x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian Ka-9 Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 6 menit
Selasa, 14 Jul 2026 05:49 11 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian Ka : 9

Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

Kocap, Waktu geus teu karsa nyerelek, menit ka menit teu karasa, tapi lamunan tambah ngawang ngawang, sok komo

Sora Maya harita masih nongtoreng dina ceuli Hamdan.

“Ulah hayang ka Syarifah deui… geus dijodokeun…”

Kopi di méja kafe geus tiis, tapi haté Hamdan anu karasa beku. Kaku susah muter deui kana bayang bayang katresna.

Hamdan teu bisa ngomong loba. Teu bisa nyuara di hareupeun Maya. Hamdan ngan ngahuleng, tuluy nyokot tas na.

“Pulang ayeuna kuring, May,” ceuk na pondok.

Maya ngan bisa ngaregepkeun. Dina haténa aya lega… aya ogé rasa salah. Tapi karasa pagaliwota.

Peuting harita keneh, Hamdan mesen bis terakhir jurusan anu ka lemburan. Sapanjang jalan, jandela bis jadi cermin keur kecewa na. Malah angin nu nebak kana awak asa nambah tiis.

“Kalah… ku harta?  Ku pangusaha? Dina hate Hamdan noroweco salah protes kana ayaan anu karasa nyiksa batina.

Subuh, bis eureun di terminal lembur. Tiis.

Imah panggung nu mirip saung, dingdingna tina papan, payuneunna aya tangkal jambu. Éta imah mang Kardi, nu pikeun Hamdan mah mangrupa kolot na.

“Dan… naha geura-geura mulang?” tanya Mang Kardi bari ngagilingkeun kopi. Panonna nyorot ka anak na anu beungeut na kawas jalma eleh perang.

Hamdan diuk di balé. Sora na serak.

“Bapa… kuring eleh.”

“Eleh naon, Dan?”

“Eleh cinta, Pa. Syarifah… rek dijodokeun ka pengusaha. Anu boga duit. Anu bisa ngabangun pabrik di lembur.”

Hamdan jiga putus asa. “Kuring mah naon atuh, Pa? Teu boga naon-naon. Miskin. Matakna sarifah dijodokeun ka batur.”

Mang Kardi ngahulang. Teu langsung ngajawab. Anjeunna nyodorkeun kopi panas ka anakna. Saliwat jiga teu malire.

“Lalaki mah ulah ngukur diri ku duit, Dan,” ceuk Mang Kardi laun.

“Bapa nyaho maneh geus lila resep ka Syarifah. Tapi bapa ogé nyaho… Cep Barna lain jalma anu bisa satuju kitu wae, apan anjeun mah matre.”

Hamdan ngangkat beungeut. “Teras kumaha atuh, Pa?”

Mang Kardi seuri saeutik. “Nu rek dijodokeun ka Syarifah téh, bapa apal narima beja ti sobat bapak. Ngarana Raka. Muhun boga perusahaan. Tapi anu bapa terang kawas kawas teu kitu, ” Pok na Mang Kardi.

“Ceuk bapak mah boa boa Hamdan téh anu boga sawah lega di Cikembang. Kebon oge aya lega pisan, malah Jalmi kota, tapi soleh. Akhlak na alus. Sareat na dijaga.”

Hamdan ngahuleng. ” Boa boa bog sawah lega, Soleh? Akhlak alus?”

“Jigana asa ngimpi asa lain. Bapa geus ngobrol dua kali jeung kolot Hamdan. Nitip solat na ulah kungsi tinggal. Ngajina lancar. Duit mah ngan titipan, Dan. Tapi iman mah moal bisa dibeuli.”

Hamdan kerung bari meureun keun panon “soleh” éta nancep di dada Hamdan. Anu tadina hate na pinuh ku sirik jeung amarah, ayeuna robah jadi penasaran.

“Jadi… kumaha atuh, Pa? Kuring kudu kumaha? Apan Abdi mah ukur anak panyawah anu miskin, pamohalan lega sawah loba dunya, “tanya Hamdan.

Mang Kardi ukur melong ka langit anu mimiti caang. “Lamun maneh cinta, buktikeun. Ulah ku ceurik. Tapi ku usaha. Ku doa. Jeung ku jadi lalaki anu hadé. Bisi we… Allah masih masihan jalan.”

Di luar, hayam jago mimiti kongkorongok.

Hamdan lalaunan ngakat cangkir kopi na semu pageuh. Dina haténa aya dua gerentes : rasa kecewa, jeung rasa anyar anu ngaranana  masih aya harepan.

