x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka 17 Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 6 menit
Selasa, 21 Jul 2026 13:33 2 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 17

Rekaan: Wan Kusmiran

Malam Jum’at, Jakarta hujan rintik-rintik. Di rohangan kantor nu aya di gudang, Hamdan diuk padu duaan jeung Pak Hadi.

“Dan, isuk urang ka imah  Bapa nya. Aya anu rek ditepikeun ka  hidep,” ceuk Pak Hadi bari mareuman lampu gudang.

Hamdan ngan ukur unggeuk. Hate na asa teu karuan ti saprak ningali beungeut Pak Hadi anu mirip ka bapana.

Isukna berangkat, imah Pak Hadi teu jauh ti gudang. Imah sederhana, tapi rapih. Aya buruan leutik jeung tangkal jambu.

Di jero, di ruang tamu, Pak Hadi nyodorkeun cai haneut jeung kue.

“Calik Dan. Bapak hayang ngobrol ti hate ka hate,” ceuk Pak Hadi.

Ngadadak Hamdan balem. Tuluy Pak Hadi nangtung, muka lemari, nyokot hiji pigura poto lami anu tos rada koneng.

“Tempo ieu,” ceuk Pak Hadi bari nyodorkeun poto ka Hamdan.

Dina poto eta aya tilu jalma.

Aya awewe ngora anu imut manis. Aya lalaki gagah make baju kemeja. Jeung aya budak orok anu keur digendong ku awewe eta.

Léngen Hamdan ngadadak ngageter. Pernapasanna bangun anu sesek.

“Eta… eta jiga indung jeung bapa abdi, Pak,” sora Hamdan geter. “Jeung orok eta… abdi.”

Pak Hadi ngahuleng. Bari semu ngabalieur

“Can tangtu kolot hidep Dan. Eta poto  sabaraha taun ka tukang. Waktu bapa… kabur ti lembur. Kabur kusabab ka hayang maju. Kabur kusabab era ku kaayaan bapa. Ninggalkeun pamajikan jeung anak orok di Cianjur.”

Jantung Hamdan siga murag. Tapi gancang Pak Hadi ngahulag. Kade tong salah sangka. Eta lain bapa jeung indung hidep. Ku keukeuh pak Hadi ngangles.

“Bapa…?” bisik Hamdan teu percaya. “Jadi Bapa teh… Pak Hadi?”

Pak Hadi ngagodeg lalaunan. ” Bapa teu pantes disebut bapa. Bapa geus lami ninggalkeun kulawarga.  Bapa ngawangun hirup di Jakarta ti nol. Tapi unggal wengi, ngaran kulawarga  teu pernah poho ti doa  Bapa.”

Hamdan nangtung. Awakna ngageter. Amarah, sedih, kaget… jadi hiji. Tapi teu wani gagabah da sieun bener Pak Hadi lain Bapa na.

“Taunan ninggalkeun! Indung abdi maot dina kaayaan susah! Abdi gedé ku susah! Teras ayeuna Bapa datang… mawa duit, mawa jabatan? Mawa harta, ” ceuk Hamdan bari sora halon nyoara meh teu kadenge.

Lalaunan Pak. Hadi cengkat,  gancang asup ka kamarna. Disatukangeun panto nyarande jiga anu ngarandapan hanjelu nu Rosa.

 

“Bapa nyaho  salah, Dan.  Bapa teu neang pembenaran. ngan ukur hayang nebus. Masihan anjeun sakola, masihan masa depan. Meureun ku kitu hate bapa rada tenang,”  Galecona Pak Hadi bari ceurik.

Hamdan lalaunan nyokot tasna. Panonna beureum jiga nahan piceurikeun. Terus mere isarah ka mamg Kardi ngajak mulang harita keneh.

“Pak.. ”

Ngadenge kitu pak Hadi gancang kaluar deui.

“Punten, Pak… abdi bade mulang ka Cianjur. Abdi teu tiasa kuliah di dieu. Abdi rek kuliah deui di Cianjur. Deukeut ka makam indung abdi. Deukeut ka Tajug. Deukeut ka lembur.”

“Dan, kuping keun heula…” cegah Pak Hadi.

“Bapa hatur nuhun tos ngabantosan. Tapi abdi kedah milari jati diri abdi sorangan. Sanes ku artos Bapa. Tapi ku usaha abdi,” potong Hamdan.

Tuluy manehna kaluar. Ninggalkeun poto keluarga eta di meja. Ninggalkeun bapana anu lungse diuk bari nutupan beungeutna ku dua léngen.

Di jalan, dina angkot ka terminal, Hamdan nangis sajeroeun hatena, sok sanajan di aping Mang Kardi.

Teu kusabab lemah. Tapi kusabab hate anu tos lila dipendam, ayeuna dibuka ku kanyataan anu teu kungsi disangka.

Jadi salila ieu… anu ngabantosan teh bapana sorangan. kitu anggapan Hamdan.

