x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-15 Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 5 menit
Minggu, 19 Jul 2026 03:26 8 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 15

Rekaan: Wan Kusmiran

Malem  kadua di Jakarta, hawa panas jeung riuh kendaraan teu bisa ngusir tiis dina dada Hamdan. Selang selang keukeuh hate sok nyantel ka Syarifah.

Bari diuk di teras musola, manehna mikiran omongan Pak Hadi tadi beurang. Dipikir asa aya beneran.

“Dan… Bapa ningali  hidep teh budak bageur . Teu sombong. Tapi hirup teh ulah ngudag haleuah dunya doang. Ulah ngudag duit doang.

Mun hayang dipikahormat di lembur, mun hayang bisa ngajaga awewe anu ku hidep dipika bogoh…  hidep kudu sakola anu bener. Kuliah. Bari masantren. Biar ilmu agama jeung ilmu dunyana saimbang.”

Kecap eta ngaguruh dina oamikiran Hamdan nepi ka ayeuna.

“Hate tagiwur…” bisikna.

Tagiwur ku bingung. Tagiwur ku asa teu mungkin.

Anak tukang kebon kawas kuring …bisa pindah kuliah? Di Jakarta?

Samentara di lembur, Syarifah meureun tos disiapkeun baju pengantin ku bapana. Kitu norowecona Hamdan dina hate.

Mang Kardi diuk di gigireunna. “Kumaha, Dan? Pusing?”

Hamdan ngagodeg. “ Pak… abdi saha. Abdi mah ngan ukur lulusan MA. Duit teu boga. Ijazah oge pas-pasan. Apan kuliah di Cianjur ge supados ngirit biaya, ” Pokna

Mang Kardi nepak Hamdan bangun deudeuh. “Pak Hadi lain ngomong kosong, Dan. Anjeunna bener-bener bageur. Tadi anjeunna nyarita ka Bapa.

‘Mun budak eta hayang sakola, biaya  Bapa anu nanggung. Tapi aya saratna: kudu betah ngaji, kudu betah capek.’”

Hamdan ngahuleng. Panonna baseuh.

Pak Hadi jalma beunghar. Miboga tanah, kebon, pabrik. Tapi omonganna sederhana:

“Gelar mah bisa dibeuli. Tapi adab jeung ilmu mah kudu diutamakeun”

Wengi eta Hamdan loba sujud. Di sajadah tipis musola.

“Ya Allah… upami ieu jalan anu anjeun buka… paparin abdi kuat. Abdi teu hayang jadi lalaki anu ngan ukur bisa ngadoa di Tajug. Abdi hayang balik ka lembur mawa ijazah, mawa ilmu, mawa harga diri. Supaya iraha wae ngalamar Neng Syarifah… abdi teu isin.”

Sok keukeuh najan ngadoa, ngaran Syarifah disebutna bari anteb.

Isukna, Pak Hadi ngajakan Hamdan ka hiji kampus swasta di Jakarta anu boga program kelas karyawan jeung pondok pesantren mahasiswa.

“Didieu tempatna, Dan. Pagi kuliah, sore ngaji, malam damel di gudang  Bapa. upami peryogi jajan. Ka Bapak nya, ”

Hamdan ningali ka Mang Kardi. Mang Kardi ngan ukur ngode tarik napas.

Hamdan tuluy ngahuleng, tuluy ngajawab kalayan sora anu geter tapi pasti:

“InshaAllah  Pak. Abdi bade ngabuktikeun.”

Pak Hadi seuri lega. “Eta sikapna saurang  lalaki!”

Di dinya, di tengah hiruk-pikuk Jakarta, Hamdan ngadamel janji anyar.

Teu ka Syarifah. Tapi ka diri sorangan, ka Allah, jeung ka masa depan. Tapi sabot neuteup Pak Hadi. Hamdan ngarenjag kaget…

Duh hanca nya nyambung ka bagian 16. Naha make Hamdan ngarenjag kaget. Na aya naon deui?

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-15

Rekaan: Wan Kusmiran

 

Malam kedua di Jakarta, hawa panas dan riuh kendaraan tak bisa mengusir dingin di dada Hamdan. Sesekali hatinya terus terpaut pada Syarifah.

Sambil duduk di teras musala, ia memikirkan ucapan Pak Hadi tadi siang. Dipikir-pikir terasa ada benarnya.

“Dan… Bapak melihatmu anak baik. Tidak sombong. Tapi hidup jangan hanya mengejar dunia. Jangan hanya mengejar uang.

Jika ingin dihormati di kampung, jika ingin bisa menjaga wanita yang kamu cintai… kamu harus sekolah yang benar. Kuliah. Sambil mondok. Agar ilmu agama dan ilmu dunianya seimbang.”

Kata-kata itu bergema di pikirannya Hamdan hingga kini.

“Hati bergejolak…” bisiknya.

Bergejolak karena bingung. Bergejolak karena terasa mustahil.

Anak tukang kebun sepertiku… bisa pindah kuliah? Di Jakarta?

Sementara di kampung, Syarifah mungkin sudah disiapkan baju pengantin oleh bapaknya. Begitu pikir Hamdan dalam hati.

Mang Kardi duduk di sebelahnya. “Bagaimana, Dan? Pusing?”

Hamdan menggeleng. “Pak… saya ini siapa. Saya hanya lulusan MA. Uang tidak punya. Ijazah juga pas-pasan. Bukankah kuliah di Cianjur juga supaya menghemat biaya,” katanya.

Mang Kardi menepuk Hamdan dengan penuh kasih. “Pak Hadi tidak bicara kosong, Dan. Beliau benar-benar baik. Tadi beliau bicara pada Bapak.

‘Jika anak itu ingin sekolah, biaya Bapak yang menanggung. Tapi ada syaratnya: harus betah mengaji, harus betah bekerja keras.’”

Hamdan terdiam. Matanya basah.

Pak Hadi orang kaya. Punya tanah, kebun, pabrik. Tapi ucapannya sederhana:

“Gelar bisa dibeli. Tapi adab dan ilmu harus diutamakan.”

Malam itu Hamdan banyak sujud. Di sajadah tipis musala.

“Ya Allah… jika ini jalan yang Engkau buka… berikan aku kekuatan. Aku tidak ingin jadi lelaki yang hanya bisa berdoa di Tajug. Aku ingin pulang ke kampung membawa ijazah, membawa ilmu, membawa harga diri. Supaya kapan saja melamar Neng Syarifah… aku tidak malu.”

Tetap teguh meski berdoa, nama Syarifah disebutnya dengan mantap.

Esoknya, Pak Hadi mengajak Hamdan ke sebuah kampus swasta di Jakarta yang memiliki program kelas karyawan dan pondok pesantren mahasiswa.

“Di sini tempatnya, Dan. Pagi kuliah, sore mengaji, malam bekerja di gudang Bapak. Kalau perlu jajan. Ke Bapak saja,”

Hamdan melihat ke Mang Kardi. Mang Kardi hanya mengangguk sambil menarik napas.

Hamdan lalu terdiam, lalu menjawab dengan suara yang bergetar namun pasti:

“Insya Allah Pak. Saya akan membuktikan.”

Pak Hadi tersenyum lebar. “Itu sikap seorang lelaki!”

Di sana, di tengah hiruk-pikuk Jakarta, Hamdan membuat janji baru.

Bukan pada Syarifah. Tapi pada diri sendiri, pada Allah, dan pada masa depan. Tapi saat menatap Pak Hadi, Hamdan terkejut…

Duh, dilanjutkan ya ke bagian 16. Kenapa Hamdan terkejut? Ada apa lagi?

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x