x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-7 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Selasa, 14 Jul 2026 05:20 9 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka-7

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Haréwos angin peuting di kampus ngusap daun angsana. Lampu oren jalanan ngagambar bayangan panjang. Kalangkang daun daun samar ngawawaas.

Hamdan nyarande kana tembok, bari meureumkeun panon, Dina bayangana masih ngalangkang acara nu dilaksanakeun di aula kampus, waktu Syarifah ngajukeun makalah. Sora na tenang, panon na caang. Tapi haténa deg-degan. Malah maling maling neuteup anteb.

Raga maranéhanana geus lila pisah. Saprak Hamdan milih nyuprih elmu di kota Cianjur, sedeng keun Syarifah kuliah di Bandung luyu jeung kahayang kolotna. Kalawan harapan bisa ngangkat harkat darajat nu jadi kolot. Sok komo Cep Barna sohor jalma jegud.

Najan kitu, nalika panon maranéhna patepung asa euweuh jarak. Asa balik deui ka waktu waktu di Tajug. Ngaji babarengan bari kalan kalan suka aeuri.

Bahasana masih kénéh ngagétarkeun,

” Syarifah,” Teu karasa biwir Hamdan ngageter lirih.

“Anjeun ogé, masih kénéh jadi alesan kuring tetep percaya cinta teu kudu buru-buru,” tembal Syarifah, bari nyumputkeun seuri.

“Astagfirulloh…” Hamdan istigfar dumeh sadar geus kabawa lamunan.

Tapi cinta anu kakara tumuwuh deui teu nyangka kudu ngalawan angin séjén di lembur. Nu kacaritakeun Di Lemburna Syarifah poé éta imah rame.

Maya, sobat Syarifah ti SMP, datang. Teu sorangan. Dibawa ku lalaki ngagem baju batik mahal, ngagem jam emas. Ngaku-ngaku dirina pengusaha sukses nu mibanda rupa rupa prusahaan.

“Naha ieu Pa, ieu teh Kang Raka. Boga perusahaan di Bandung. Rek muka pabrik garmen di lembur urang. Lapangan kerja bakal loba,” jelas Maya bari bungah.

Cep Barna mah atoh kacida. Panonna caang. “MasyaAllah… pangusaha jegud kieu téh anu diperlukeun ku lembur. Sopan, boga usaha, ngahargaan ka kolot. Cocok pisan ieu mah keur Syarifah.” pok na bari seuri.

Maya seuri. Tapi dina haténa aya rasa anu béda.  Malah bungah guligah. Nepi ka ngarasa usahana nepungkeun raka ka Cep Barna bisa hasil.

Peutingna, Syarifah nelepon. Sora Cep Barna riweuh.

“Neng, bapak boga calon. Anu alus. Pagawéanana jelas. Bisa ngajaga anjeun. Bapa jeung mamah geus sepakat.”

Syarifah ngerungkeun halis. Haténa kawas ditincak. Di hiji sisi Hamdan anyar tepung deui. Di sisi séjén, kolotna geus “ngajodokeun” ku jalma séjén.

Telepon ditutup. Syarifah ngan bisa neuteup kaca jandela asrama. Nu tambah lila tambah surem ku cai hujan nu mimiti murag.

“Cinta téh… naha sok datang pas aya ujian?” gumamna.

Sabenerna waktu harita Hamdan oge teu bisa sare. Anjeunna nempo poto Syarifah waktu kegiatan di kampus tadi.

Anjeunna teu nyaho. Yen di lembur, ngaranana geus mimiti jadi sabiwir hiji arek dijodokeun ka Raka …

(Nyambung ka bagian 8)

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-7

Cerita: Wan Kusmiran Dipraja

 

Bisikan angin malam di kampus mengusap daun angsana. Lampu oranye jalanan menggambar bayangan panjang. Bayangan daun-daun samar mengawasi.

Hamdan bersandar ke tembok, sambil memejamkan mata. Dalam bayangannya masih terbayang acara yang dilaksanakan di aula kampus, saat Syarifah mengajukan makalah. Suaranya tenang, matanya berbinar. Tapi hatinya berdebar. Bahkan sesekali menatap lekat.

Raga mereka sudah lama terpisah. Sejak Hamdan memilih menuntut ilmu di kota Cianjur, sementara Syarifah kuliah di Bandung sesuai keinginan orang tuanya. Dengan harapan bisa mengangkat harkat derajat orang tuanya. Apalagi Cep Barna terkenal orang kaya.

Meskipun begitu, ketika mata mereka bertemu terasa tidak ada jarak. Terasa kembali ke masa-masa di Tajug. Mengaji bersama sambil sesekali bercanda.

Bahasa itu masih saja menggetarkan,

“Syarifah,” Tanpa terasa bibir Hamdan bergetar lirih.

“Kamu juga, masih saja jadi alasan saya tetap percaya cinta tidak perlu terburu-buru,” jawab Syarifah, sambil menyembunyikan senyum.

“Astagfirulloh…” Hamdan beristigfar karena sadar sudah terbawa lamunan.

Tapi cinta yang baru tumbuh kembali tidak disangka harus melawan angin lain di kampung. Yang diceritakan Di Kampungnya Syarifah hari itu rumah ramai.

Maya, sahabat Syarifah dari SMP, datang. Tidak sendirian. Dibawa oleh pria mengenakan baju batik mahal, mengenakan jam emas. Mengaku dirinya pengusaha sukses yang memiliki berbagai perusahaan.

“Kenapa ini Pak, ini teh Kang Raka. Punya perusahaan di Bandung. Akan membuka pabrik garmen di kampung kita. Lapangan kerja akan banyak,” jelas Maya sambil gembira.

Cep Barna sangat senang. Matanya berbinar. “MasyaAllah… pengusaha kaya begini teh yang dibutuhkan oleh kampung. Sopan, punya usaha, menghargai orang tua. Cocok sekali ini untuk Syarifah.” katanya sambil tersenyum.

Maya tersenyum. Tapi di hatinya ada rasa yang berbeda. Bahkan senang berdebar. Sampai merasa usahanya mempertemukan Raka ke Cep Barna bisa berhasil.

Malamnya, Syarifah menelepon. Suara Cep Barna terdengar sibuk.

“Neng, bapak punya calon. Yang bagus. Pekerjaannya jelas. Bisa menjaga kamu. Bapak dan ibu sudah sepakat.”

Syarifah mengerutkan alis. Hatinya seperti diinjak. Di satu sisi Hamdan baru bertemu kembali. Di sisi lain, orang tuanya sudah “menjodohkan” dengan orang lain.

Telepon ditutup. Syarifah hanya bisa menatap kaca jendela asrama. Yang semakin lama semakin suram oleh air hujan yang mulai turun.

“Cinta teh… kenapa selalu datang pas ada ujian?” gumamnya.

Sebenarnya waktu itu Hamdan juga tidak bisa tidur. Ia melihat foto Syarifah waktu kegiatan di kampus tadi.

Ia tidak tahu. Bahwa di kampung, namanya sudah mulai jadi buah bibir akan dijodohkan dengan Raka…

(Bersambung ke bagian 8)

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x