Duh teu karaos hanya, na kumaha sajalengna dina bagian ka 10

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian Ka : 9

Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

 

Konon, waktu terus berjalan tanpa terasa, menit demi menit berlalu begitu saja, namun lamunan Hamdan semakin melayang-layang, apalagi

Suara Maya saat itu masih terngiang di telinga Hamdan.

“Jangan berharap pada Syarifah lagi… dia sudah dijodohkan…”

Kopi di meja kafe sudah dingin, namun hati Hamdan terasa membeku. Sulit rasanya untuk kembali memutar ingatan tentang kisah cinta mereka.

Hamdan tidak bisa banyak bicara. Tidak bisa bersuara di hadapan Maya. Hamdan hanya terdiam, lalu mengambil tasnya.

“Aku pulang sekarang, May,” katanya singkat.

Maya hanya bisa mendengarkan. Di hatinya ada rasa lega… ada juga rasa bersalah. Namun terasa campur aduk.

Malam itu juga, Hamdan memesan bis terakhir jurusan ke kampung halamannya. Sepanjang perjalanan, jendela bis menjadi cermin kekecewaannya. Bahkan angin yang menerpa tubuhnya terasa menambah dingin.

“Kalah… karena harta? Karena pengusaha? Dalam hati Hamdan berteriak memprotes keadaan yang terasa menyiksa batinnya.

Subuh, bis berhenti di terminal kampung. Dingin.

Rumah panggung yang mirip saung, dindingnya terbuat dari papan, di depannya ada pohon jambu. Itu rumah Mang Kardi, yang bagi Hamdan adalah orang tuanya.

“Dan… kenapa buru-buru pulang?” tanya Mang Kardi sambil menggiling kopi. Matanya menyorot ke arah anaknya yang wajahnya seperti orang kalah perang.

Hamdan duduk di balai. Suaranya serak.

“Bapak… saya kalah.”

“Kalah apa, Dan?”

“Kalah cinta, Pak. Syarifah… akan dijodohkan dengan pengusaha. Yang punya uang. Yang bisa membangun pabrik di kampung.”

Hamdan terlihat putus asa. “Saya ini apa, Pak? Tidak punya apa-apa. Miskin. Makanya Syarifah dijodohkan dengan orang lain.”

Mang Kardi terdiam. Tidak langsung menjawab. Ia menyodorkan kopi panas kepada anaknya. Sekilas terlihat seperti tidak peduli.

“Laki-laki jangan mengukur diri dengan uang, Dan,” kata Mang Kardi pelan.

“Bapak tahu kamu sudah lama suka pada Syarifah. Tapi bapak juga tahu… Cep Barna bukan orang yang bisa setuju begitu saja, apalagi kamu kan matre.”

Hamdan mengangkat wajahnya. “Lalu bagaimana, Pak?”

Mang Kardi tersenyum sedikit. “Yang akan dijodohkan dengan Syarifah itu, bapak tahu dari kabar seorang teman bapak. Namanya Raka. Memang punya perusahaan. Tapi yang bapak tahu sepertinya tidak begitu,” kata Mang Kardi.

“Kata bapak, jangan-jangan Hamdan yang punya sawah luas di Cikembang. Kebun juga ada luas sekali, malah orang kota, tapi soleh. Akhlaknya bagus. Shalatnya dijaga.”

Hamdan terdiam. “Jangan-jangan punya sawah luas, soleh? Akhlak bagus?”

“Sepertinya seperti mimpi, bukan nyata. Bapak sudah bicara dua kali dengan orang tua Hamdan. Menitipkan shalatnya agar tidak pernah ditinggal. Mengajinya lancar. Uang itu hanya titipan, Dan. Tapi iman itu tidak bisa dibeli.”

Hamdan mengerutkan kening sambil memejamkan mata. Kata “soleh” itu menancap di dada Hamdan. Yang tadinya hatinya penuh dengan iri dan amarah, kini berubah menjadi penasaran.

“Jadi… bagaimana, Pak? Saya harus bagaimana? Bukankah saya hanya anak petani yang miskin, mana mungkin punya sawah luas dan banyak harta,” tanya Hamdan.

Mang Kardi hanya memandang ke langit yang mulai terang. “Kalau kamu cinta, buktikan. Bukan dengan tangisan. Tapi dengan usaha. Dengan doa. Dan dengan menjadi laki-laki yang baik. Siapa tahu… Allah masih memberikan jalan.”

Di luar, ayam jantan mulai berkokok.

Hamdan perlahan mengangkat cangkir kopinya dengan erat. Dalam hatinya ada dua bisikan: rasa kecewa, dan rasa baru yang bernama harapan.

Duh, tidak terasa, bagaimana kelanjutannya di bagian ke-10.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x