x

TAJUG CINTA SYARIFAH – Bagian ka-13 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Jumat, 17 Jul 2026 06:56 9 yudi andriyani

 

 

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ka 13

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Peutingna, Tajug tos sepi. Tapi pikiran Hamdan teu bisa sepi. Hate ngacacang mapay mapay lampah anu tos karandapan.

Atuh dina waktu harita, Barang dugi ka imah panggungna anu saukur kai jeung bilik, Hamdan diuk dina bangbarung. Renghap napas saolah olah ditahan, Panonna melong kana poekna alam nu siga ngilu bungkleng ku cinta nu meh hamo bisa nyambung.

“Astagfirullah…”  pokna halon

Sok komo barang Inget kana omongan Maya dina waktu harita.

“Kang Hamdan… abdi uninga ti kulawargana, Neng Syarifah teh tos disaurkeun ku bapana. Bade dijodokeun jeung anak Juragan Ujang ti kota.”

Kecap eta ayeuna balik deui. Ngaguruh. Ngaganjel kana lamunan anu tambah jauh.

“naha hate bet tagiwur…” ceuk Hamdan.

Ragu. Sedih. Kecewa.

“Ka saha abdi kudu nyalahkeun? Kana takdir? Ka bapakna Syarifah? Naha kana diri abdi sorangan anu teu boga naon-naon?” pokna bari tungkul alum pinuh ka sedih.

Manehna ngusap raray.

Waktu harita jol Mang Kardi, kolot anu  ku Hamdan salila ieu dianggap kolot sorangan. Ningali Hamdan kitu, Mang Kardi ngan ukur ngagodegkeun silahkan.

“Dan… ulah nyimpen nyeri sorangan. Mun tos teu kuat, curhatkeun. Mun tos buntu, jarah,” ceuk Mang Kardi kalem.

“Jarah ka saha, Pak?”

“Ka makam indung hidep. Ka anu ti heula ngadoakeun anjeun nepi ka jadi kieu.”

Isukna, samemeh panonpoé naék, Hamdan jeung Mang Kardi tos di jalan.

Mawa kembang tujuh rupa jeung cai dina botol. Nu maksud rek jarah kubur.

Cunduk di pemakaman, angin ti sawah karasa tiis. Hamdan turun bari langsung aniprek di hareupeun nisan anu tulisanna tos rada pudar:

Almarhumah Siti Aminah, Indungna Hamdan.

“Buu…” sora Hamdan serak.

“Bu… ieu anak Ibu. Anak anu Ibu titipkeun iman. Anak anu Ibu titipkeun jujur. Ayeuna anak Ibu keur diuji, Bu.” Hamdan langsung ngadoni kawas kanu aya dikieuna.

Cai panon netes kana taneuh. Sakedapan Hamdan meureun keun panona.

“Abdi patepang jeung hiji awewe di Tajug, Bu. Manahna sae. Ngajina rajin. Tapi bapana teu resep ka abdi. Ayeuna kadenge… manehna bade dijodokeun. Abdi kedah kumaha, Bu?”

Hamdan ngusap nisan.

“Upami ieu sanes jodoh abdi… ikhlaskeun abdi, Bu. Tapi upami ieu jalanna… paparin jalan, Bu. Paparin kekuatan.”

Mang Kardi di tukang ngan ukur tiasa ngadoa. Bari teu ngomong sakemek kemek acan.

Lila maranehna di dinya. Ngadu ka Allah, ngadu ka indung anu tos di alam barzah.

Barang bade mulang, Hamdan ngarasa rada lega. Sanajan masalahna teu rengse, tapi beban di dada karasa rada enteng.

Di tengah jalan, manehna ngomong ka Mang Kardi:

“Pak… abdi mutuskeun. Abdi moal ngaganggu Neng Syarifah. Abdi bade ngabuktikeun diri heula. Ngaji, damel, ngadoa. Mun jodoh mah moal ka mana.”

Mang Kardi mesem. “Eta hebat ngaranna lalaki, Dan.”

Angin ngusap tangkal cau di sisi jalan. Di kajauhan kadenge adzan.

Dina hate Hamdan ayeuna aya hiji kepastian pasrah. Pasrah anu teu lemah. Tapi pasrah anu pinuh ku ikhtiar.

