x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian ka-4: Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 5 menit
Sabtu, 11 Jul 2026 20:46 12 yudi andriyani

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ka-4:

Rekaan : Wan Kusmiran

Peuting harita Mang Kardi jeung Hamdan indit ti saung leutik gigireun sawah Cep Barna. Ngan mawa baju dina wadah karung leutik, kitab kitab nu lusuh , jeung sajadah nu geus rada pias.

sedengkeun  hujan keur ngaririncik, nyiram léah jeung hate nu raheut.

“Pa, hapunten…” ceuk Hamdan, sorana geter nahan ceurik. “Gara-gara abdi, Bapa jadi kieu.”

Mang Kardi eureun, neuteup Hamdan nu geus jangkung. Tuluy ngusapan  sirah Hamdan ku leungeun nu  dampalna kasar.

“Ulah nyalahkeun manéh Jang. Hirup mah geus aya nu ngatur. Nu penting urang ulah leungit iman.”

Duaan leumpang nepikeun ka hiji saung kosong di tengah kebon lega. Sawah ngampar, bari nu bogana can ieuh dipiwanoh ku Hamdan. Najan memang pernah cicing di eta tempat saencana ngagarap sawah Cep Barna.

Tapi pikun Hamdan mah teu loba pikir.

“Sing barokah di dieu, sok komo Taneuhna lega urang garap ku urang, Nu penting halal.” ceuk Mang Kardi

Ti harita, Hamdan ngabantuan Mang Kardi. Isuk sakola, beurang mulang ti sakola mantuan di kebon atawa di sawah, peuting ngaji sorangan dina damar cempor. Leungeunna nu biasana nyekel kitab, ayeuna bararedan ku pacul. Tapi haténa? Teu leupas ti Tajug. Teu leupas ti seuri Syarifah nu ukur sakiceup.

“Syari… damang teu manéhna ayeuna?” sok ngomong kitu sorangan bari neuteup langit.

7 bulan kaliwat…

Di imah gedé Cep Barna, koper-koper geus disayagakeun. Mamah Anisa ngarangkepan baju, kerudung, jeung buku-buku nu kandel.

“Syari, Neng, ieu jas almamaterna ulah poho. Mamah mah hayang Neng jadi dokter. Nyaah ka Bapa, geus méakkeun sawah sabau pikeun biaya  Neng  di Fakultas Kedokteran di Bandung,” ceuk Mamah Anisa, panonna bari neuteup pinuh harepan.

Syarifah ukur unggeuk. Beungeutna atra geulis, tapi sepi. Ti kajadian di tajug, manéhna geus lain Syarifah nu loba imut. Sapopoéna ngurung diri, diajar, solat, maca Quran. Teu ieuh mampu Ngeureunkeun rasa kanu  ngaranna Hamdan.

“Engké di Bandung, pokus diajar, nya. Pohokeun kajadian di lembur. Bapa rék mulangkeun ngaran urang ku cara Neng jadi dokter kasohor,” ceuk Cep Barna bari nungtun Syarifah kana  mobil.

Mobil hideung ngageleser ninggalkeun lembur. Syarifah nempo ka tukang. Jalan satapak ka Tajug beuki jauh. Kebon-kebon, sawah, jeung hiji saung di tengah lahan nu lega.

Sabenerna teu dipikanyaho ku manéhna… aya Hamdan di dinya.

Di saung na, Hamdan keur melak cau. Ujug-ujug manéhna ngahuleng, dada ngarasa nyeri. Teu apal naha kunaon.

Hujan turun deui. Ngan waktos ieu, nu kahujanan lain bae saung Mang Kardi. Tapi hate dua rumaja nu dipisahkeun ku ambisi jeung fitnah.

Syarifah ka Bandung, mawa  panitah kulawarga jadi dokter sangkan kulawarga tambah nambah darajat.

Hamdan di saung, mawa ngaran anak panyawah nu diusir.  Tapi pinuh patekadan kudu sukses jadi santri bari hade akhlak sabab soal haleuah dunya bisa nuturkeun.

Tapi langit mah angger jadi saksi: Kanyaah nu tulus tara paeh ku jarak, tara beak ku waktu.

