x

Khutbah Jumat : Menepis Mitos Bulan Safar ku gawe nyata benerna

waktu baca 7 menit
Jumat, 17 Jul 2026 05:57 7 Wawan Kusmiran

Khutbah Jumat :
Menepis Mitos Bulan Safar ku gawe nyata benerna
إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِينُهُ وَنَسْتَغْفِرُهُ، وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا وَمِنْ سَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلَا مُضِلَّ لَهُ، وَمَنْ يُضْلِلْ فَلَا هَادِيَ لَهُ أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، الْمَلِكُ الْحَقُّ الْمُبِينُ، الَّذِي أَمَرَ بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي الْقُرْبَى، وَنَهَى عَنِ الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ. وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا وَنَبِيَّنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ، الصَّادِقُ الْوَعْدِ الْأَمِينُ، الَّذِي بَعَثَهُ اللَّهُ رَحْمَةً لِلْعَالَمِينَ، فَأَبْطَلَ سُنَنَ الْجَاهِلِيَّةِ وَخُرَافَاتِهَا، وَأَقَامَ مَوَازِينَ الْقِسْطِ وَعَدَالَتِهَا، وَحَثَّ عَلَى التَّكَافُلِ الْاِجْتِمَاعِيِّ وَمَسْؤُولِيَّتِهَا اللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ وَبَارِكْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ، وَعَلَى آلِهِ الطَّيِّبِينَ الطَّاهِرِينَ، وَأَصْحَابِهِ الْغُرِّ الْمَيَامِينِ، الَّذِينَ حَمَلُوا رَايَةَ الْحَقِّ وَالْعَدْلِ، وَتَابِعِيهِمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى يَوْمِ الدِّينِ.
أَمَّا بَعْدُ: فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُونَ رَحِمَكُمُ اللَّهُ، أُوصِيكُمْ وَنَفْسِي أَوَّلًا بِتَقْوَى اللَّهِ الْعَلِيِّ الْقَدِيرِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُونَ. حَيْثُ قَالَ اللَّهُ تَعَالَى فِي كِتَابِهِ الْكَرِيمِ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوتُنَّ إِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ.
وَقَالَ أَيْضًا فِي شَأْنِ الْعَدْلِ: إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُكُمْ أَنْ تُؤَدُّوا الْأَمَانَاتِ إِلَى أَهْلِهَا وَإِذَا حَكَمْتُمْ بَيْنَ النَّاسِ أَنْ تَحْكُمُوا بِالْعَدْلِ.
وَقَالَ الرَّسُولُ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ فِي نَفْيِ الطِّيَرَةِ وَالْخُرَافَاتِ: لَا عَدْوَى وَلَا طِيَرَةَ وَلَا هَامَةَ وَلَا صَفَرَ.
Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh,
Hayu urang sami-sami ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT kalayan takwa anu sabener-benerna. Jalanna nyaéta ku ngalaksanakeun sagala paréntah-Na sarta ngajauhan naon baé anu dilarang ku Mantenna.
Minggu ieu, urang parantos aya dina naungan bulan Safar. Pamugia kalayan lumangsungna waktu, urang sadaya salawasna ditangtayungan ku Allah SWT. Komo deui urang parantos dipasihan nikmat Islam sareng nikmat séhat, dugi ka tiasa nyumponan uleman ibadah solat Jumat berjamaah. Mudah-mudahan ku rupi-rupi kurnia anu parantos ditarima ieu, urang tiasa terus usaha pikeun ningkatkeun takwa ka Allah. Nyaéta ngajalankeun paréntah-Na sareng ngajauhan larangan-Na. Pamugia urang sadaya engkéna ditakdirkeun husnul khatimah sarta diasupkeun ka jero sawarga, amin ya rabbal alamin.

Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh,
Di zaman jahiliah, aya anggapan yén bulan Safar téh bulan sial, katelah ku istilah tasyâ-um. Bulan anu saenyana teu boga kahayang naon-naon, tapi dipercaya mawa rupa2 kagorengan, nepika timbul rasa kasieun pikeun ngalakukeun urusan-urusan nu tangtu. Pikiran anu modél kieu nyatana masih kénéh aya nepika kiwari ayeuna. Sabagian jalma nganggap yén poé-poé nu tangtu mawa hoki alias kauntungan, sedengkeun poé nu lianna sabalikna (mawa sial).

