x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian Ka-8 Rekaan : Wan Kusmirandipraja

waktu baca 5 menit
Selasa, 14 Jul 2026 05:37 7 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian Ka: 8

Rekaan : Wan Kusmirandipraja

Harita hujan peuting ninggalkeun tiis nepi ka tulang. Nyelesep kana sungsum. Pon kitu deui, Jalanan kampus masih baseuh.

Sabada nepungkeun Kang Raka ka kolotna Syarifah, Maya teu waka balik ka lembur. Aya hiji urusan anu kudu direngsekeun  ku manehna.

“Urang kudu papanggih jeung Hamdan,” ceuk manehna dina haté. Bari melong ka jauhna.

Caturkeun sore na, di kafe leutik deukeut kampus, Maya ngantosan. Dihareupeun, Kopi hideung di hareupna, malah tembong geus tiis.

Caturkeun rentang  tentang lengkah Hamdan katingal. Masih kénéh kawas baheula, jangkung, baju kaos polos, panon teuteupana seukeut matak anteb.

“Maya? Gening Nyaba  kadieu?” tanya Hamdan bari diuk.

Maya narik napas panjang. Teu karasa hate ratug tutunggulan bari aya harepan, cinta bisa tinekanan.

“Dan… ulah hayang ka Syarifah deui.”

Maya nyarita langsung teu aya aling Aling.

Hamdan ngerenghap.

“Maksud maya, ?”

“Nu bener mah, Syarifah geus dijodokeun. Ku kolotna. Ka pengusaha. Buktina ieu,”

Maya ngagolerkeun HP na. Dina layar, poto Cep Barna seuri nangkeup taktak Kang Raka. Tulisan di handapna:

Calon minantu, pengusaha muda ti Bandung.

Ningal kitu, karasa dunya ku Hamdan asa rugrug sakedapan. Kopina asa karasa pait pisan. Leungeunna nu tadina rek ngangkatkeun deui gelas, jadi eureun di tengah jalan.

“Naha… naha anyar kieu maneh ngomongna?” sora Hamdan halon.

“Maya kasihan ka anjeuna , Dan,” walér Maya, sora na lembut pisan.

“Ulah maksakeun cinta anu geus ditutup panto ku kolot. Kuring ti baheula nyaho  Hamdan teh lalaki  bageur. Pantes  meunang anu leuwih ti ieu.”

Maya maju saeutik. Panonna lalaunan neuteup Hamdan.

“Kuring hadir, Dan. Kuring siap. Ngangkat deui cinta anjeun… ku cinta kuring.”

Sakedapan jempling, teu nyangka Maya wani kitu, Ngan sora sendok nu murag tina méja nu kadéngé.

Di luar, langit mimiti mendung deui.

Hamdan melong poto éta lila. Hate na kecewa, nyeri, campur teu percaya. Syarifah… nu kamari masih seuri di ruang basa seminar, ayeuna geus aya ngaran lalaki séjén di gigireun bapana.

Tapi di hareupna, aya Maya. Sobat lila. Anu ti harita kénéh resep ka manehna, tapi salawasna ngumpetkeun rasa. Teu gancang cinta pindah kanu sejen.

“Kuring perlu waktu, May,” ceuk Hamdan, sora na serak bangun nahan rasa kuciwa.

Maya ngangguk. Seuri na saeutik maksa. Da cenah awewe oge kudu wani nembrakeun rasa. “Kuring ngantosan. Sabaraha lila oge.”

Tapi dina haté Maya, aya sora séjén:

Lamun Syarifah lepas, ieu kasempetan hiji-hijina.

Padahal harita, Syarifah teu nyaho nanaon. Anjeunna ngan keur ngetik WA ka Hamdan, tuluy dihapus deui. Kudu naon anu dicaritakeun.

Tapi jari na eureun. Kusabab sora bapana ti waktu HP geus diangkat.

“Neng, minggu hareup Raka rek datang deui ka imah.

