x

Tajug Cinta Syarifah – Bagian ka-5 Rekaan: Wan Kusmiran

waktu baca 5 menit
Minggu, 12 Jul 2026 07:53 11 yudi andriyani

 

 

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ka-5

Rekaan Wan Kusmiran

7 bulan geus kaliwat ti peuting pangusiran. Saung di tengah kebon ayeuna geus aya hirup kahirupan deui, Mang Kardi tatanen, Hamdan tara reureuh bunta bantu, memang sanajan beda jeung budak saumuranana, sok komo dina mangsa kiwari.

Tapi peuting-peuting, lamun bapa na geus sare, Hamdan sok diuk nyorangan dina bale bale awi. Nyawang bulan, ngalamunkeun Tajug Nurul Iman. Nu beh dituna lamunan nyalengor Ngalamunkeun Syarifah.

“Pa…” ceuk Hamdan hiji peuting, sorana leuleus tapi pageuh.

Mang Kardi nu keur ngasah arit nengahan. Ngalieuk. Dumeh harita acan tunduh.

“Naon, Jang?”

“Abdi hoyong masantren deui, Pa. Di Cianjur. Sakalian abdi rék kuliah di perguruan tinggi nu aya di Cianjur, Nyandak jurusan Pendidikan Agama Islam.” kitu ceuk Hamdan laun bangun risi teu disatujuan.

Mang Kardi ngarenjag. Arit dina leungeun dieunkeun. “Kuliah, Jang? Di kota?”

Hamdan nunduk.

“Nyuhunkeun hapunten, Pa. Abdi apal urang teu boga biaya. Tapi abdi bade bari nyambi damel. Jadi marbot masjid, ngajar ngaji barudak. Abdi teu betah mun elmu ukur cicing di dieu, Pa. Abdi hayang mangfaat.”

Lila Mang Kardi teu ngajawab. Ngan neuteup bangun bungah. seuneu damar cempor nu ngadadak jiga hurung ku harepan. Panonna neuteup seukeut.

Tuluy anjeunna nangtung, nangkeup taktak Hamdan nu geus jangkung, kuat ku pacul jeung naktak mundak.

“Jang… Bapa mah lain Cep Barna.” sorana ngageter.

“Bapa teu hayang hidep jadi dokter sangkan mulangkeun ngaran. Bapa teu hayang hidep beunghar sangkan poho kana akhlak, ”

Anjeunna ngusap cimata nu ngeclak kana pipina.

“Nu dipihayang Bapa mah hiji: Sing jadi jalma nu beriman, berilmu, jeung berakhlak. Gelar mah ngan ukur ngaran dina kertas. Tapi iman jeung akhlak, éta nu bakal nulungan hidep di dunya jeung di akhérat.”

Hamdan ngarangkul Mang Kardi. “Pa, hatur nuhun…”

Isukna, Mang Kardi ngajual sapasang domba jeung duit anu kawilang loba. Cenah ladang domba teu cukup keur biaya kuliah, tapi cukup keur ongkos jeung sangu saminggu.

“Bawa, Jang. Di kota loba jalma alus. Menta, ihtiar, tawakkal.”

Sajongjonan Hamdan ngahuleng kaget, naha Mang Kardi bet loba duit. Tapi pikiran kitu kur sakeudeung sabab Mang Kardi kaburu ngaykinkeun tong sok ieuh mikiran biaya keur masantren jeung kuliah.

Saminggu ti harita, Hamdan indit ka Cianjur. Mawa kardus eusi baju, kitab, jeung sajadah butut nu ti heula di simpen di tajug.

Singkat carita, Hamdan ditarima di hiji pesantren modern di Cianjur. Beurang kuliah, peuting ngajar ngaji, subuh jadi muadzin. Najan sibuk tapi beungeutna caang. Elmu asup kana dada, sabar asup kana hate.

Lamun ngobrol bari guyon pada nanya, Hamdan, cita-cita anjeun naon?”

Hamdan nangtung, sora na jelas: “Hoyong jadi guru, Hoyong ngamulya keun jalma nu hina ku dunya, tapi mulya di payuneun Allah.”

Sakelas kadang sareuri, Taya nu apal, yén éta santri kucel ti saung téh keur nebus luka ku cara ngamulyakeun elmu.

Di Bandung, Syarifah keur nyanghareupan jas kadokteran nu bodas. Di Cianjur, Hamdan keur nyanghareupan papan tulis jeung santri-santri leutik.

Jauh dipisahkeun ku kota, tapi ditumbuhkeun ku jalan nu sarua: Neangan ridho Allah.

