x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian Ka-10 Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 6 menit
Selasa, 14 Jul 2026 05:54 11 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian Ka 10

Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

Ti saprak tepung jeung Raka nu disebut pengusaha jegud,  lain bae hate Cep Barna ngarasa bungah,  pedah kulawarga Cep Barna bakal kabawa jugala. Matak minangka pang bageana ka Raka meni sagala di suguhkan. Malah meni meuncit domba sagala.

Matak awalna mah atoh. Bunggah. “Akhirna aya lalaki anu bisa ngajaga anak urang ,” Pok na ka mamah  Nisa.

Tapi harita, ti saprak pesta rupa rupa hidangan kaasup sate, jeung gule domba peutingna, Cep Barna teu bisa sare. Dada na karasa eungap. Karasa panas malah sirah lieur asa ngubeng anu ahirna Cep Barna ambruk.

“Tong lami-lami sakit, Pak,” ceuk nu ngalalongok sabada ningal kondisi Cep Barna.

Malah Dokter di Puskesmas ngomongna mah lambung jeung tekanan darah naék. “Istirahat, Pak. Ulah loba mikir,” pesen dokter.

Malah ku kajadian eta Syarifah ge nyempetkeun mulang, Turta jadi kabawa hariwang. Kuliah oge bolos dua poé, sok sanajan ngan ukur ngajagaan bapana. Kitu tea mah pantes sabab Syarifah anak hiji hiji na.

Kabar Cep Barna gering nepi ka ceuli Mang Kardi.

“Dan, bapana Syarifah gering,” ceuk Mang Kardi ka  Hamdan nu keur nyoba nenangkeun diri, bari acan ka kampus deui jalaran alesan gering.

Ngadenge kitu, Hamdan gancang cengkat. Tapi samemehna sempet ngahuleng, pikirna naha moal nanaon mun seug ngalongok ka Cep Barna. Ahirna teu make mikir panjang. Anjeunna gancang nyokot motor bututna. Nu anyar keneh meunang meuli Mang Kardi.

“Hamdan kudu ningali, Pa.” Ceuk Hamdan ka Mang Kardi

Saterusna Hamdan miang,  Ngaliwatan sawah, ngaliwatan kebon téh, tapi sapaparat jalan hate Hamdan campur aduk. Hariwang ka Cep Barna, tapi ogé sieun ku nasib na sorangan. Sok komo Cep Barna sakitu teu satujuna.

Nepi ka imah Cep Barna nu kawilang pang alusna di eta lembur, halamanna lega. Malah aya mobil Inova hideung parkir. Nu nyatana eta teh Mobil na Kang Raka.

Hamdan ngetrok panto semu agag agagan

“Assalamualaikum… abdi Hamdan,” Pok na bari keketrok.

Nu muka panto lain Cep Barna. Lain oge Syarifah. Tapi Kang Raka sorangan. Atra Raka make batik na rapih, seuri na sopan.

“Oh, Hamdan nya?” ceuk Raka. “Hapunten, Pa Barna keur istirahat. Dokter ngalarang loba tamu.”

Ti jero, kadéngé sora Cep Barna batuk. “Saha eta?”

“Abdi  Pa… Hamdan,” walér Hamdan gancang.

Sajongjonan mah sepi teu aya anu nyuara. Tuluy teu kungsi lila sora Cep Barna muka simpena kaayaan. Sorana eces jiga ambek.

“Ulah asup! Ulah asup! Bapa teu buka panto keur anjeun! Syarifah rek dijodokeun ka Raka! Titik!”

Dug! Panto ditutup deui ti jero.

Hamdan nangtung kawas patung di teras. Panas. Isin. Nyeri.

Syarifah nu keur aya di jero langsung kaluar ti kamar, panonna beureum. “Dan…”  Gerona.

“Asup ka jero, Neng,” ceuk Raka bari nyodorkeun leungeun semu nga halangan ka Syarifah. Sikep na alus pisan, sopan pisan.

Hamdan ngan bisa ngeleos. Motor na dihurungkeun.

Sapanjang jalan balik, dina haténa ngan aya hiji kalimat:

“Kuring diusir… ku alesan cinta kuring teu boga harga.”

Tapi dina hate na anu paling jero, aya sora séjén:

“Lamun kieu carana, berarti kuring kudu buktikeun… yén kuring ogé lalaki.”