Padahal, sapertos bulan-bulan anu sanésna, bulan Safar mah netral tina kasialan atanapi katangtuan nasib anu goréng. Lamun seug aya kajadian anu goréng di jerona, éta mah samata-mata karana faktor lain, sanés kusabab bulan Safarna. Ti Abu Hurairah, Rasulullah SAW kantos ngadawuh: لَا عَدْوَى وَلَا طِيَرَةَ وَلَا هَامَةَ وَلَا صَفَرَ وَفِرَّ مِنْ الْمَجْذُومِ كَمَا تَفِرُّ مِنْ الْأَسَدِ
“Teu aya ‘adwa (panyakit nular kalayan soranganana), thiyarah (ramalan sial dumasar manuk), hamah (mitos manuk bueuk), sareng shafar (kasialan bulan Safar). Jeung kudu ngajauh anjeun ti jalma anu boga panyakit kusta (lepra) saumpama anjeun ngajauh ti singa.” (HR. Bukhari sareng Muslim). ‘Adwa téh kayakinan ngeunaan ayana wabah panyakit anu bisa nular ku soranganana, tanpa aya prosés samemehna sarta tanpa idin ti Allah. Thiyarah nyaéta kayakinan ngeunaan nasib hadé – goréng sanggeus ningali manuk. Di masyarakat jahiliah aya mitos anu katelah, lamun aya jalma kaluar ti imah tuluy ningali manuk hiber di sabeulah katuhuna, éta tanda nasib muja-muji bakal datang. Sabalikna, lamun ningali manuk hiber di sabeulah kéncana, éta tanda kasialan bakal cunduk, saéngga leuwih hadé manéhna balik deui ka imah. Sedengkeun hamah téh mangrupa anggapan yén nalika aya manuk bueuk eunteup di luhureun imah, éta tanda nasib sial bakal tumiba kanu boga imah. Teu béda jauh jeung shafar anu dipercaya salaku waktu husus anu bisa ngadatangkeun musibat.

Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh,
Islam teu mikawanoh poé, bulan, atanapi taun sial. Sapertos sadaya anu aya di alam dunya ieu, waktu téh makhluk ciptaan Allah. Waktu teu bisa nangtung sorangan. Sagalana aya dina kakawasaan jeung kendali pinuh ti Pangéranna. Satiap Muslim wajib boga kayakinan yén pangaruh hadé atawa goréng moal aya tanpa idin ti Allah SWT. Kitu ogé jeung bulan Safar. Ieu bulan téh mangrupa bagian tina 12 bulan dina sataun hijriah. Safar téh bulan kadua dina kalender Qamariyah, saatos bulan Muharram sarta sateuacan bulan Rabiul Awwal.

Ibnu Katsir nalika nafsirkeun surat At-Taubah ayat 36 anu medar ngeunaan itungan bulan dina sataun, ngajelaskeun yén ngaran shafar téh aya pakaitna jeung aktivitas masyarakat Arab zaman baheula. Safar hartina kosong. Dingaranan kitu téh sabab dina bulan éta, masyarakat harita ngaleut kaluar ngosongkeun daérahna, boh pikeun perang atanapi pikeun nyaba
Rasulullah nyalira nolak anggapan négatif masyarakat jahiliah ngeunaan bulan Safar ku sababaraha amalan anu positip. Habib Abu Bakar al-‘Adni dina kitab Mandhûmah Syarh al-Atsar fî Mâ Warada ‘an Syahri Shafar maparkeun yén sababaraha kajadian penting anu kaalaman ku Nabi nyatana lumangsung dina bulan Safar. Di antarana nyaéta pernikahan mantenna sareng Sayyidah Khadijah, nikahkeun putrina Sayyidah Fatimah sareng Ali bin Abi Thalib, dugi ka ngawitan hijrah ti Makkah ka Madinah. Hartosna, Rasulullah ngabantah kayakinan masyarakat jahiliah téh sanés ngan ukur ku omongan, tapi ogé ku bukti dina diri mantenna sorangan. Ku cara ngalaksanakeun urusan-urusan anu sakral jeung penting dina bulan Safar, Nabi saolah-olah masihan pesen yén bulan Safar mah teu aya bédana jeung bulan-bulan anu sanés.

Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh,
Manusa diparéntah pikeun ngalakukeun prosés jeung tahapan-tahan anu wajar. Islam kacida ngahargaanana kana fungsi akal séhat. Jalaran kitu, unggal pagawéan kacida dianjurkeunana ngaliwatan hiji rarancang (perencanaan) anu asak jeung ikhtiar anu maksimal. Sesana ngadoa jeung pasrah sagemblengna ka Allah. Sial atanapi untung mah mangrupa tuluyan tina prosés jeung tahapan éta, sanés dumasar kana mitos-mitos khayalan anu teu asup akal. Supados bébas tina panyakit, manusa diparénhkeun pikeun hirup beresih jeung ngajauhan jalma anu boga panyakit nular. Supados salamet tina bangkrut, padagang disarankeun pikeun nyieun itungan anu teliti jeung ati-ati. Supados lulus ujian, pelajar kedah ngaliwatan diajar anu daria. Jeung saterusna.