Bersambung ka Bagian ka-6 kumaha salajengna?

 

Terjemahan ke Bahasa Indonesia

Tajug Cinta Syarifah

Bagian ke-5

Karya Wan Kusmiran

 

7 bulan telah berlalu sejak malam pengusiran. Gubuk di tengah kebun kini kembali ramai. Mang Kardi bertani, Hamdan tak henti-hentinya membantu, meskipun berbeda dengan anak seusianya, apalagi di masa kini.

Namun di malam hari, ketika ayahnya sudah tertidur, Hamdan sering duduk sendiri di balai bambu. Memandang bulan, melamunkan Tajug Nurul Iman. Lebih jauh lagi, lamunannya melayang memikirkan Syarifah.

“Pak…” ucap Hamdan suatu malam, suaranya lirih namun mantap.

Mang Kardi yang sedang mengasah arit berhenti. Menoleh. Karena saat itu belum mengantuk.

“Apa, Nak?”

“Saya ingin mondok lagi, Pak. Di Cianjur. Sekaligus saya mau kuliah di perguruan tinggi yang ada di Cianjur, mengambil jurusan Pendidikan Agama Islam.” begitu kata Hamdan pelan, tampak ragu jika tidak disetujui.

Mang Kardi terkejut. Arit di tangannya diletakkan. “Kuliah, Nak? Di kota?”

Hamdan menunduk.

“Mohon maaf, Pak. Saya tahu kita tidak punya biaya. Tapi saya akan sambil bekerja. Jadi marbot masjid, mengajar ngaji anak-anak. Saya tidak betah jika ilmu hanya tersimpan di sini, Pak. Saya ingin bermanfaat.”

Lama Mang Kardi tidak menjawab. Hanya menatap dengan gembira. Api lampu cempor yang mendadak seperti menyala oleh harapan. Matanya menatap tajam.

Kemudian ia berdiri, merangkul pundak Hamdan yang sudah tinggi, kuat oleh cangkul dan pikulan.

“Nak… Bapak bukan Cep Barna.” suaranya bergetar.

“Bapak tidak ingin kamu jadi dokter agar mengembalikan nama. Bapak tidak ingin kamu kaya agar lupa pada akhlak,”

Ia mengusap air mata yang menetes ke pipinya.

“Yang diinginkan Bapak hanya satu: Jadilah orang yang beriman, berilmu, dan berakhlak. Gelar hanyalah nama di kertas. Tapi iman dan akhlak, itulah yang akan menolongmu di dunia dan di akhirat.”

Hamdan memeluk Mang Kardi. “Pak, terima kasih…”

Esoknya, Mang Kardi menjual sepasang domba dan uang yang terbilang banyak. Katanya hasil domba tidak cukup untuk biaya kuliah, tapi cukup untuk ongkos dan bekal seminggu.

“Bawa, Nak. Di kota banyak orang baik. Mintalah, berusaha, bertawakkal.”

Sejenak Hamdan terdiam kaget, mengapa Mang Kardi punya banyak uang. Tapi pikiran itu hanya sebentar karena Mang Kardi segera meyakinkan agar tidak memikirkan biaya untuk mondok dan kuliah.

Seminggu kemudian, Hamdan berangkat ke Cianjur. Membawa kardus berisi baju, kitab, dan sajadah butut yang dulu disimpan di tajug.

Singkat cerita, Hamdan diterima di sebuah pesantren modern di Cianjur. Siang kuliah, malam mengajar ngaji, subuh jadi muadzin. Meskipun sibuk tapi wajahnya berseri. Ilmu masuk ke dada, sabar masuk ke hati.

Jika mengobrol sambil bercanda, mereka bertanya, “Hamdan, cita-citamu apa?”

Hamdan berdiri, suaranya jelas: “Ingin jadi guru, ingin memuliakan orang yang hina di dunia, tapi mulia di hadapan Allah.”

Sekelas kadang tertawa, tidak ada yang tahu, bahwa santri lusuh dari gubuk itu sedang menebus luka dengan cara memuliakan ilmu.

Di Bandung, Syarifah sedang menghadapi jas kedokteran yang putih. Di Cianjur, Hamdan sedang menghadapi papan tulis dan santri-santri kecil.

Jauh dipisahkan oleh kota, namun ditumbuhkan oleh jalan yang sama: Mencari ridho Allah.

Bersambung ke Bagian ke-6 bagaimana selanjutnya?

Tidak ada komentar

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

LAINNYA
x