x

Tajug Cinta Syarifah Bagian ka-6 Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

waktu baca 5 menit
Minggu, 12 Jul 2026 08:06 14 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ka-6

Rekaan: Wan Kusmiran Dipraja

Cianjur katelah Kota Santri. Di dinya Hamdan manggihan hirup anyar. Isuk kuliah di kampus, beurang ngajar barudak di madrasah, peuting ngaji kitab kuning di pesantren. Hirup estu ngagembleng tumuwuhna jati diri santri nu Saestu na.  sok komo malah Mandar bisa nga dorong kana haté beunghar ku elmu jeung dzikir.

Sataun geus kaliwat. Hamdan ayeuna jadi marbot kapercayaan di Masjid anu aya di Cianjur. Sora adzan na lembut, matak baseuh hate nu ngadéngéna. Anjeunna geus neundeun jauh carita mangsa di Tajug. Pon kitu deui Ngaran Syarifah ukur jadi doa nu disumputkeun dina sujud panjang.

Hiji poé, kampusna ngayakeun acara badag: “Tabligh Akbar & Silaturahmi Mahasiswa Muslim Sa Jawa Barat”. Perguruan tinggi ti saban kota diundang. Ti Bandung, Bogor, Tasik, nepi ka Garut oge ti Cianjur.

Loba nu rek datang, sok komo mahasiswa mahasiswi anu araktif dina kegiatan masjid di sewang sewang patempatanana.

Panitia nunjuk Hamdan jadi MC sabab sora na alus jeung santun.

Isuk-isuk, bus-bus ti luar kota daratang. Mahasiswa pabalutud turun, make almamater masing-masing. Hamdan nangtung di panggung, nata kecap mukadimah. Muka acara bari mernah.

Manéhna ngan ukur ngalirik ka barisan korsi, mastikeun tamu geus daratang.

Tapi ujug-ujug panonna eureun.

Di barisan hareup, korsi nomer 3 ti kénca.

Aya mojang maké jas almamater biru dongker. Jilbab bodas bersih. Neuteup ka panggung bari nyatet.

Jantung Hamdan jiga eureun ngadegdeg.

Syarifah.

7 bulan leuwih teu papanggih. Ayeuna geus jadi mahasiswa kadokteran semester 3. Beungeutna leuwih dewasa, panonna leuwih jero, tapi sorotna… tetep Syarifah nu sok nyandak turutan ka Tajug.

Syarifah ogé ngarasa aya nu neuteup. Anjeunna ngangkat beungeut. Panonna patepung jeung panon lalaki nu keur nyekel mic di panggung.

Mic nu dicekel Hamdan ngadak-ngadak ngadégdég.

“Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh…” sorana rada sérék, tapi tetep dituluykeun.

Sesi ceramah réngsé. Acara diteraskeun ku diskusi kelompok. Tapi Takdir ngahijikeun dua ngaran dina kelompok nu sarua: Kelompok 7: Tema Akhlak Mahasiswa Muslim di Era Digital.

Duaan diuk pahareup-hareup. Méja jadi jarak nu cicingeun.

“Eh, anjeun ti Cianjur?” ceuk Syarifah, pura-pura teu wanoh. Sorana datar, tapi leungeunna nu nyekel pulpen ngadégdég.

Hamdan unggeuk. “Muhun. Ti Cianjur.” Teu wani nyebut ngaran. Sieun sora na beak.

Diskusi jalan. Batur-batur ngomongkeun soal hoax, soal adab medsos. Tapi dua nonoman ieu mah keur diskusi jeung kenangan sorangan.

Nepi ka réngsé acara, taya kecap pribadi nu kaluar. Ngan waktu baris bubar, Syarifah ngaliwat gigireun Hamdan.

Léngkahna eureun saeutik. Bari ukur ngareret ku juru panon. Teu lila ngaharewos halon, jiga angin:

“Saungna tos dipelakan cau can?”

Tuluy leumpang. Ninggalkeun Hamdan nu cicing, panonna nganteur ku teuteup nu embung tinggaleun, sajorelat kenangan di Tajug nembongan.

Sakabéh rindu 7 bulan, kabayar ku hiji kalimah. Anjeunna inget. Anjeunna can poho. Saung di tengah kebon. Tajug Cinta. Jeung janji nu can kabaca ku saha-saha.

Di luar rohangan tempat acara hujan ngadak-ngadak turun. Tapi waktos ieu, lain hujan nu nyeri. Tapi hujan rahmat nu ngaragragkeun harepan nu meh ampir lekasan.

