata Rama sambil berdiri di atas kursi.

“Ramaaa jangan berisik!” kata Juanda dari belakang, wajahnya merah karena malu.

“Apa sih Jua, harus jujur. Laki-laki harus bertanggung jawab!” kata Rama menggoda sahabatnya.

Satu kelas jadi ramai. Ada yang tertawa, ada juga yang menyebut oh kaget karena baru tahu Juanda murid paling tampan dan paling pintar sudah naksir Yulia.

Tiba-tiba suasana kelas berubah, hampir semua jadi ramai yang menjadi bahan obrolan tidak lain soal perempuan atau laki-laki. Bahkan ada yang terus menggoda Juanda.
Gosipnya berlanjut sampai waktu pulang karena waktu itu tiba-tiba guru juga ada halangan tidak masuk.

“Kabur!” ada yang berteriak memanasi sambil memasukkan buku ke dalam tasnya. Langsung berhamburan seolah benar mau pulang.

Seperti biasa waktu pulang, di gerbang berhamburan anak-anak bubar. Di sebagian jalan ada yang berjalan terburu-buru menuju depan. Setelah berada di samping Yulia. Dia berbicara dengan serius.

“Permisi neng… Barangkali payung dibawa” katanya.
Ditanya begitu Yulia menoleh, lalu mengangguk perlahan sambil tersenyum.

Lenyap jantung Juanda lenyap melihat senyum Yulia yang terlihat sangat cantik. Lalu tangan Juanda menyodorkan sepotong roti dan air mineral.

“Terima kasih?” kata Yulia pelan.

“Saya… Beranikan diri,” jawab Juanda gugup.
“Tadi melihat neng belum jajan. Permisi ya kalau mengganggu.”

Akhirnya keduanya mengobrol meskipun tidak leluasa. Tapi masih sempat bertukar tangan sambil saling berkenalan menyebutkan nama.

Sudah selesai Juanda langsung lari mendahului. Telinganya merah seolah tidak ingin ketahuan apalagi kalau banyak teman-temannya bersorak dan bertepuk tangan menggodanya.

Setelah pulang

Di pangkalan, Yulia terlihat berdiri sendiri. Dan tiba-tiba meskipun mendung hanya sebentar akhirnya turun hujan lagi.

Saat Yulia bingung oleh hujan, tiba-tiba ada payung biru meneduh dari belakang.

“Maaf saya meneduh lagi,” kata suara Juanda. “Tapi kalau hujan, saya bisa meneduh. Kalau dingin, saya bisa mendekat,” kata Juanda bercanda.

Yulia menoleh ke belakang. “Kenapa tidak pakai nama di suratnya?”

“Kenapa neng tidak balas suratnya?” jawab Juanda sambil tersenyum kaku.

Keduanya diam. Yang terdengar hanya suara hujan dan motor lewat.

“Saya… takut” kata Juanda akhirnya. “Takut ditolak. Takut berharap tapi akhirnya kecewa hati,”

Yulia mengambil payungnya. “Lalu sekarang?”

Juanda menarik napas. “Sekarang… saya berani basah. Asal bisa berdiri di samping neng.”

Yulia tidak menjawab. Tapi dia mengambil sepotong roti yang diberi kemarin dari dalam tas. “Ini… untuk Anda. Siapa tahu lapar lagi.”

Selanjutnya mereka berjalan bersama menembus hujan. Satu payung berdua.

Dari jauh, terlihat Rama memotret pakai HP. “Tuh kan… ini sudah resmi Panineungan,” katanya sambil mengirim ke grup kelas.

Juanda merasa angin di malam itu hembusannya berbeda. Tidak dingin lagi. Ada kehangatan, terdorong mekarnya cinta di masa SMA…

LANJUT KE BAGIAN 4

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x