x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-11 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Rabu, 15 Jul 2026 06:46 8 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 11

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Angin sore di lembur karasa matak bayeungyang. Hawa panas di imah teu sabanding jeung panas di dada Hamdan.

Ti isuk-isuk teu kapohokeun waktu manehna diusir di imah Cep Barna.

“Ulah deukeut-deukeut ka Cep Barna! Komo ka Syarifah mah, ”

Kecap eta asa nongtoreng di ceuli Hamdan nepi ka ayeuna. Nyeri. Tapi najan kitu manehna teu waka mulang.

Lengkahna malah ngaléos ka Tajug. Ka tempat anu ti budak sok dipaké ngaji, tempat anu ti baheula ngajarkeun kana sabar jeung ikhlas.

“Ustadz… abdi bade ngaos,” ceuk Hamdan ka Ustadz Imron nu pareng keur aya didinya. Bada wudhu Hamdan diuk tapi atra teu cara biasana.

Ustadz ngan ukur unggeuk. Teu naros nanaon. Di Tajug sepi kaayaan jiga milu alum. sakapeung nu kadenge galindeng laun sora Hamdan ngaji.

Di sisi séjén, di imah Cep Barna, Syarifah keur diuk bari nyekel ujung jilbabna.

“Bapak, abdi bade ngaos ka Tajug,” pamitna lirih.

Raka anu keur pareng can mulang, ukur ngereret. Da memang can waboh model Syarifah jeung Hamdan. Jeung Raka masih rumegag.

Padahal nu sabenerna, dimaksud Syarifah lain ukur ngaji. Tapi manahna mawa ngaran hiji jalma: Hamdan. Risi sieun salah sangka dirina bener bener narima Raka.

Ti keur dicarek ku bapana, manehna jadi inget kana raray Hamdan waktu keur ngomong “Abdi ngan rek silaturahmi ka Cep Barna.” Teu aya nu salah. Tapi naha kudu diusir kitu?

Ku kituna Syarifah hayang nyepi diri. Meureun di Tajug hatena bisa rada tenang.

Lengkahna gancang ngahaja mapay jalan pamotongan, sawah, nepi ka gapura Tajug asa gancang.

Barang muka panto kai Tajug anu tos reot…

Rekeeeet..

Aya jalma keur ngahadep ka qiblat, sorana ngalunkeun ayat-ayat suci laun tapi jelas.

Sora anu tos dipikawanoh pisan ku manehna.

Hamdan.

Dua pasang panon patepung di tengah ruangan anu seungit minyak mawar jeung kitab.

Hamdan kaget. Mushaf di pananganana ampir murag.

Syarifah eureun di panto. Nafasna katingal ngaranjug kaget.

“A… Akang eh Hamdan?” sora Syarifah ampir teu kadenge.

Hamdan ngan ukur bisa ngahuleng. “Syari… kumaha bisa ka dieu?”

Hening. Nu kadenge ngan sora rincikna daun nu ka tebak angin di luareun Tajug. Tapi Syarifah ngajengjen di bale bale Tajug kawas ka tenung.

Lila lia Syarifah lungsur diuk di palinggih awéwé. Teu wani ningali ka hareup. Tapi hatena… hatena karasa bang balas aneh. Nu tadi nyeri, ayeuna karasa aya nu ngusap.

Ustadz Imron anu ti tadi ningali, tuluy nyarita kalem bari nyampeurkeun.

“Upami patepang di tempat ieu, berarti Allah anu ngapanggihkeun. Di Tajug mah teu aya kaawonan, Nu aya ngan santri jeung Qur’an.”

Hamdan tungkul, Syarifah ngusap cai panon anu teu karasa netes.

Dina tajug leutik eta, di antara ayat-ayat anu dibaca, dua hate anu sarua-sarua pada beurat ku bangbaluh. patepang deui. Sanajan teu nyarita loba. Sanajan ngan ukur sarua-sarua ngaos.

Tapi pikeun maranehna, eta patepungna téh leuwih ti sarébu kecap.

_Dina Tajug, cinta teu kudu dibéwarakeun. Cukup disalawatkeun. pok na ustadz Imron jiga anu surti.

