x

Dongeng Sunda Panineungan – Bagian ka 2: Rekaan: Wawan Kusmiran

waktu baca 6 menit
Kamis, 20 Agu 2026 06:17 10 yudi andriyani

Dongeng Sunda

Panineungan

Bagian 2:

Rekaan: Wawan Kusmiran

 

Saatos kaukir dina lamunan tepung di kantin, kadang aya rasa anu karasa ngahudang lamunan  najan teu jelas tapi aya bungah jeung bagja. Sok komo sanggeus apal Yulia mang rupa wanoja geulis di kelasna.

 

Harita angin leutik nu ngahiliwir mimiti mawa carita anyar…nebak rasa rasa endahna cinta anu kakara mekar.

Sok komo ti saprak poé Jumaah éta, Juanda jadi aneh. Lamun sieh teu ningali Yulia, asa kuciwa hate anu susah di kedalkeunana.

 

Marak unggal istirahat sok ngaliwat ka kantin, padahal biasana mah Juanda leuwih resep jajan di luar gerbang. Panonna sok rurat retet milarian hiji jalma… Yulia.

 

Sedengkeun Yulia? Manehna oge teu beda jeung Juanda, ngaku ka diri sorangan  bet kataji jeung panasaran ku Juanda.  Ngan nu jelas lamun ningali Juanda liwat, sorena catetan di bukuna jadi belepotan. Pinuh ku curat coret ngeunaan Juanda.

 

Sok untung,  waktu suasana karasa kaku, suasana jadi tegang Rama mah sok tambah maceuh ngagonjak jadi dalangna.

 

“Heh Jua, iraha rek ngalamar? Ulah waka ngalamar, nembongkeun rasa heula atuh!” ceuk Rama bari seuri leutik bari mere isyarat ka arah Yulia nu diam diam neuteup Juanda.

 

“Ulah rese maneh! Kuring mah… euh… can wani” walon Juanda laun.

Ahirna duanana silih gonjak bari suka seuri bangun anu bungah.

 

Tilu poé ti harita,  Isuk-isuk, saméméh jam pelajaran, Yulia manggihan hiji amplop bodas dina laci mejana. Teu aya ngaran pangirimna. Ngan tembong aksarana estu rapih pisan. Baru amplop kaambeu seungit.

Di jerona aya sapotong kertas lipet opat.

 

Tulisanna kieu:

“Ka nu resep ngopi susu teh di pojok kantin.

Hatur nuhun tos seuri ka kuring waktu éta.

Kuring nu sok ngagandengkeun waktu jajan di kantin. Naha tapi can kungsi wani nyarios.

baktos Abdi nu ngoleang ku angin katresna.

 

Yulia maca dua kali. Tilu kali. Haténa deg-degan.

 

“Si saha nya ieu?” ceuk manehna dina hate. Sok sanajan awalna teu hayang eta surat ti Juanda.

 

Beurangna, manehna nyoba ngintip ka arah kelas IPS kelasna Juanda. Katémbong Juanda keur diomelan ku Rama bari nunjuk-nunjuk ka manehna. Juanda buru-buru ngalieuk. beungeut Paamprok teueteup. Atra hate teh teu bisa di bohongan.

 

“Eta meureun…”  Gerentes hate Yulia bari terus lewat ngajauh ti kelas Juanda.

 

Sanggeus balik sakola, hujan gede. Yulia ngiuhan di payuneun gerbang. Tiba-tiba aya nu ngadeukeutan bari mawa payung. Sok sanajan a walna teu di lieuk.

“Eh… punten neng, ieu payung… Mangga tiasa dianggo heula” ceuk sora nu di tukeungan bari asa wawuh kana eta sora.

 

Juanda. Baseuh rancucut, Napasna rada renghap ranjug saatos lumpat muru Yulia sieun kehujanan.

 

“Kuring… kuring ngan ukur hayang nanya” ceuk Juanda gugup. “Eta surat… dibaca teu?”

 

Yulia kaget. Beungeutna beureum campur semu era.

“Oh muhun abdu teu apal saha nu ngirim”

Yulia rada ngelak bohong saeutik. Tapi teu bisa dipungkir aya riak bagja nu karasa ku dirina.

 

Juanda seuri kaku, “Oh… muhun. Punten nya upami ngaganggu.”

 

Lalaki éta tuluy lumpat nembus hujan. Teu malire awak kehujanan anu penting payung geus kaparinkeun ka Yulia.

 

Yulia nangtung kénéh. Nyekelan payung. Dina haténa ngomong:

“Naha angin ieu hiliwirna beuki kenceng nya, cai hujan mancawura. Tapi anjeun naha lumpat belaan huhujanan, ” Pokna.