Bersambung ka Bagian ka-7

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ke-6

Rekaan : Wan Kusmiran Dipraja

 

Cianjur dikenal sebagai Kota Santri. Di sana Hamdan menemukan kehidupan baru. Pagi kuliah di kampus, siang mengajar anak-anak di madrasah, malam mengaji kitab kuning di pesantren. Hidup benar-benar menempa pertumbuhan jati diri santri yang sesungguhnya. Apalagi ditambah bisa mendorong hati untuk kaya akan ilmu dan dzikir.

Setahun telah berlalu. Hamdan kini menjadi marbot kepercayaan di Masjid yang ada di Cianjur. Suara adzannya lembut, membuat basah hati yang mendengarnya. Ia telah menyimpan jauh cerita masa di Tajug. Begitu pula Nama Syarifah hanya menjadi doa yang disembunyikan dalam sujud panjang.

Suatu hari, kampusnya mengadakan acara besar: “Tabligh Akbar & Silaturahmi Mahasiswa Muslim Se-Jawa Barat”. Perguruan tinggi dari setiap kota diundang. Dari Bandung, Bogor, Tasik, hingga Garut juga dari Cianjur.

Banyak yang akan datang, apalagi mahasiswa-mahasiswi yang aktif dalam kegiatan masjid di tempat masing-masing.

Panitia menunjuk Hamdan menjadi MC karena suaranya bagus dan santun.

Pagi-pagi, bus-bus dari luar kota berdatangan. Mahasiswa berbondong-bondong turun, mengenakan almamater masing-masing. Hamdan berdiri di panggung, menata kata mukadimah. Membuka acara dengan baik.

Ia hanya melirik ke barisan kursi, memastikan tamu sudah datang.

Tapi tiba-tiba matanya berhenti.

Di barisan depan, kursi nomor 3 dari kiri.

Ada gadis memakai jas almamater biru dongker. Jilbab putih bersih. Menatap ke panggung sambil mencatat.

Jantung Hamdan seperti berhenti berdetak.

Syarifah.

7 bulan lebih tidak bertemu. Kini sudah menjadi mahasiswa kedokteran semester 3. Wajahnya lebih dewasa, matanya lebih dalam, tapi sorotnya… tetap Syarifah yang sering datang ke Tajug.

Syarifah juga merasa ada yang menatap. Ia mengangkat wajah. Matanya bertemu dengan mata lelaki yang sedang memegang mic di panggung.

Mic yang dipegang Hamdan mendadak bergetar.

“Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh…” suaranya agak serak, tapi tetap dilanjutkan.

Sesi ceramah selesai. Acara dilanjutkan dengan diskusi kelompok. Tapi Takdir menyatukan dua nama dalam kelompok yang sama: Kelompok 7: Tema Akhlak Mahasiswa Muslim di Era Digital.

Berdua duduk berhadapan. Meja menjadi jarak yang hening.

“Eh, kamu dari Cianjur?” kata Syarifah, pura-pura tidak kenal. Suaranya datar, tapi tangannya yang memegang pulpen bergetar.

Hamdan mengangguk. “Iya. Dari Cianjur.” Tidak berani menyebut nama. Takut suaranya habis.

Diskusi berjalan. Teman-teman berbicara soal hoax, soal adab medsos. Tapi dua pemuda ini malah sedang diskusi dengan kenangan sendiri.

Hingga selesai acara, tidak ada kata pribadi yang keluar. Hanya saat akan bubar, Syarifah melewati samping Hamdan.

Langkahnya berhenti sedikit. Sambil hanya melirik dari sudut mata. Tidak lama berbisik pelan, seperti angin:

“Saung sudah ditanami pisang belum?”

Lalu berjalan. Meninggalkan Hamdan yang diam, matanya mengantar dengan tatapan yang enggan tertinggal, sekelebat kenangan di Tajug bermunculan.

Seluruh rindu 7 bulan, terbayar dengan satu kalimat. Ia ingat. Ia belum lupa. Saung di tengah kebun. Tajug Cinta. Dan janji yang belum terbaca oleh siapa pun.

Di luar ruangan tempat acara hujan mendadak turun. Tapi kali ini, bukan hujan yang menyakitkan. Tapi hujan rahmat yang menjatuhkan harapan yang hampir usai.

Bersambung ke Bagian ke-7

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x