Nolak ayana “bulan sial” jeung “bulan untung” bakal mawa urang jadi pribadi anu wajar. Teu kedul ikhtiar kusabab ngarasa poé-poéna pasti pinuh ku kauntungan. Ogé teu dikungkung ku kahariwang kusabab diwancahan ku poé-poé anu pinuh ku sial. Salaku hamba, manusa didorong pikeun ngarencanakeun, berjuang, jeung ngadoa; sedengkeun katangtuan hasilna dipasrahkeun ka Allah. Ku kituna, nalika nampi hasil anu saé, urang tetep bersyukur; sarta nalika mendakan kagagalan, urang teu lantas pegat harepan (putus asa).

Karugian (kamudaratan) jeung kasialan tiasa ninggang ka urang iraha waé, teu kedah dina bulan-bulan anu tangtu. Ti dieu urang dipiharep pikeun salawasna ngajaga diri, ngalakukeun usaha-usaha pencegahan, kaasup ku doa nyuhunkeun panyalindungan ka Allah unggal dinten. Doa anu tiasa diaos nyaéta: بِسْمِ اللَّهِ الَّذِي لَا يَضُرُّ مَعَ اسْمِهِ شَيْءٌ فِي الْأَرْضِ وَلَا فِي السَّمَاءِ وَهُوَ السَّمِيعُ الْعَلِيمُ
“Kalayan nyebat jenengan Allah, anu sasarengan sareng jenengan-Na moal aya sahiji perkara ogé boh di bumi boh di langit anu tiasa mawa kamudaratan. Mantenna téh Maha Ngadéngé tur Maha Uninga.” Jalma anu maca éta doa dina wanci énjing-énjing sareng sonten, maka manéhna moal nampi balukar anu goréng tina musibat (malapetaka).

Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh,
Kauntungan anu sajati nyaéta nalika saurang hamba ngagunakeun waktosna, iraha waé éta, pikeun ngalaksanakeun kataatan ka Allah. Sabalikna, karugian téh lumangsung nalika aya jalma anu nyia-nyia wektuna, kaasup dina bulan-bulan anu mulya sanajan. Teu aya anu ngaranna bulan sial atanapi sanés, anu aya mah nyaéta naha padamelan urang téh mawa kamaslahatan atanapi henteu, boh pikeun diri sorangan boh pikeun batur. Ieu mangrupa momentum anu saé pikeun urang leuwih ngahargaan kana waktu, ku cara ngawangun rasa optimis sareng sumanget ibadah ka Allah kalayan satulus-tulusna. Malahan Syekh Ibnu Rajab al-Hanbali dina kitab Lathâif al-Ma’ârif fîmâ li Mawâsim al-‘Am min al-Wadhâif, maparin pesen ngalangkungan syairna: كَمْ ذَا التَّمَادِي فَهَا قَدْ جَاءَنَا صَفَرُ … شَهْرٌ بِهِ الْفَوْزُ وَالتَّوْفِيْقُ وَالظَّفَرُ
Hartosna: “Kacida seueurna jalma anu gaduh pamandangan (atanapi kahoyong), maka ieu ayeuna ges datang bulan Safar ka urang sadaya. Bulan anu dibarengan ku kameunangan, taufik, sareng kasuksésan).”
فَابْدَأْ بِمَا شِئْتَ مِنْ فِعْلٍ تَسُرُّ بِهِ … يَوْمَ الْمَعَادِ فَفِيْهِ الْخَيْرُ يَنْتَظِرُ
“Ku kituna, pék mimitian ti ayeuna ngalakukeun perkara anu bakal ngabungahkeun anjeun dina poé pangbalikan (poé kiamat), sabab di ditu anjeun bakal ningali sagala rupa kahadéan.”
تُوْبُوا إِلَى اللهِ فِيْهِ مِنْ ذُنُوْبِكُمْ … مِنْ قَبْلُ يَبْلُغُ فِيْكُمْ حَدُّهُ الْعُمْرُ
“Pék geura tobatan ka Allah di bulan Safar ieu tina sagala rupa dosa, sateuacan wates pungkasan umur (maot) nyampeurkeun ka aranjeun sadaya.”
Para Wargi sadaya kaum dangu Rohimakumulloh, Hayu urang jadikeun bulan Safar ieu momentum pikeun parobahan. Hayu urang leungitkeun mitos kasialan ku cara ngalobakeun amal nyata. Mugia urang sadaya salawasna dipasihan kakuatan pikeun janten pribadi anu adil, taat kana aturan anu mawa kamaslahatan, sarta ditebihkeun tina sagala rupa kayakinan anu kaliru dina bulan Safar ieu.
بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ. وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللهَ الْعَظِيْمَ لِي وَلَكُمْ

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x