x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian ka-2: Seuneu Dina Katimuru – Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 6 menit
Rabu, 8 Jul 2026 17:10 14 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ka-2: Seuneu Dina Katimuru

Rekaan: Wan Kusmiran

Saparantos poé panungtung maranehna tepang di Tajug, tingkah Syarifah jeung Hamdan asa aya nu béda. Lamun ngaji, panonna sok kalan kalan neangan. Duaan nana sami kapincut ati. Kanyaah tumuwuh jiga kacambah sanggeus hujan. Tapi duanana pada-pada can wani pok. Ngan wani silih imut, silih dungakeun dina jero haté.

Pasosore di tajug tetep sakumaha biasana. Barudak ngalogatkeun kitab, sora tarik silih tumpang tindih. Hamdan maca kitabna leuwih tartil ti batur. Syarifah ngadéngékeunana bari nunduk, tapi ceulina mah ditompokeun. Ari haté? Geus teu beunang dibangbalerkeun

Ngan, nya kita aya paribasa kembang mah tara henteu ku hileud.

Di barisan santriwati, aya Maya. Budak geulis, parigel, anak juragan béas di pasar. Geus lila manéhna naksir ka Hamdan. Unggal Hamdan lewat, Maya sok ngahaja ngagebaykeun kerudungna. Ngahaja calik di tempat nu katempo. Tapi Hamdan mah angger baé, panonna ngan neuteup ka handap atawa ka kitab. Komo lamun Syarifah geus datang, taya pisan anu mampu ngagoda hatena.

“Si Syarifah mah anak jalma jegud. Sok alim teuing. Moal wakaeun daék jeung Hamdan,” ceuk Maya dina haté, bari ngegel biwir.

Poé Kemis, sanggeus ngaji rék bubar, Maya ningali Hamdan ngobrol jeung Syarifah di gigir tangkal kananga. Padahal mah ngan ukur ngomong, “pasoalan kitabna katinggaleun.” Tapi ku panon Maya mah, éta téh geus jadi adegan pilem.

Seuneu timburu ngaduruk dadana.

Isukna, Maya nyampeurkeun Cep Barna. Cep Barna téh bapana Syarifah minangka pang beunghar na di kampung eta. Pamikiranana reueus lamun anak sukses jadi dokter. Bisa kuliah di kota gede.

“Cep, uninga teu? Si Hamdan sareng Syarifah téh sok padu duaan sanggeus ngaji. Di tukangeun tajug. Karunya Ustadz Mansur, bilih kacoreng ku budak anyar,” ceuk Maya, sorana dipas-paskeun sedih, padahal bohong.

Cep Barna molotot.

“Na enya? Anak kurung kitu peta? Kurang ajar!”

Ti harita, beja fitnah téh gancang nyebar ti hiji santri ka santri séjén. Nepi ka lohor, geus loba nu nepikan ka indung bapana Syarifah. Jeung guru ngaji Syarifah.

Pasosore éta, tajug asa béda hawana. Ustadz Mansur kaluar ti imahna, beungeut beureum, napas ngos-ngosan. Dina panangana teu lesot tasbe.  tapi ramonana ngagidir.

“Hamdan! Syarifah! Ka dieu maraneh!” sorana ngageleger, matak ngadaréngdég barudak nu keur ngaji.

Syarifah kaget. Kitabna ampir ragrag deui. Hamdan nangtung, nyampeurkeun jeung awak ngadégdég, tapi tetep nunduk hormat. Bari tepak deku.

“Na bener maraneh sok arulin di tukangeun tajug sanggeus ngaji? Naha ngotoran tempat ibadah ku kalakuan kotor?!” ceuk Ustadz Mansur, sorana nyaring.

Tajug nu tadina rame ku sora ngalogat, ayeuna tiiseun jempling. Puluhan panon barudak neuteup. Maya nangtung di tukang, nyumputkeun seuri dumeh hate asa meunang jeung puas.

” Puas karasa ku anjeun Syarifah” Ceuk hate Maya

Syarifah ngarasa dunya jungkir balik. Cipanonna mimiti ngembeng, tapi ditahan.

“Mama … abdi demi Allah… teu…”

Hamdan melong ka Syarifah, tuluy ka Ustadz Mansur nyarita halon.

“Mama, abdi nyuhunkeun hapunten. Abdi sareng Syarifah teu acan kantos…”

“Teu acan? Jadi rék?” panyéngséng Ustadz Mansur leuwih seukeut.

Di luar, angin pasosore ngahiliwirkeun daun kananga. Tapi di jero tajug, haté dua rumaja keur disamber halimun. Fitnah geus kadisik. Nyeri geus ngagurat.

Maya ngahuleng bari nyerengeh, Anjeunna meunang, tapi naha haténa jadi teu ngeunah?

Adzan Magrib hawar hawar ti lembur sejen, Ustadz Mansur malik, asup ka imah bari atra kuciwa sabab dua santri pinilihna dianggap salah peta.

