x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian Ka 19 Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 4 menit
Sabtu, 25 Jul 2026 02:11 11 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ka 19

Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

Di belah kulon mega beureum sing aludrat, mapaes langit sore. Angin ngahiliwir nyapu rasa anu keur teu tenang, sok komo rasa sono beuki moho tapi kapastian cinta tacan aya kacindekan.

Angin ti Tajug karasa asa ngusapan daun kai waru. Nimbulkeun musik alam nu ngumbar sawangan tambah jauh.

Harita Syarifah keur calik dina bangku kai hareupeun Tajug. Sok bari ngadengekeun adzan Magrib nu kakara ngong. Haténa ngarasa tenang, ngan aya saeutik hariwang kana kabar ti Jakarta.

Teu kungsi lila , keur anteng kitu datang Maya. Batur sapangajian Syarifah. Tapi ari nya kitu syarifah geus apal omonganana sok panas kawas cabé.

“fah, geus apal can Hamdan geus ka Jakarta!”

Syarifah kaget

“Ka Jakarta? Rek naon Maya?”

Maya mesem bari seuri leutik, “Keur nengan istri wanoja  urang Jakarta atuh. Soalna Hamdan geus bosen di dieu. Cenah sugan wae manéhna bakal nikah ka urang Jakarta. Ari didieu oge ngan dipiheulaan we.”

Sora Maya asa ngabeledag, sok komo ucap ucapanana ibarat nyebarkeun fitnah. Pajar cenah Hamdan geus ninggalkeun kuliahna, ninggalkeun impian, ngan saukur pikeun nuturkeun awewe urang Jakarta nu jadi impian ana.

Syarifah balem. Panona beueus, tapi teu ieuh neteskeun cipanon. Dina haténa manéhna ngadoa sok sanajan karasa ngageter. Semu. Nahan juuhna cipanon.

“Ya Allah… upami ieu ujian, kuatkan abdi. Upami ieu fitnah, tampakkeun bebeneranna.”

Ninggal syarifah jempling, Maya terus nyarita jiga anu enya. Soal. Hamdan sagala dibahas sok padahal mah duka jauh ka enya. a

” Hamdan ka Jakarta mawa luka, apan apal anjeun ka Raka, ” Pok na.

Syarifah tetep balem, ngan kaciri kadang kadang tungkul. Ahirna Maya pamit cenah moal ngaji sabab aya halangan. Atra dina roman cukup puas. Da memang tujuanana hayang misah keun Hamdan jeung Syarifah.

Sanggeus Maya indit, Syarifah nangtung bari bangun lesu, terus leumpang lalaunan nyamperkeun Tajug. Bada abdas jeung sholat Manéhna sujud. Dina sujudna nu sumerah pasrah aya Sora halon.

manéhna nyarita:

“Tajug ieu saksi cinta abdi ka Hamdan. Upami jodona, balikkeun. Upami sanés, ikhlas keun.”

Waktu teu karasa geus peuting, syraifah terus ngaji nepi ka Malem harita Tajug karasa asa beda,  asa aya anu luengit… Asa aya anu rek indit.

Bulan pinuh nyorot kana sela. Sela bilik Tajug, tembus kana hate anu tunggara. Sok komo Fitnah Maya ngagero, tapi iman Syarifah leuwih geus leuwih ajeg ” Cinta lain kudu jadi babarengan, tapi cinta hiji pembelajaran anu suci….

Deuh teu karaos nyambung ka bagian 20

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian Ke-19

Karya Tulis: Wan Kusmiran Dipraja

 

Di ufuk barat, mega merah membentang, menghiasi langit senja. Angin berhembus lembut menyapu perasaan yang sedang gelisah, apalagi rasa rindu semakin mendalam namun kepastian cinta belum juga terwujud.

Angin dari Tajug terasa seperti mengusap daun pohon waru. Menimbulkan musik alam yang mengumbar pandangan semakin jauh.

Saat itu Syarifah sedang duduk di bangku kayu di depan Tajug. Sambil mendengarkan adzan Magrib yang baru saja berkumandang. Hatinya merasa tenang, hanya ada sedikit kekhawatiran akan kabar dari Jakarta.

Tak lama kemudian, saat sedang asyik begitu, datanglah Maya. Teman satu pengajian Syarifah. Tapi ya begitulah, Syarifah sudah tahu ucapannya selalu pedas seperti cabai.

“Fah, sudah tahu belum Hamdan sudah ke Jakarta!”

Syarifah terkejut.

“Ke Jakarta? Mau apa Maya?”

Maya tersenyum sambil tertawa kecil, “Sedang mencari istri orang Jakarta atuh. Soalnya Hamdan sudah bosan di sini. Katanya berharap dia akan menikah dengan orang Jakarta. Kalau di sini juga hanya didahului saja.”

Suara Maya terasa menggelegar, apalagi ucapannya ibarat menyebarkan fitnah. Dikatakan bahwa Hamdan sudah meninggalkan kuliahnya, meninggalkan impian, hanya demi mengikuti wanita Jakarta yang menjadi impiannya.

Syarifah diam. Matanya berkaca-kaca, tapi tidak sampai meneteskan air mata. Dalam hatinya ia berdoa meskipun terasa bergetar. Berusaha menahan jatuhnya air mata.

“Ya Allah… jika ini ujian, kuatkan aku. Jika ini fitnah, tunjukkan kebenarannya.”

Melihat Syarifah diam, Maya terus berbicara seolah-olah benar. Soal Hamdan segala dibahas padahal mungkin jauh dari kenyataan.

“Hamdan ke Jakarta membawa luka, kan tahu kamu ke Raka,” katanya.

Syarifah tetap diam, hanya terlihat kadang-kadang menunduk. Akhirnya Maya pamit, katanya tidak mengaji karena ada halangan. Terlihat di wajahnya cukup puas. Memang tujuannya ingin memisahkan Hamdan dan Syarifah.

Setelah Maya pergi, Syarifah berdiri dengan lesu, lalu berjalan perlahan menghampiri Tajug. Setelah berwudhu dan sholat, ia bersujud. Dalam sujudnya yang pasrah, terdengar suara halus.

Ia berkata:

“Tajug ini saksi cintaku pada Hamdan. Jika jodohnya, kembalikan. Jika bukan, ikhlaskan.”

Waktu terasa berlalu hingga malam, Syarifah terus mengaji sampai larut. Malam itu Tajug terasa berbeda, terasa ada yang merindukan… Terasa ada yang akan pergi.

Bulan purnama menyinari celah-celah. Celah dinding Tajug, menembus hati yang sedang berduka. Apalagi fitnah Maya bergema, tapi iman Syarifah lebih kokoh. “Cinta bukan harus bersama, tapi cinta adalah pembelajaran yang suci….”

Tak terasa tersambung ke bagian 20.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x