Atuh naha Enyasalajengna teh Bapa na? Mangga dina bagian salajengna

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-17

Rekaan: Wan Kusmiran

 

Malam Jumat, Jakarta diguyur hujan rintik-rintik. Di ruangan kantor yang ada di gudang, Hamdan duduk berdua dengan Pak Hadi.

“Dan, besok kita ke rumah Bapak ya. Ada yang mau disampaikan ke kamu,” kata Pak Hadi sambil mematikan lampu gudang.

Hamdan hanya mengangguk. Hatinya terasa tidak karuan sejak melihat wajah Pak Hadi yang mirip dengan ayahnya.

Esoknya berangkat, rumah Pak Hadi tidak jauh dari gudang. Rumah sederhana, tapi rapi. Ada halaman kecil dan pohon jambu.

Di dalam, di ruang tamu, Pak Hadi menyodorkan air hangat dan kue.

“Duduk, Dan. Bapak ingin bicara dari hati ke hati,” kata Pak Hadi.

Tiba-tiba Hamdan terdiam. Lalu Pak Hadi berdiri, membuka lemari, mengambil sebuah bingkai foto lama yang sudah agak menguning.

“Lihat ini,” kata Pak Hadi sambil menyodorkan foto ke Hamdan.

Dalam foto itu ada tiga orang.

Ada perempuan muda yang manis. Ada laki-laki gagah memakai baju kemeja. Dan ada bayi yang sedang digendong oleh perempuan itu.

Lengan Hamdan tiba-tiba gemetar. Napasnya terasa sesak.

“Itu… itu seperti ibu dan bapak saya, Pak,” suara Hamdan bergetar. “Dan bayi itu… saya.”

Pak Hadi terdiam. Sambil sedikit mengalihkan pandangan.

“Belum tentu orang tua kamu, Dan. Itu foto beberapa tahun lalu. Waktu bapak… kabur dari kampung. Kabur karena ingin maju. Kabur karena malu dengan keadaan bapak. Meninggalkan istri dan bayi di Cianjur.”

Jantung Hamdan seperti jatuh. Tapi cepat Pak Hadi mengklarifikasi. Hati-hati jangan salah sangka. Itu bukan bapak dan ibu kamu. Dengan tegas Pak Hadi menjelaskan.

“Bapak…?” bisik Hamdan tidak percaya. “Jadi Bapak itu… Pak Hadi?”

Pak Hadi mengangguk perlahan. “Bapak tidak pantas disebut bapak. Bapak sudah lama meninggalkan keluarga. Bapak membangun hidup di Jakarta dari nol. Tapi setiap malam, nama keluarga tidak pernah lupa dari doa Bapak.”

Hamdan berdiri. Tubuhnya gemetar. Amarah, sedih, kaget… jadi satu. Tapi tidak berani gegabah karena takut benar Pak Hadi bukan Bapaknya.

“Bertahun-tahun meninggalkan! Ibu saya meninggal dalam keadaan susah! Saya besar dalam kesusahan! Terus sekarang Bapak datang… membawa uang, membawa jabatan? Membawa harta,” kata Hamdan dengan suara pelan agar tidak terdengar.

Perlahan Pak Hadi bangkit, cepat masuk ke kamarnya. Di belakang pintu bersandar seolah mengalami penyesalan yang mendalam.

“Bapak tahu salah, Dan. Bapak tidak mencari pembenaran. Hanya ingin menebus. Memberikan kamu sekolah, memberikan masa depan. Mungkin dengan begitu hati bapak agak tenang,” kata Pak Hadi sambil menangis.

Hamdan perlahan mengambil tasnya. Matanya merah seperti menahan tangis. Lalu memberi isyarat pada Mang Kardi untuk mengajak pulang saat itu juga.

“Pak…”

Mendengar itu Pak Hadi cepat keluar lagi.

“Mohon maaf, Pak… saya mau pulang ke Cianjur. Saya tidak bisa kuliah di sini. Saya mau kuliah lagi di Cianjur. Dekat makam ibu saya. Dekat Tajug. Dekat kampung.”

“Dan, dengarkan dulu…” cegah Pak Hadi.

“Bapak terima kasih sudah membantu. Tapi saya harus mencari jati diri saya sendiri. Bukan dengan uang Bapak. Tapi dengan usaha saya,” potong Hamdan.

Lalu dia keluar. Meninggalkan foto keluarga itu di meja. Meninggalkan bapaknya yang lunglai duduk sambil menutup wajahnya dengan kedua lengan.

Di jalan, di angkot ke terminal, Hamdan menangis di dalam hatinya, meskipun didampingi Mang Kardi.

Bukan karena lemah. Tapi karena hati yang sudah lama terpendam, kini dibuka oleh kenyataan yang tidak pernah disangka.

Jadi selama ini… yang membantu adalah bapaknya sendiri. Begitu anggapan Hamdan.

Lalu bagaimana selanjutnya Bapaknya? Silakan di bagian selanjutnya.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x