x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian ka 3 – Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 6 menit
Sabtu, 11 Jul 2026 20:26 10 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ka 3

Rekaan: Wan Kusmiran

Sanggeus meunang panyangka nu gancang sumebarna, yen cenah maranehna duaan sok paduduan bari milampah teu uni, dunya asa rubuh pikeun Syarifah jeung Hamdan mah. Duaan sili teuteup. Panon Hamdan pinuh ku harti ménta pangampura. Panon Syarifah ge carinakdak ku cimata nu ditahan.

Teu kuat nahan éra jeung nyeri, Syarifah ngadak-ngadak lumpat.

“Syari…” ceuk Hamdan leuleus, leungeunna ngagupay kanu geus nonggongan bari lumpat.

Syarifah ninggalkeun Hamdan di Tajug.Anjeunna lumpat motong jalan mapay galengan, batin Ceurik dipirig ku sora angin pasosore. Tiung ririaban saolah olah ngagupayan Hamdan nu keur neuteup.

Beja fitnah nu dibawa Maya téh geus nyebar ka mana-mana. Nepi ka burit poe isukna, beja geus nepi ka ceuli Cep Barna jeung Mamah Anisa, indung bapana Syarifah.

Cep Barna téh lain Ustadz Mansur. Anjeunna mah juragan sawah, anu sawah jeung tanah na lega  malah hartana oge apanan teu sirik mah bru di panto ngaleuyah di tengah imah. Jalma beunghar lain bobohongan

“Bapak digawé nepi ka peuting sangkan anak ngaji bener, sakola nepi ka sarjana, ari ieu kalah arulin? Teu….teu bisa narima”

Mamah Anisa ukur bisa ceurik bari ngusapan dada.

“Bapa ulah gagabah. Taroskeun heula ka budakna…”

“Naon nu rék ditanyakeun?! Geus ramé sakampung!”

Teu lila, Cep Barna ngutus jalma ngageroan bapana Hamdan: Mang Kardi. Cep Barna mah apalna Mang Kardi teh bapana Hamdan dumeh ti barang datang ka eta lembur mamawa Hamdan.

Mang Kardi téh panyawahna Cep Barna. Ngurusanan sawah sakitu legana, nga ganti Mang Umed anu geus teu nyawah sabab geus kolot pisan.

Sedengkeun Mang Kardi di pernah keun cicing di imah panggung leutik sisi sawah. Bari di baturan ku Hamdan. Najan acan kaguar kasang tukangna eta Kulawarga.

Pas disauran ku dunungan, Mang Kardi gancang datang jeung sarung masih keneh di sarungkeun.

“Aya naon, manawi Pa? ”

Cep Barna nangtung, ngagedor méja.

“Kardi! Anak manéh kurang ajar! Ngaruksak ngaran anak kuring! Ngotoran tajug!”

Mang Kardi ngarénghap. “Aduh apan Hamdan mah budak sakitu nurutna… Abdi mah asa kaget…”  ceuk Mang Kardi bari ngisedkeun silana

“Alus?!  Alus kumaha? Puguh ngaruksak harapan anak batur. ” Pa Barna langsung nyeuneu.

Mamah Anisa nyoba ngelelerkeun, tapi Cep Barna geus pinuh ku ka ambek.

“Pokona mah ayeuna kénéh! Manéh jeung anak manéh kaluar ti tanah kuring! Teu perlu panyawah nu teu bisa ngadidik budak!”

Jep! Sora éta matak ngajerit hate Mang Kardi. Ulah sawah, ulah saung, ulah gawe. Lamun diusir, rek kumaha. Apan matak ka dinya oge maturan Hamdan sangan jadi jalma anu ngarti kana agama.

Peutingna bada mulang ti Cep Barna, Hamdan langsung digeroan ku Mang Kardi.

“Jang, urang kudu indit.  Pa Barna geus ngusir.”

Hamdan ngahuleng. “Tapi Pa… abdi teu ngalakukeun nanaon…”

“Bapa percaya, Jang. Tapi urang mah ngan ukur panyawah. Sora urang teu kadéngé.”

Di imah nu dicicingan ku Mang Kardi jeung Hamdan ngadadak simpe, ngagambar yen jalma teu boga mah tara walakaya. Beda jeung di imah gedéna, Syarifah ngurungkeun manéh di kamar. Sanggeus Ngadéngé bapana ngusir Mang Kardi, haténa beuki remuk. Cinta nu kakara tumuwuh, ayeuna ngadadak ngoleab jiga moal. Aya harapan.

Tajug peuting éta tiiseun. Teu aya sora ngalogat. Ngan aya sora jangkrik jeung gurat ka sedih dua bapa: Cep Barna nu ngarasa dicoréng ngaran, jeung Mang Kardi nu kudu nanggung beuratna fitnah ka anakna.

Di luar, Maya ngintip ti balik panto. Seuri ngarasa meunang. ayeuna mah asa pahang. Kabéh geus karuksak. Tapi naha haténa ngan tambah suwung?   (Nyambung ka bagian ka 4)

Di bagian salajengna: Kamana Hamdan jeung Mang Kardi rék nyalindung? Syarifah wani ngalawan bapana demi bebeneran? Jeung saha nu bakal manggihkeun bukti yén Maya nu tukang fitnah?