Duh teu karaos nyambung ka bagian 14…

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

TAJUG CINTA SYARIFAH

Bagian ke-13

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

 

Malam itu, Tajug sudah sepi. Namun pikiran Hamdan tak bisa tenang. Hatinya berkelana menelusuri jejak langkah yang telah dilalui.

Saat itu, setibanya di rumah panggungnya yang hanya terbuat dari kayu dan bilik, Hamdan duduk di ambang pintu. Napasnya seolah tertahan, matanya memandang kegelapan alam yang seakan ikut terbungkus oleh cinta yang hampir tak bisa tersambung.

“Astagfirullah…” ucapnya lirih.

Terlebih lagi saat teringat ucapan Maya waktu itu.

“Kang Hamdan… saya tahu dari keluarganya, Neng Syarifah sudah dilamar oleh ayahnya. Akan dijodohkan dengan anak Juragan Ujang dari kota.”

Kata-kata itu kini kembali. Bergemuruh. Menghadang lamunan yang semakin jauh.

“Kenapa hati bergejolak…” kata Hamdan.

Ragu. Sedih. Kecewa.

“Kepada siapa saya harus menyalahkan? Takdir? Ayah Syarifah? Atau diri saya sendiri yang tidak punya apa-apa?” ucapnya sambil menunduk lesu penuh kesedihan.

Ia mengusap wajahnya.

Saat itu datang Mang Kardi, orang tua yang selama ini dianggap Hamdan sebagai orang tuanya sendiri. Melihat Hamdan seperti itu, Mang Kardi hanya mengangguk.

“Dan… jangan menyimpan sakit sendirian. Kalau sudah tidak kuat, curhatlah. Kalau sudah buntu, berziarah,” kata Mang Kardi dengan tenang.

“Berziarah ke siapa, Pak?”

“Ke makam ibumu. Kepada yang lebih dulu mendoakanmu hingga jadi seperti ini.”

Esoknya, sebelum matahari terbit, Hamdan dan Mang Kardi sudah di jalan.

Membawa kembang tujuh rupa dan air dalam botol. Yang bermaksud untuk berziarah kubur.

Tiba di pemakaman, angin dari sawah terasa dingin. Hamdan turun sambil langsung berlutut di depan nisan yang tulisannya sudah agak pudar:

Almarhumah Siti Aminah, Ibunya Hamdan.

“Buu…” suara Hamdan serak.

“Bu… ini anak Ibu. Anak yang Ibu titipkan iman. Anak yang Ibu titipkan jujur. Sekarang anak Ibu sedang diuji, Bu.” Hamdan langsung berdoa seolah berbicara dengan yang ada di hadapannya.

Air mata menetes ke tanah. Sesaat Hamdan memejamkan matanya.

“Saya bertemu dengan seorang wanita di Tajug, Bu. Hatinya baik. Mengajinya rajin. Tapi ayahnya tidak suka pada saya. Sekarang terdengar… dia akan dijodohkan. Saya harus bagaimana, Bu?”

Hamdan mengusap nisan.

“Jika ini bukan jodoh saya… ikhlaskan saya, Bu. Tapi jika ini jalannya… berikan jalan, Bu. Berikan kekuatan.”

Mang Kardi di belakang hanya bisa berdoa. Tanpa berkata sepatah kata pun.

Lama mereka di sana. Mengadu kepada Allah, mengadu kepada ibu yang sudah di alam barzah.

Saat hendak pulang, Hamdan merasa sedikit lega. Meskipun masalahnya belum selesai, namun beban di dada terasa sedikit ringan.

Di tengah jalan, ia berkata kepada Mang Kardi:

“Pak… saya memutuskan. Saya tidak akan mengganggu Neng Syarifah. Saya akan membuktikan diri dulu. Mengaji, bekerja, berdoa. Kalau jodoh tidak akan ke mana.”

Mang Kardi tersenyum. “Itu hebat namanya laki-laki, Dan.”

Angin mengusap pohon pisang di sisi jalan. Di kejauhan terdengar adzan.

Dalam hati Hamdan kini ada satu kepastian pasrah. Pasrah yang tidak lemah. Tapi pasrah yang penuh dengan ikhtiar.

Duh tak terasa tersambung ke bagian 14…

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x