Nyambung ka Bagian ka-5: kumaha Syarifah jeung Hamdan mangga dibagian ka 5.

 

Terjemahan ke bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ke-4:

Rekaan: Wan Kusmiran

 

Malam itu Mang Kardi dan Hamdan pergi dari saung kecil di samping sawah Cep Barna. Hanya membawa pakaian dalam wadah karung kecil, kitab-kitab yang lusuh, dan sajadah yang sudah agak pudar.

Sementara itu, hujan turun rintik-rintik, membasahi bumi dan hati yang terluka.

“Pak, maafkan…” kata Hamdan, suaranya bergetar menahan tangis. “Gara-gara saya, Bapak jadi begini.”

Mang Kardi berhenti, menatap Hamdan yang sudah tinggi. Lalu mengusap kepala Hamdan dengan tangan yang telapaknya kasar.

“Jangan menyalahkan dirimu, Nak. Hidup ini sudah ada yang mengatur. Yang penting kita jangan hilang iman.”

Keduanya berjalan hingga sampai di sebuah saung kosong di tengah kebun luas. Sawah terhampar, sementara pemiliknya belum dikenal oleh Hamdan. Meskipun memang pernah tinggal di tempat itu sebelum menggarap sawah Cep Barna.

Namun, Hamdan yang masih muda tidak banyak berpikir.

“Semoga berkah di sini, apalagi tanahnya luas kita garap bersama. Yang penting halal,” kata Mang Kardi.

Sejak saat itu, Hamdan membantu Mang Kardi. Pagi sekolah, siang pulang dari sekolah membantu di kebun atau di sawah, malam mengaji sendiri dengan penerangan damar cempor. Tangannya yang biasanya memegang kitab, kini kapalan karena pacul. Tapi hatinya? Tidak lepas dari Tajug. Tidak lepas dari senyum Syarifah yang hanya sekilas.

“Syari… apa kabar dia sekarang?” sering ia berkata sendiri sambil menatap langit.

7 bulan berlalu…

Di rumah besar Cep Barna, koper-koper sudah disiapkan. Mamah Anisa melipat baju, kerudung, dan buku-buku yang tebal.

“Syari, Nak, ini jas almamaternya jangan lupa. Mamah ingin kamu jadi dokter. Sayangilah Bapak, sudah mengorbankan sawah seluas ladang untuk biaya kamu di Fakultas Kedokteran di Bandung,” kata Mamah Anisa, matanya menatap penuh harapan.

Syarifah hanya mengangguk. Wajahnya sangat cantik, namun sepi. Sejak kejadian di tajug, ia sudah bukan Syarifah yang banyak tersenyum. Sehari-harinya mengurung diri, belajar, salat, membaca Quran. Tidak mampu menghentikan rasa rindu pada sosok yang bernama Hamdan.

“Nanti di Bandung, fokus belajar, ya. Lupakan kejadian di kampung. Bapak akan mengembalikan nama baik kita dengan cara kamu menjadi dokter terkenal,” kata Cep Barna sambil menuntun Syarifah ke mobil.

Mobil hitam melesat meninggalkan kampung. Syarifah melihat ke belakang. Jalan setapak ke Tajug semakin jauh. Kebun-kebun, sawah, dan sebuah saung di tengah lahan yang luas.

Sebenarnya tidak diketahui olehnya… ada Hamdan di sana.

Di saungnya, Hamdan sedang menanam pisang. Tiba-tiba ia terdiam, dada terasa nyeri. Tidak tahu mengapa.

Hujan turun lagi. Namun kali ini, yang kehujanan bukan hanya saung Mang Kardi. Tapi hati dua remaja yang dipisahkan oleh ambisi dan fitnah.

Syarifah ke Bandung, membawa amanah keluarga menjadi dokter agar keluarga semakin terangkat derajatnya.

Hamdan di saung, membawa nama anak petani yang terusir. Tapi penuh tekad harus sukses menjadi santri sambil berakhlak mulia karena soal kebutuhan dunia bisa mengikuti.

Namun langit tetap menjadi saksi: Kasih sayang yang tulus takkan mati oleh jarak, takkan habis oleh waktu.

Nyambung ke Bagian ke-5: bagaimana Syarifah dan Hamdan, silakan di bagian ke-5.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x