 

Terjemahaan ke bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ke-3

Rekaan : Wan Kusmiran

 

Setelah mendapat kabar yang cepat menyebar, bahwa mereka berdua sering bersama dan bertindak tidak pantas, dunia terasa runtuh bagi Syarifah dan Hamdan. Keduanya saling menatap. Mata Hamdan penuh arti meminta maaf. Mata Syarifah juga berlinang air mata yang ditahan.

Tidak kuat menahan malu dan sakit, Syarifah tiba-tiba berlari.

“Syari…” kata Hamdan lemas, tangannya melambai ke arah yang sudah membelakangi sambil berlari.

Syarifah meninggalkan Hamdan di Tajug. Ia berlari memotong jalan menyusuri pematang, batinnya menangis diiringi suara angin sore. Kerudungnya berkibar seolah melambai Hamdan yang sedang menatap.

Berita fitnah yang dibawa Maya sudah menyebar ke mana-mana. Hingga sore keesokan harinya, berita sudah sampai ke telinga Cep Barna dan Mamah Anisa, orang tua Syarifah.

Cep Barna bukanlah Ustadz Mansur. Ia adalah juragan sawah, yang sawah dan tanahnya luas bahkan hartanya pun seolah tumpah ruah di pintu dan mengalir di tengah rumah. Orang kaya bukan main-main

“Bapak bekerja sampai malam agar anak mengaji benar, sekolah sampai sarjana, eh ini malah bermain? Tidak….tidak bisa menerima”

Mamah Anisa hanya bisa menangis sambil mengusap dada.

“Pak jangan gegabah. Tanyakan dulu pada anaknya…”

“Apa yang mau ditanyakan?! Sudah ramai sekampung!”

Tidak lama, Cep Barna mengutus orang memanggil ayah Hamdan: Mang Kardi. Cep Barna tahu Mang Kardi adalah ayah Hamdan karena sejak datang ke kampung itu ia membawa Hamdan.

Mang Kardi adalah petani bayaran Cep Barna. Mengurus sawah seluas itu, menggantikan Mang Umed yang sudah tidak bertani karena sudah sangat tua.

Sedangkan Mang Kardi diizinkan tinggal di rumah panggung kecil di tepi sawah. Sambil ditemani Hamdan. Walaupun belum terungkap latar belakang keluarga itu.

Saat dipanggil oleh juragan, Mang Kardi segera datang dengan sarung masih terpasang.

“Ada apa, tuan?”

Cep Barna berdiri, menggedor meja.

“Kardi! Anakmu kurang ajar! Merusak nama anakku! Mengotori tajug!”

Mang Kardi menghela napas. “Aduh padahal Hamdan itu anak yang begitu penurut… Saya kaget…” kata Mang Kardi sambil menggeser duduknya

“Bagus?! Bagus bagaimana? Jelas-jelas merusak harapan anak orang. ” Pak Barna langsung marah.

Mamah Anisa mencoba menenangkan, tetapi Cep Barna sudah dipenuhi amarah.

“Pokoknya sekarang juga! Kamu dan anakmu keluar dari tanahku! Tidak perlu petani yang tidak bisa mendidik anak!”

Jep! Suara itu membuat hati Mang Kardi menjerit. Bukan sawah, bukan gubuk, bukan pekerjaan. Jika diusir, bagaimana. Padahal datang ke sana juga untuk menemani Hamdan agar menjadi orang yang mengerti agama.

Malamnya setelah pulang dari Cep Barna, Hamdan langsung dipanggil oleh Mang Kardi.

“Nak, kita harus pergi. Pak Barna sudah mengusir.”

Hamdan terdiam. “Tapi Pak… saya tidak melakukan apa-apa…”

“Bapak percaya, Nak. Tapi kita hanya petani. Suara kita tidak terdengar.”

Di rumah yang ditempati Mang Kardi dan Hamdan mendadak sunyi, menggambarkan bahwa orang miskin tidak pernah berdaya. Berbeda dengan di rumah besar, Syarifah mengurung diri di kamar. Setelah mendengar ayahnya mengusir Mang Kardi, hatinya semakin remuk. Cinta yang baru tumbuh, kini mendadak padam seolah takkan ada harapan.

Tajug malam itu sepi. Tidak ada suara mengaji. Hanya ada suara jangkrik dan guratan kesedihan dua ayah: Cep Barna yang merasa nama baiknya tercoreng, dan Mang Kardi yang harus menanggung beratnya fitnah terhadap anaknya.

Di luar, Maya mengintip dari balik pintu. Tersenyum merasa menang. Sekarang terasa hampa. Semuanya sudah hancur. Tapi mengapa hatinya hanya semakin kosong?   (Lanjutan ke bagian 4)

Di bagian selanjutnya: Ke mana Hamdan dan Mang Kardi akan berlindung? Syarifah berani melawan ayahnya demi kebenaran? Dan siapa yang akan menemukan bukti bahwa Maya yang memfitnah?

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x