Hamdan jeung Syarifah nangtung kénéh. Teu wani pindah, teu wani nyarita. Ngan silih teuteup, mawa sarébu tanya: Naha kanyaah kudu dibayar ku nyeri heula?

nyambung kabagean ka 3

 

Terjemahaan ke dalam bahasa Indonesia 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ke-2: Api Dalam Kebencian

Karya: Wan Kusmiran

 

Setelah hari terakhir mereka bertemu di Tajug, tingkah Syarifah dan Hamdan terasa berbeda. Saat mengaji, mata mereka sesekali saling mencari. Keduanya sama-sama terpikat hati. Kasih sayang tumbuh bagai kecambah setelah hujan. Namun, keduanya sama-sama belum berani bicara. Hanya berani saling tersenyum, saling mendoakan dalam hati.

Sore di tajug tetap seperti biasa. Anak-anak melantunkan kitab, suara keras saling tumpang tindih. Hamdan membaca kitabnya lebih tartil dari yang lain. Syarifah mendengarkannya sambil menunduk, tetapi telinganya tetap mendengarkan. Hatinya? Sudah tidak bisa dibendung lagi.

Namun, seperti ada peribahasa ulat pasti ada pada bunga.

Di barisan santriwati, ada Maya. Gadis cantik, pandai, anak juragan beras di pasar. Sudah lama ia menyukai Hamdan. Setiap Hamdan lewat, Maya selalu sengaja mengibaskan kerudungnya. Sengaja duduk di tempat yang terlihat. Tapi Hamdan tetap saja, matanya hanya menatap ke bawah atau ke kitab. Apalagi jika Syarifah sudah datang, tidak ada yang mampu menggoda hatinya.

“Si Syarifah itu anak orang kaya. Sok alim sekali. Tidak mungkin mau dengan Hamdan,” kata Maya dalam hati, sambil menggigit bibir.

Hari Kamis, setelah mengaji hendak bubar, Maya melihat Hamdan mengobrol dengan Syarifah di samping pohon kenanga. Padahal hanya sekadar bicara, “soal kitabnya ketinggalan.” Tapi di mata Maya, itu sudah menjadi adegan film.

Api cemburu membakar dadanya.

Keesokan harinya, Maya mendatangi Cep Barna. Cep Barna adalah ayah Syarifah, orang terkaya di kampung itu. Pikirannya bangga jika anaknya sukses menjadi dokter. Bisa kuliah di kota besar.

“Cep, tahu tidak? Si Hamdan dan Syarifah itu sering berduaan setelah mengaji. Di belakang tajug. Kasihan Ustadz Mansur, kalau-kalau tercoreng oleh anak baru,” kata Maya, suaranya dibuat-buat sedih, padahal bohong.

Cep Barna melotot.

“Benarkah? Anak gadis seperti itu kelakuannya? Kurang ajar!”

Sejak saat itu, berita fitnah itu cepat menyebar dari satu santri ke santri lain. Sampai zuhur, sudah banyak yang menyampaikannya ke orang tua Syarifah. Dan guru mengaji Syarifah.

Sore itu, tajug terasa berbeda suasananya. Ustadz Mansur keluar dari rumahnya, wajah merah, napas terengah-engah. Di tangannya tidak lepas tasbih, tapi raut wajahnya mengeras.

“Hamdan! Syarifah! Ke sini kalian!” suaranya menggelegar, membuat anak-anak yang sedang mengaji terkejut.

Syarifah kaget. Kitabnya hampir jatuh lagi. Hamdan berdiri, menghampiri dengan tubuh gemetar, tapi tetap menunduk hormat. Sambil berlutut.

“Benarkah kalian sering bermain di belakang tajug setelah mengaji? Kenapa mengotori tempat ibadah dengan kelakuan kotor?!” kata Ustadz Mansur, suaranya nyaring.

Tajug yang tadinya ramai oleh suara melantun, kini sunyi senyap. Puluhan mata anak-anak menatap. Maya berdiri di belakang, menyembunyikan senyum karena hatinya merasa menang dan puas.

“Puas rasakan olehmu Syarifah,” kata hati Maya.

Syarifah merasa dunia jungkir balik. Air matanya mulai menggenang, tapi ditahan.

“Mama… saya demi Allah… tidak…”

Hamdan memandang Syarifah, lalu ke Ustadz Mansur berbicara pelan.

“Mama, saya mohon maaf. Saya dan Syarifah belum pernah…”

“Belum? Jadi mau?” sentak Ustadz Mansur lebih tajam.

Di luar, angin sore menghembuskan daun kenanga. Tapi di dalam tajug, hati dua remaja sedang disambar halimun. Fitnah sudah terungkap. Sakit sudah tergores.

Maya termenung sambil menyeringai, ia menang, tapi kenapa hatinya jadi tidak enak?

Adzan Magrib sayup-sayup terdengar dari kampung lain, Ustadz Mansur berbalik, masuk ke rumah dengan jelas kecewa karena dua santri pilihannya dianggap berbuat salah.

Hamdan dan Syarifah masih berdiri. Tidak berani pindah, tidak berani bicara. Hanya saling menatap, membawa seribu tanya: Kenapa kasih sayang harus dibayar dengan sakit terlebih dahulu?

lanjut ke bagian ke-3

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x