x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka 16 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 4 menit
Senin, 20 Jul 2026 03:57 10 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 16

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Isukna di gudang Pak Hadi, Jakarta memang karasa beda pisan ti lembur.

Hamdan keur ngangkat karung beas, kesangna meni ngagarajag . Ti gigir, Pak Hadi ngaliwat bari mawa buku catatan.

Nalika Pak Hadi saeutik muka jandela, caang atra ngena ka beungeutna.

Hamdan sakedapan ngajanteng kaget . Karung di leungeunna ampir murag.

“Duh Gusti…”  Pok Hamdan dina hatena.

Beungeut Pak Hadi. Alisna. Bentuk irungna. Socana.

Sadayana tamleg … mirip pisan jeung bapana Hamdan anu tos lami dianggap maot. Mirip pisan jeung poto anu disumputkeun ku  Hamdan  di Tajug.

“Hate Hamdan dadak dumadak deg-degan.  Naha saha atuh Pak Hadi teh?_”

Pak Hadi ngarasa aya anu merhatikeun. Gancang nyarita “Kumaha Dan? Capek?”

Hamdan ngan ukur ngagodegkeun sirahna. Teu wani nanya. Sieun salah. Tapi dina hate aya ribuan pertanyaan.

Wengi na, sanggeus beres gawe di gudang, Hamdan dipanggi di ruang kantor leutik. Jalan leutik satu Mantes rohangan kantor anu ka urus unggal poe.

“Calik, Dan,” ceuk Pak Hadi bari nyodorkeun cai.

“Isukan maneh daftar ulang ka kampus. Kelas karyawan. Sore ngaji di pesantren mahasiswa. Peuting, mun teu cape, bantosan bapa di gudang ieu. Anggap we ieu imah maneh salila di Jakarta,” jelas Pak Hadi.

Hamdan kaget. “Pak… abdi kedah pindah beneran ka Jakarta?”

“Muhun. Ulah di lembur wae. Di dieu maneh bisa sakola, bisa damel, bisa ngaji. Bisi di lembur maneh ngan ukur ngalamun mikiran anu teu puguh,” jawab Pak Hadi bari netep jauh.

Kecap “anu teu puguh” eta ngena. Hamdan nyaho anu dimaksud teh Syarifah. Tapi api api surti da era.

“Inget Dan,” lanjut Pak Hadi, “lalaki mah ulah ngan ukur wani bogoh. Kedah wani ngabuktikeun. Mun hayang dijadikeun minantu ku jalma anu boga derajat… angkat derajat Hamdan heula.”

Hamdan ngahuleng. Dina hiji sisi aya sedih ninggalkeun lembur. Dina sisi séjén aya harepan anyar.

Nu saterusna ngobrol panjang lebar kaditu kadieu nepi ka samemeh sare,

Di Kamar Hamdan muka deui poto bapana anu tos luntur. Eta mah anu aya dina dompetna. Tuluy ningali ka Pak Hadi anu keur ngobrol jeung supir di luar.

Saruwa pisan… naha nya?

Atuh saha sabenerna Pak Hadi ieu?

Hate Hamdan tambah tagiwur. Tapi hiji anu pasti: manehna tos ngalengkah.

Gawe di gudang beurang kuliah jeung masantren peutingna.

Perjuangan di kota badag anyar dimimitian…

Duh gening seep waktos nyambung ka bagian 17.

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-16

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

 

Keesokan harinya di gudang Pak Hadi, Jakarta memang terasa sangat berbeda dari desa.

Hamdan sedang mengangkat karung beras, keringatnya bercucuran. Dari samping, Pak Hadi lewat sambil membawa buku catatan.

Ketika Pak Hadi sedikit membuka jendela, cahaya terang langsung mengenai wajahnya.

Hamdan seketika terdiam kaget. Karung di tangannya hampir jatuh.

“Ya Tuhan…” ucap Hamdan dalam hati.

Wajah Pak Hadi. Alisnya. Bentuk hidungnya. Matanya.

Semuanya begitu mirip… sangat mirip dengan ayah Hamdan yang sudah lama dianggap meninggal. Sangat mirip dengan foto yang disembunyikan Hamdan di Tajug.

“Hati Hamdan tiba-tiba berdebar kencang. Siapakah sebenarnya Pak Hadi ini?”

Pak Hadi merasa ada yang memperhatikannya. Cepat berkata, “Bagaimana, Dan? Capek?”

Hamdan hanya menggelengkan kepalanya. Tidak berani bertanya. Takut salah. Tapi dalam hati ada ribuan pertanyaan.

Malam harinya, setelah selesai bekerja di gudang, Hamdan dipanggil ke ruang kantor kecil. Jalan kecil itu menyatu dengan ruangan kantor yang diurus setiap hari.

“Duduk, Dan,” kata Pak Hadi sambil menyodorkan air.

“Besok kamu daftar ulang ke kampus. Kelas karyawan. Sore mengaji di pesantren mahasiswa. Malam, kalau tidak capek, bantu Bapak di gudang ini. Anggap saja ini rumahmu selama di Jakarta,” jelas Pak Hadi.

Hamdan kaget. “Pak… saya harus pindah sungguh-sungguh ke Jakarta?”

“Ya. Jangan di desa saja. Di sini kamu bisa sekolah, bisa bekerja, bisa mengaji. Nanti di desa kamu hanya akan melamun memikirkan hal yang tidak pasti,” jawab Pak Hadi sambil menatap jauh.

Kata “yang tidak pasti” itu tepat sasaran. Hamdan tahu yang dimaksud adalah Syarifah. Tapi pura-pura tidak mengerti karena malu.

“Ingat, Dan,” lanjut Pak Hadi, “laki-laki jangan hanya berani mencintai. Harus berani membuktikan. Kalau ingin dijadikan menantu oleh orang yang punya derajat… angkat derajatmu sendiri dulu.”

Hamdan termenung. Di satu sisi ada kesedihan meninggalkan desa. Di sisi lain ada harapan baru.

Selanjutnya mengobrol panjang lebar ke sana kemari hingga sebelum tidur,

Di kamar Hamdan membuka lagi foto ayahnya yang sudah pudar. Itu yang ada di dompetnya. Lalu melihat ke arah Pak Hadi yang sedang mengobrol dengan sopir di luar.

Sangat mirip… kenapa ya?

Lalu siapakah sebenarnya Pak Hadi ini?

Hati Hamdan semakin bergejolak. Tapi satu hal yang pasti: dia sudah melangkah.

Bekerja di gudang, kuliah siang, dan mengaji malam.

Perjuangan di kota besar baru dimulai…

Ternyata sudah habis waktu, bersambung ke bagian 17.

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x