Nyambung….

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-11

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Angin sore di kampung terasa membuat mengantuk. Panas di dalam rumah tidak sebanding dengan panas di dada Hamdan.

Sejak pagi ia tidak lupa saat diusir dari rumah Cep Barna.

“Jangan dekat-dekat dengan Cep Barna! Apalagi dengan Syarifah,”

Kata-kata itu seolah menusuk telinga Hamdan hingga kini. Sakit. Tapi meskipun begitu, ia tidak langsung pulang.

Langkahnya malah berbelok ke Tajug. Ke tempat yang sejak kecil biasa dipakai mengaji, tempat yang sejak dulu mengajarkan kesabaran dan keikhlasan.

“Ustadz… saya mau mengaji,” kata Hamdan kepada Ustadz Imron yang kebetulan ada di sana. Setelah berwudhu, Hamdan duduk, namun terlihat tidak seperti biasanya.

Ustadz hanya mengangguk. Tidak bertanya apa pun. Di Tajug, suasananya sepi seolah ikut muram. Kadang yang terdengar hanya lantunan pelan suara Hamdan mengaji.

Di sisi lain, di rumah Cep Barna, Syarifah sedang duduk sambil memegang ujung jilbabnya.

“Bapak, saya mau mengaji ke Tajug,” pamitnya lirih.

Raka yang kebetulan belum pulang, hanya melirik. Memang belum ada ikatan seperti Syarifah dan Hamdan. Dan Raka masih ragu.

Padahal sebenarnya, maksud Syarifah bukan hanya mengaji. Tapi hatinya membawa nama seseorang: Hamdan. Ia risih takut salah sangka jika dirinya benar-benar menerima Raka.

Sejak dilarang oleh bapaknya, ia jadi teringat wajah Hamdan saat berbicara, “Saya hanya ingin bersilaturahmi ke Cep Barna.” Tidak ada yang salah. Tapi kenapa harus diusir seperti itu?

Oleh karena itu, Syarifah ingin menyendiri. Mungkin di Tajug hatinya bisa sedikit tenang.

Langkahnya cepat, sengaja menyusuri jalan pintas, sawah, hingga gapura Tajug terasa cepat.

Saat membuka pintu kayu Tajug yang sudah reyot…

Kreeek..

Ada seseorang yang sedang menghadap kiblat, suaranya melantunkan ayat-ayat suci perlahan tapi jelas.

Suara yang sudah sangat dikenalnya.

Hamdan.

Dua pasang mata bertemu di tengah ruangan yang beraroma minyak mawar dan kitab.

Hamdan terkejut. Mushaf di tangannya hampir jatuh.

Syarifah berhenti di pintu. Napasnya terlihat terkejut.

“A… Kakak eh Hamdan?” suara Syarifah hampir tak terdengar.

Hamdan hanya bisa terdiam. “Syari… bagaimana bisa ke sini?”

Hening. Yang terdengar hanya suara gemerisik daun yang tertiup angin di luar Tajug. Tapi Syarifah terpaku di bale-bale Tajug seolah terhipnotis.

Lama Syarifah turun duduk di tempat perempuan. Tidak berani melihat ke depan. Tapi hatinya… hatinya terasa begitu aneh. Yang tadi sakit, kini terasa ada yang mengusap.

Ustadz Imron yang dari tadi melihat, lalu berkata pelan sambil mendekat.

“Jika bertemu di tempat ini, berarti Allah yang mempertemukan. Di Tajug tidak ada yang salah, yang ada hanya santri dan Al-Qur’an.”

Hamdan menunduk, Syarifah mengusap air mata yang tak terasa menetes.

Di tajug kecil itu, di antara ayat-ayat yang dibaca, dua hati yang sama-sama berat oleh beban. Bertemu lagi. Meskipun tidak banyak bicara. Meskipun hanya sama-sama mengaji.

Tapi bagi mereka, pertemuan itu lebih dari seribu kata.

_Di Tajug, cinta tidak perlu diucapkan. Cukup disalawatkan._ Begitu kata Ustadz Imron seolah mengerti.

Bersambung….

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x