Kumaha atuh salajengna wargi? Mangga bagian 9.

 

Terjemahan ke bahasa Indonesia 

TAJUG CINTA SYARIFAH
Bagian Ka: 8
Rekaan : Wan Kusmirandipraja

Hujan semalam meninggalkan rasa dingin hingga ke tulang. Meresap ke sumsum. Begitu pula, jalanan kampus masih basah.

Setelah memperkenalkan Kang Raka kepada orang tua Syarifah, Maya tidak langsung pulang ke kampung. Ada satu urusan yang harus diselesaikannya.

“Kita harus bertemu Hamdan,” ucapnya dalam hati. Sambil memandang jauh.

Cerita sore itu, di sebuah kafe kecil dekat kampus, Maya menunggu. Di hadapannya, kopi hitam tersaji, bahkan terlihat sudah dingin.

Cerita tentang langkah Hamdan terlihat. Masih seperti dulu, tinggi, kaus polos, tatapan mata tajam yang menenangkan.

“Maya? Kenapa datang ke sini?” tanya Hamdan sambil duduk.

Maya menarik napas panjang. Tanpa terasa hatinya berdebar kencang dengan harapan, cinta bisa terwujudkan.
“Dan… jangan menginginkan Syarifah lagi.”
Maya berbicara langsung tanpa basa-basi.

Hamdan terdiam.
“Maksud Maya?”

“Yang sebenarnya, Syarifah sudah dijodohkan. Oleh orang tuanya. Dengan pengusaha. Buktinya ini,”

Maya meletakkan HP-nya. Di layar, foto Cep Barna tersenyum merangkul pundak Kang Raka. Tulisan di bawahnya:
Calon menantu, pengusaha muda dari Bandung.

Melihat itu, dunia Hamdan terasa runtuh seketika. Kopinya terasa sangat pahit. Tangannya yang tadinya hendak mengangkat gelas lagi, terhenti di tengah jalan.

“Kenapa… kenapa baru sekarang kamu memberitahuku?” suara Hamdan lirih.

“Maya kasihan padanya, Dan,” jawab Maya, suaranya sangat lembut.
“Jangan memaksakan cinta yang sudah ditutup pintu oleh orang tua. Aku dari dulu tahu Hamdan adalah pria baik. Pantas mendapatkan yang lebih dari ini.”

Maya sedikit maju. Matanya perlahan menatap Hamdan.
“Aku hadir, Dan. Aku siap. Mengangkat kembali cintamu… dengan cintaku.”

Seketika hening, tak disangka Maya berani begitu. Hanya suara sendok yang jatuh dari meja terdengar.

Di luar, langit mulai mendung lagi.

Hamdan memandang foto itu lama. Hatinya kecewa, sakit, campur tidak percaya. Syarifah… yang kemarin masih tersenyum di ruang bahasa seminar, kini sudah ada nama pria lain di samping ayahnya.

Tapi di hadapannya, ada Maya. Sahabat lama. Yang sejak dulu menyukainya, tapi selalu menyembunyikan rasa. Tidak cepat cinta berpindah ke orang lain.

“Aku perlu waktu, May,” kata Hamdan, suaranya serak menahan rasa kecewa.

Maya mengangguk. Senyumnya sedikit terpaksa. Katanya wanita juga harus berani mengungkapkan rasa. “Aku menunggu. Berapa lama pun.”

Tapi dalam hati Maya, ada suara lain:
Jika Syarifah lepas, ini kesempatan satu-satunya.

Padahal saat itu, Syarifah tidak tahu apa-apa. Ia hanya sedang mengetik WA ke Hamdan, lalu menghapusnya lagi. Apa yang harus dikatakan.
Tapi jarinya terhenti. Karena suara ayahnya dari waktu HP sudah diangkat.
“Neng, minggu depan Raka akan datang lagi ke rumah.”

Bagaimana selanjutnya, warga? Silakan bagian 9.

 

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x