Kitu gening bagian ka 10, naha kumaha atuh saterasna di bagian ka 11.

 

Terjemahaan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian Ke-10

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

 

Sejak bertemu dengan Raka yang disebut pengusaha kaya, bukan hanya hati Cep Barna yang merasa senang, karena keluarga Cep Barna akan ikut terbawa. Maka sebagai tanda terima kasihnya kepada Raka, segala macam disuguhkan. Bahkan sampai menyembelih domba segala.

Awalnya memang senang. Gembira. “Akhirnya ada lelaki yang bisa menjaga anak kita,” katanya kepada Ibu Nisa.

Namun malam itu, sejak pesta berbagai hidangan termasuk sate, dan gulai domba di malam harinya, Cep Barna tidak bisa tidur. Dadanya terasa sesak. Terasa panas bahkan kepala pusing seperti berputar yang akhirnya Cep Barna ambruk.

“Jangan lama-lama sakit, Pak,” kata yang menjenguk setelah melihat kondisi Cep Barna.

Bahkan Dokter di Puskesmas mengatakan lambung dan tekanan darahnya naik. “Istirahat, Pak. Jangan banyak berpikir,” pesan dokter.

Bahkan karena kejadian itu Syarifah pun menyempatkan pulang, dan jadi ikut khawatir. Kuliah pun bolos dua hari, meskipun hanya menjaga ayahnya. Begitu memang pantas karena Syarifah anak satu-satunya.

Kabar Cep Barna sakit sampai ke telinga Mang Kardi.

“Dan, bapaknya Syarifah sakit,” kata Mang Kardi kepada Hamdan yang sedang mencoba menenangkan diri, dan belum kembali ke kampus lagi dengan alasan sakit.

Mendengar itu, Hamdan cepat bangkit. Tapi sebelumnya sempat merenung, pikirnya apakah tidak apa-apa jika menjenguk Cep Barna. Akhirnya tidak berpikir panjang. Ia cepat mengambil motor bututnya. Yang baru saja dibeli Mang Kardi.

“Hamdan harus melihat, Pak.” Kata Hamdan kepada Mang Kardi.

Selanjutnya Hamdan berangkat, melewati sawah, melewati kebun, tapi sepanjang jalan hati Hamdan campur aduk. Khawatir pada Cep Barna, tapi juga takut pada nasibnya sendiri. Apalagi Cep Barna begitu tidak setuju.

Sampai di rumah Cep Barna yang terbilang paling bagus di kampung itu, halamannya luas. Bahkan ada mobil Innova hitam terparkir. Yang ternyata itu mobil Kang Raka.

Hamdan mengetuk pintu dengan ragu-ragu.

“Assalamualaikum… saya Hamdan,” katanya sambil mengetuk.

Yang membuka pintu bukan Cep Barna. Bukan juga Syarifah. Tapi Kang Raka sendiri. Terlihat Raka memakai batik rapi, senyumnya sopan.

“Oh, Hamdan ya?” kata Raka. “Maaf, Pak Barna sedang istirahat. Dokter melarang banyak tamu.”

Dari dalam, terdengar suara Cep Barna batuk. “Siapa itu?”

“Saya Pak… Hamdan,” jawab Hamdan cepat.

 

Beberapa saat hening tidak ada yang bersuara. Lalu tidak lama suara Cep Barna membuka tabir keadaan. Suaranya jelas seperti marah.

“Jangan masuk! Jangan masuk! Bapak tidak buka pintu untukmu! Syarifah akan dijodohkan dengan Raka! Titik!”

Dug! Pintu ditutup lagi dari dalam.

Hamdan berdiri seperti patung di teras. Panas. Malu. Sakit.

Syarifah yang sedang ada di dalam langsung keluar dari kamar, matanya merah. “Dan…” Rintihnya.

“Masuk ke dalam, Neng,” kata Raka sambil menyodorkan tangan seolah menghalangi Syarifah. Sikapnya sangat baik, sangat sopan.

Hamdan hanya bisa pergi. Motornya dinyalakan.

Sepanjang jalan pulang, di hatinya hanya ada satu kalimat:

“Aku diusir… dengan alasan cintaku tidak punya harga.”

Tapi di hatinya yang paling dalam, ada suara lain:

“Kalau begini caranya, berarti aku harus membuktikan… bahwa aku juga lelaki.”

Begitulah bagian ke-10, bagaimana selanjutnya di bagian ke-11.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x