 

Pawlawargi sadayana, Teras kumaha? Naha Yulia bakal ngaku? Naha Rama bakal ngabongkar rusiah Juanda?

 

BERSAMBUNG KA BAGIAN 3:

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia 

Dongeng Sunda
Panineungan
Bagian 2:
Rekaan: Wawan Kusmiran

Setelah terukir dalam lamunan bertemu di kantin, terkadang ada rasa yang terasa membangkitkan lamunan meskipun tidak jelas namun ada rasa senang dan bahagia. Apalagi setelah tahu Yulia adalah wanita cantik di kelasnya.

Saat itu angin sepoi-sepoi mulai membawa cerita baru… menebak rasa indahnya cinta yang baru mekar.
Apalagi sejak hari Jumat itu, Juanda menjadi aneh. Jika tidak melihat Yulia, terasa kecewa hati yang sulit diungkapkan.

Setiap istirahat selalu melewati kantin, padahal biasanya Juanda lebih suka jajan di luar gerbang. Matanya selalu celingak-celinguk mencari seseorang… Yulia.

Sedangkan Yulia? Dia juga tidak berbeda dengan Juanda, mengakui pada diri sendiri bahwa tertarik dan penasaran pada Juanda. Namun yang jelas jika melihat Juanda lewat, sorenya catatan di bukunya jadi berantakan. Penuh dengan coretan tentang Juanda.

Untung saja, saat suasana terasa kaku, suasana jadi tegang Rama selalu menambah keributan menjadi dalangnya.

“Hei Jua, kapan mau melamar? Jangan dulu melamar, tunjukkan rasa dulu dong!” kata Rama sambil tersenyum kecil sambil memberi isyarat ke arah Yulia yang diam-diam menatap Juanda.

“Jangan ganggu kamu! Aku mah… euh… belum berani” jawab Juanda pelan.
Akhirnya keduanya saling menggoda sambil tertawa riang seperti orang bahagia.

Tiga hari setelah itu, Pagi-pagi, sebelum jam pelajaran, Yulia menemukan sebuah amplop putih di laci mejanya. Tidak ada nama pengirimnya. Hanya terlihat tulisannya sangat rapi sekali. Baru amplop tercium wangi.

Di dalamnya ada selembar kertas lipat empat.

Tulisannya begini:
“Kepada yang suka ngopi susu di pojok kantin.
Terima kasih sudah tersenyum padaku waktu itu.
Aku yang suka membuat gaduh waktu jajan di kantin. Kenapa tapi belum pernah berani bicara.
Salam dari Aku yang terbuai oleh angin cinta.

Yulia membaca dua kali. Tiga kali. Hatinya berdebar.

“Siapa ya ini?” katanya dalam hati. Meskipun awalnya tidak ingin surat itu dari Juanda.

Siang harinya, dia mencoba mengintip ke arah kelas IPS kelas Juanda. Terlihat Juanda sedang dimarahi oleh Rama sambil menunjuk-nunjuk ke arahnya. Juanda buru-buru menoleh. Wajah berpapasan tidak sengaja. Jelas hati tidak bisa dibohongi.

“Itu mungkin…” Gumam hati Yulia sambil terus lewat menjauh dari kelas Juanda.

Setelah pulang sekolah, hujan deras. Yulia berteduh di depan gerbang. Tiba-tiba ada yang mendekat sambil membawa payung. Meskipun wajahnya tidak dilihat.
“Eh… permisi non, ini payung… Silakan bisa dipakai dulu” kata suara yang di belakang sambil terdengar akrab pada suara itu.

Juanda. Basah kuyup, Napasnya agak terengah-engah setelah berlari menghampiri Yulia takut kehujanan.

“Aku… aku hanya ingin bertanya” kata Juanda gugup. “Itu surat… dibaca tidak?”

Yulia kaget. Wajahnya merah campur sedikit malu.
“Oh iya saya tidak tahu siapa yang mengirim”
Yulia sedikit berbohong. Tapi tidak bisa dipungkiri ada riak bahagia yang dirasakan oleh dirinya.

Juanda tersenyum kaku, “Oh… iya. Maaf ya kalau mengganggu.”

Laki-laki itu lalu berlari menembus hujan. Tidak memedulikan badan kehujanan yang penting payung sudah diberikan ke Yulia.

Yulia masih berdiri. Memegang payung. Dalam hatinya berkata:
“Kenapa angin ini bertiup semakin kencang ya, air hujan berhamburan. Tapi kamu kenapa lari rela kehujanan,” Ucapnya.

Saudara-saudara sekalian, Lantas bagaimana? Apakah Yulia akan mengaku? Apakah Rama akan membongkar rahasia Juanda?

BERSAMBUNG KE BAGIAN 3:

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x